Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 31 >> 

1Musa neruskeun sasauranana ka urang Israil.

2Kieu, "Umur Bapa geus saratus dua puluh taun, moal bisa terus ngasuh ka maraneh. Jeung ongkoh dawuhan PANGERAN oge Bapa mah moal nepi ka milu meuntasan Walungan Yordan.

3PANGERAN Allah maraneh engke bakal miheulaan ka ditu, ngabasmi bangsa-bangsa eta tanah, supaya tanahna bisa dicicingan ku maraneh. Pamingpin maraneh engke teh Yosua, sakumaha anu geus diandikakeun ku PANGERAN.

4PANGERAN baris ngabinasakeun eta bangsa-bangsa, saperti Mantenna ngelehkeun Sihon jeung Og raja urang Emor tea sarta ngabasmi nagrina.

5Maraneh ku PANGERAN baris diunggulkeun ngelehkeun maranehna, sarta ku maraneh kudu dijieun sakumaha anu ku Bapa geus diomongkeun.

6Sing galede hate, sing warani! Ulah sieun ku maranehna, sabab PANGERAN Allah maraneh ku manten anu baris nulungan ka maraneh. Mantenna moal nguciwakeun maraneh, sarta moal nilarkeun."

7Geus kitu Musa nyaur Yosua. Tuluy kieu lahiranana ka Yosua di hareupeun sakumna bangsa Israil, "Hidep masing gede hate, masing wani, Yosua! Nya hidep anu baris mingpin ieu bangsa pikeun nempatan nagri anu ku PANGERAN dijangjikeun ka karuhun maranehna.

8PANGERAN ku manten anu baris nuyun jeung nulungan ka hidep. Mantenna moal nguciwakeun hidep, sarta moal ngantunkeun. Ku sabab kitu ulah sieun, ulah salempang."

9Geus kitu saungel Hukum Allah teh ku Musa diseratkeun, tuluy dipasrahkeun ka imam-imam Lewi anu ngurus Peti Perjangjian PANGERAN, jeung ka para kokolot Israil.

10Lahiranana, "Unggal-unggal tutup tujuh taun, dina taun mupus hutang, waktu Pesta Saung, ieu hukum-hukum kudu dibaca sing bedas.

11Bacakeun ka urang Israil anu daratang babakti ka PANGERAN Allah maraneh di tempat parantina.

12Jalma-jalma, lalaki, awewe, barudak, kitu deui nu sejenna anu marilu ngancik di maraneh kumpulkeun, sina ngabarandungan, sangkan dialajar sieun ku PANGERAN Allah maraneh, dialajar nurut kana sagala pikukuh Mantenna.

13Ku jalan kitu anak incuna oge anu tacan ngadarenge ungelna Hukum PANGERAN Allah maraneh, jadi marilu ngadenge, supaya enggoning ngarancik di tanah peuntaseun Walungan Yordan teh maranehna oge dialajar sieun ku Mantenna."

14Geus kitu PANGERAN ngandika ka Musa, "Umur maneh moal lila deui. Calukan Yosua, bawa marek ka Kemah Tepangan, Kami rek paparentah ka manehna." Bral Musa angkat jeung Yosua ka eta Kemah.

15Breh PANGERAN nembongan dina tihang mega anu nanjeur lebah panto Kemah Tepangan.

16Lajeng ngandika ka Musa, "Maneh geus tereh maot. Sanggeus maneh euweuh, bangsa Israil moal satia deui ka Kami, sarta alingkar tina perjangjian anu dijieun ku Kami jeung maranehna. Maranehna bakal naringgalkeun Kami, nyarembah ka allah-allah anu disarembah di nagri anu moal lila deui baris diasupan ku maranehna.

17Geus tangtu Kami bendu. Ku Kami rek ditinggalkeun, rek dibasmi, ditarajang ku rupa-rupa kacilakaan. Sina kararasaeun yen cilakana teh ku lantaran Kami, Allah maranehna, geus henteu nyarengan ka maranehna.

18Moal ditulungan, lantaran kalakuanana doraka jeung ngabarakti ka allah-allah sejen.

19Ieu aya lagu, catet, ajarkeun ka sakumna bangsa Israil. Ieu lagu pikeun jadi saksi perkara kalakuan maranehna.

20Sabab ana maranehna geus didatangkeun ka eta tanah anu gemah raharja sakumaha ikrar Kami ka karuhunna, ana geus sarenang cukup sagala dahareun, tangtu malurtad, ngabarakti ka allah-allah sejen, Kami mah tangtu dipiceun, perjangjian Kami ditaringgalkeun.

21Ku Kami rek dicilakakeun. Ieu lagu bakal aya anu ngawihkeun, jadi pangweweleh kana kalakuan maranehna. Ti ayeuna keneh ge, samemeh didatangkeun ka eta tempat ajangna, kaayaan hatena kitu ku Kami geus kauninga."

22Seug eta lagu teh ku Musa diseratkeun poe eta keneh, tuluy diajarkeun ka urang Israil.

23Geus kitu PANGERAN ngandika ka Yosua putra Nun. Pangandika-Na, "Maneh masing gede hate, masing wani. Maneh kudu ngapalaan urang Israil ka tanah anu ku Kami geus diikrarkeun jang maranehna. Maneh tangtu ku Kami disarengan."

24Hukum Allah tea ku Musa diseratkeun dina hiji kitab, teu aya anu kaliwat.

25Sanggeus beres nyeratkeunana, Musa ngalahir ka para imam anak putu Lewi anu ngajaraga Peti Perjangjian PANGERAN, lahiranana,

26"Tarima ieu kitab Hukum Allah, simpen deukeut Peti Perjangjian PANGERAN Allah maraneh, sina jadi saksi perkara kalakuan umat Mantenna.

27Ku Bapa geus kanyahoan, eta jelema-jelema teh kacida bantahanana, tukang ngalawan. Cacak diasuh keneh ku Bapa ge gawena ngan ngalawan bae ka PANGERAN, komo engke lamun Bapa geus teu aya, tangtu leuwih mantangul.

28Ayeuna kumpulkeun para kokolot jeung kokojo-kokojo kaom-kaom maraneh, ieu hal ku Bapa rek dicaritakeun ka maranehna, kalawan menta saksi langit jeung bumi.

29Sabab geus kawangwang ti ayeuna yen lamun Bapa geus teu aya, tangtu kalakuanana teh doraka, sagala perkara anu ku Bapa geus dipapatahkeun teh moal diparake, bakal ngararempak larangan PANGERAN, nyieun pibendueun Mantenna, tangtu cilaka."

30Geus kitu Musa ngucapkeun ungelna eta lagu pupujian, dibarandungan ku sakumna urang Israil.



 <<  Ulangan 31 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel