Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 19 >> 

1Geus kitu kaula ngadenge sora ngageder di sawarga, kawas gederna sora mangpirang-pirang jelema, nyarebut, "Puji Allah! Kasalametan, kamulyaan, jeung kakawasaan, kagungan Allah urang!

2Putusan Mantenna adil jeung jujur. Mantenna geus ngahukum palacur anu ngaruksak dunya ku lampah mesumna. Manehna ku Allah geus dihukum, sabab geus maehan abdi-abdi-Na."

3Maranehna ngageder deui, "Puji Allah! Eta kota geus dihuru, haseupna meledug salalanggengna!"

4Dua puluh opat sesepuh jeung opat mahluk tea tuluy sarujud, ngabakti ka Allah nu linggih dina tahta, sarta nyarebut, "Amin! Puji Allah!"

5Geus kitu tina tahta bijil soara, ungelna, "Sanggakeun puji ka Allah urang, he sakabeh abdi-Na, sakabeh umat-Na, sakur anu sumujud ka Mantenna gede leutik!"

6Kaula ngadenge deui sora ngageder, sada gederna jelema mangpirang-pirang, ngaguruh sada curug, ngagulugur sada guludug. Kaula ngadenge maranehna nyarebut, "Puji Allah! Sabab Pangeran Allah urang Nu Maha Kawasa teh Raja!

7Hayu urang suka-suka, urang muji kaagungan Mantenna! Sabab ayeuna anu ngagem jujuluk Anak Domba baris nikah, panganten istrina geus tarapti,

8geus dianggoanan raksukan linen anu nyacas beresih gugurilapan." (Harti lawon linen: lampah hade umat Allah.)

9Malaikat tea sasauran ka kaula, "Tulis: Bagja nu diondang kana pesta nikahna nu ngagem jujuluk Anak Domba." Saurna deui, "Kitu dawuhan Allah, dawuhan sayaktina."

10Kaula deku seja nyembah ka anjeunna. Tapi saurna, "Ulah kitu! Kaula ge ngabdi saperti andika, saperti dulur-dulur andika jeung sakur nu nyarekel kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus. Nyembah mah kudu ka Allah!" Ari kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus teh jadi sumberna ilham nabi-nabi.

11Geus kitu katingal sawarga muka, breh aya hiji kuda bodas. Jenengan anu tunggangna Sang Satia jeung Sang Saestu, adil dina mutus perkara, adil dina jurit.

12Soca-Na moncorong lir seuneu hurung, mastaka-Na nganggo makuta rea. Dina salira-Na aya tulisan hiji jenengan. Ngan Anjeunna bae anu uninga kana eta jenengan teh.

13Panganggo-Na beunang nyelep ku getih. Jenengan Anjeunna "Sabda Allah".

14Anjeunna diiring ku angkatan perang sawarga anu tarumpak kuda bodas sarta dangdananana tina lawon linen bodas nyacas beresih.

15Tina baham-Na bijil pedang seukeut, pikeun ngelehkeun bangsa-bangsa, sarta bangsa-bangsa teh ku Anjeunna bakal diparentah ku iteuk beusi. Anjeunna bakal ngaluluh anggur dina bak pameresan bebendu Allah Nu Maha Kawasa.

16Dina jubah jeung paha-Na aya tulisan hiji gelaran, ungelna: "Rajana para raja, Gustina para gusti".

17Ti dinya kaula nenjo hiji malaikat nangtung dina panonpoe, cumeluk handaruan nyalukan manuk-manuk anu keur haliber di satengahing awang-awang,

18"Ka darieu, kumpul kana pesta gede anu diadegkeun ku Allah. Hakanan ieu daging raja-raja, daging jendral-jendral, daging serdadu-serdadu, daging kuda jeung nu tarumpakna, daging sakabeh jelema, nu gede, nu leutik nu jadi abid jeung nu merdeka!"

19Geus kitu sato tea jeung raja-raja saalam dunya katut angkatan perangna tembong, geus ngahiji sakait rek merangan anu tunggang kuda jeung angkatan perang-Na.

20Tapi eta sato kacerek jeung nabi palsuna anu sok nyieun mujijat di hareupeun eta sato. (Mujijat-mujijatna ku eta sato dipake nyasarkeun jelema-jelema anu marake tanda manehna jeung nu nyarembah kana arcana.) Eta sato jeung nabi palsuna digebruskeun hirup-hirup kana lautan seuneu walirang anu hurung ngagegedur.

21Angkatan perangna beak paraeh disabetan ku pedang anu bijil tina baham nu tunggang kuda bodas tea, sarta sakabeh manuk ngaharakanan bangke-bangkena mani rarewog.



 <<  Wahyu 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel