Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 25 >> 

1"Upamana, aya dua jelema urang Israil daratang ka pangadilan arek muguhkeun perkarana. Nu saurang diputus teu salah, nu saurang deui diputus salah.

2Lamun anu salah teh kudu dihukum rangket, ku hakim kudu disina nangkuban, tuluy rangket. Lobana pangrangket gumantung kana kajahatan anu dilampahkeunana.

3Tapi teu meunang leuwih ti opat puluh kali. Sabab leuwih ti sakitu mah sarua jeung diwiwirang di hareupeun umum.

4Sapi anu keur dipake ngirik gandum ulah dicalongcongan."

5"Upamana, aya dua jelema adi lanceuk, cicing reureujeungan di lahan sahiji. Nu saurang maot jeung teu ninggalan anak. Urut pamajikanana teu meunang kawin deui salian ti ka lalaki ti kalangan kulawarga eta keneh.

6Dulurna almarhum teh wajib ngawin eta awewe, sarta ana engkena boga anak, cikalna kudu diitung anak almarhum dulurna, supaya silsilah almarhum ulah leungit ti Israil.

7Upama dulur almarhum embungeun ngawin, eta awewe kudu pupulih ka rengrengan kokolot kota, ‘Dulur jenatna pun lanceuk teu sayagi nedunan kawajiban, embungeun masihan turunan ka dulur. Pun lanceuk tangtos moal gaduh turunan di Israil.’

8Lalaki tea ku para kokolot kota kudu disaur terus weweleh. Lamun keukeuh teu daekeun ngawin,

9ku eta awewe kudu disampeurkeun disaksian ku para kokolot kota, pecatkeun tarumpahna, ciduhan beungeutna, bari disebut kieu: ‘Sing dikieukeun jelema anu embung mere turunan ka dulurna sorangan.’

10Saterusna kulawarga eta jelema ku urang Israil kudu disebut ‘kulawarga jalma anu pecat tarumpah’."

11"Upamana, aya dua lalaki garelut. Bojo nu saurang datang mantuan salakina, newak rarangan lawan.

12Eta awewe kudu diteukteuk leungeunna, ulah karunya.

13(25:13-14) Ulah licik kana timbangan jeung takeran.

14(25:13)

15Timbangan kudu jejeg imbangna, takeran kudu jejeg takeranana, sangkan maraneh manjang hirup di tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.

16Jelema curang kagiruk PANGERAN."

17"Sing aringet, kumaha kalakuan bangsa Amalek basa maraneh tas budal ti Mesir.

18Taya pisan ngupamana ka Allah, make narajang tur ti tukangeun, sajeroning maraneh keur kalempohan beakeun tanaga. Bangsa urang anu kataringgaleun lantaran mopo, beak ditumpes.

19Nu matak lamun engke geus araya di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, lamun geus lugina ti musuh-musuh anu di sakurilingeun, kudu ngagempur bangsa Amalek, tumpes kabeh sina ulah kasebut-sebut deui. Kahade paroho!"



 <<  Ulangan 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel