Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yakobus 1 >> 

1Sim kuring Yakobus, abdi Allah, abdi Gusti Yesus Kristus. Hatur salamet ka sakumna umat Allah anu sumebar di saalam dunya.

2Dulur-dulur, upama aranjeun meunang rupa-rupa gogoda, anggap eta saperti meunang rahmat bae,

3sabab aranjeun tarerang, yen lamun aranjeun tetep palercaya ka Gusti dina sajeroning nandangan cocoba, aranjeun bakal leuwih tabah sarta mantep dina iman.

4Sing tetep mantepna, ulah boboleh teu payaan, supaya jadi jelema pasagi dina sagala hal taya kakuranganana.

5Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih.

6Ngan nyuhunkeunana kudu jeung percaya, ulah mangmang. Sabab anu mangmang mah saibarat ombak laut beunang disurung diombang-ambing ku angin.

7(1:7-8) Jelema kitu hatena midua bae, sikepna taya katangtuanana, jadi ulah ngarepkeun meunang naon-naon ti Pangeran.

8(1:7)

9Urang Kristen anu miskin kudu muji sukur lamun ku Pangeran dikersakeun menyat.

10Urang Kristen anu beunghar kudu muji sukur lamun ku Pangeran dikersakeun nyirorot. Sabab nu beunghar teh bakal euweuh cara kembang jukut.

11Sabab nu beunghar teh bisa tijuralit dina usahana, saibarat jukut keur kembangan di tegal kasorot ku panasna panonpoe, ngadadak perang, kembangna murudul, leungit kaendahanana.

12Salamet jelema anu tabah ku gogoda, sabab sanggeusna tamat nahan eta gogoda, manehna bakal nampa ganjaran nya eta hirup anu sajati sakumaha jangji Allah ka sakur anu nyaah ka Mantenna.

13Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, "Ieu cocoba teh ti Allah." Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.

14Jalma beunang kagoda teh lantaran kapincut ku napsuna sorangan.

15Hawa napsu anu dijujur ngabalukarkeun dosa; lamun dosa geus meujeuhna gedena, bakal ngabalukarkeun maot.

16Aranjeun ulah nepi ka katipu, dulur-dulur nu kaasih!

17Anu ti sawarga mah kabeh oge kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah anu ngayakeun caang di langit, Allah nu teu owah gingsir, sarta lain anu jadi lantaran poek kana naon bae.

18Ku pangersa-Na ku manten Allah ngagelarkeun urang ku sabda-Na anu sayakti, supaya ti antara sakabeh mahluk dadamelana-Na urang meunang tempat anu pangutamana.

19Dulur-dulur, sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita, jeung ulah gancang ambek.

20Kaambek teh henteu sapuk jeung pangersa Allah.

21Ku sabab kitu, piceun sagala kabiasaan anu kotor jeung jahat. Sing pasrah ka Allah, tarima pangandika-Na anu dipelak dina hate aranjeun, sabab eta teh bisa nyalametkeun aranjeun.

22Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun, supaya ulah disebut nipu diri sorangan.

23Anu ngadenge kana pangandika-Na tapi henteu jeung ngalampahkeunana, eta ibarat anu nilik maneh dina eunteung,

24geus nilik maneh mah indit, les poho kana rupa sorangan.

25Sabalikna anu nengetkeun hukum anu sampurna, anu bakal nyalametkeun diri tina kajahatan, tur lain ngan semet ngadengekeun, tapi reujeung prakna ngalampahkeun, lampah kitu bakal diberkahan ku Allah.

26Jelema anu carekna ibadah tapi henteu nyandet letahna, ibadahna teh cumah bae, sarua jeung ngabobodo maneh.

27Ibadah anu beresih, anu taya kuciwana di payuneun Allah, nya eta anu rumawat ka nu yatim pahatu, sarta mitulung ka randa nu kasusahan, jeung nyandet diri malar henteu kagendam ku pangajak napsu dunya.



 <<  Yakobus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel