Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 24 >> 

1"Upamana, hiji lalaki ngawin hiji awewe tuluy beak kasukaan lantaran pamajikanana nyieun teu pikaresepeun, seug bojona teh dibere surat talak sarta diusir ti imahna.

2Upamakeun eta awewe boga salaki deui ka nu sejen,

3tapi ku nu ieu ge diserahkeun sarta diusir ti imahna dumeh geus beak duriat. Atawa, upamana bae salakina anu pandeuri teh tilar dunya.

4Eta awewe anu pisah ti salakina anu pandeuri teh boh ku sabab diserahkeun, boh ku sabab katilar maot, teu meunang diruju ku salakina anu ti heula, kudu dianggap awewe anu geus ceda. Mun dibalikan deui matak cua ka PANGERAN. Peupeujeuh ulah nyieun kanistaan kawas kitu di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh."

5"Lalaki anu anyar kawin ulah diwajibkeun jadi serdadu atawa tugas-tugas umum lianna, kudu diluginakeun nepi ka sataun, sina ngurus rumah tanggana jeung nyenangkeun pamajikanna.

6Lamun maraneh mere nginjeum naon bae ka batur, ulah nyokot batu panggilingan gandumna keur jadi tandon. Lamun nyokot eta batu, maraneh teh ngarampas parabot tatali hurip eta kulawarga.

7Anu nyulik sasama urang Israil keur pibadegaeun atawa keur jualeun ka pasar, kudu dipaehan, sangkan eta kajahatan ulah aya di Israil.

8Anu katerap panyakit kulit anu banget, kudu enya-enya nurut kana kasauran imam-imam ahli Lewi. Turut sagala katangtuan anu ku Bapa geus dipapatahkeun ka aranjeunna.

9Sing aringet ka Miryam dikumahakeun bareto ku PANGERAN Allah maraneh, keur di tengah jalan basa tas budal ti Mesir.

10Lamun mere nginjeum ka batur sarta tandonna arek ku baju, bajuna ulah dicokot sorangan ka jero imah.

11Dagoan di luar bae nepi ka diserenkeun ku nu bogana sorangan.

12Lamun anu ngagadekeunana teh jalma balangsak, bajuna ulah disimpen nepi ka peuting,

13unggal-unggal pabuburit kudu dianteurkeun ka imahna sina dipake sare. Tangtu manehna nganuhunkeun, sarta maneh oge ku PANGERAN Allah maraneh bakal kamanah.

14Ulah teungteuingeun ka nu miskin jeung balangsak, anu ngadon buburuh ka maraneh, boh eta teh urang Israil boh urang asing anu nyiruruk di kota maraneh.

15Unggal poe memeh surup panonpoe buruhanana kudu dibayar, sabab kacida dipikabutuhna jeung geus kaciptaeun bakal katarima. Mun nepi ka teu dibayar, mana teuing lumengisna ka PANGERAN, sarta maraneh jadi dosa.

16Kolot teu meunang dipaehan ku lantaran kajahatan anakna. Kitu deui anak teu meunang dipaehan ku karana kajahatan kolot. Jalma kudu dipaehan teh ngan ku karana kajahatanana sorangan.

17Ulah ngaleungitkeun hak jalma ngumbara atawa jalma pahatu; ulah nyokot papakean randa keur tandon injeumanana.

18Sing aringet maraneh bareto keur jadi badega di Mesir geuning ku PANGERAN Allah maraneh dijait. Eta sababna nu matak Bapa menta ka maraneh kudu kitu.

19Lamun keur dibuat di lahan sorangan aya ranggeuyan-ranggeuyan anu tinggaleun, ulah diimeutan. Keun bae jang nu keur ngalumbara, jang para pahatu, jang randa-randa, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah ti PANGERAN Allah maraneh.

20(24:20-21) Sanggeus buah jetun jeung buah anggur maneh dipupu sakali, enggeus bae ulah diala deui, keun nu tacan kaala mah keur urang asing, keur para pahatu, keur randa-randa.

21(24:20)

22Ulah paroho maraneh teh kungsi kumawula di Mesir. Eta sababna nu matak Bapa nitah kitu teh."



 <<  Ulangan 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel