Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 22 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula.

2Timbalana-Na, "Eh anak manusa, maneh daek ngahukum eta kota anu pinuh ku tukang maehan? Eceskeun ka dinya sagala kalakuanana anu pikageuleuheun.

3Bejakeun kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Ku sabab maneh maehan rahayat sorangan sakitu lobana, sarta nganistakeun diri nyembah ka brahala, pitungtungeun maneh geus deukeut.

4Ku lantaran maneh boga salah maehan jeung nganistakeun diri ku brahala jieunan sorangan, poe panungtungan maneh geus deukeut, hirup maneh tereh enggeusan. Eta sababna maneh ku Kami diantep diparoyok ku bangsa-bangsa, dijarebian ku unggal nagri.

5Nagara-nagara anu dareukeut anu jarauh tingjarebi ka maneh, lantaran maneh nirca tina hukum.

6Gegeden-gegeden Israil arumangkeuh ku kakawasaanana, sarta gawena maehan.

7Jalma-jalma pangeusi nagri taya saurang nu hormat ka indung bapa. Urang asing ku maneh dihianat. Randa-randa jeung pahatu bandana ku maneh direbut.

8Maneh teu ngahargaan kana tempat-tempat suci, teu gumati kana Sabat.

9Rahayat maneh loba nu silih pitenah ngarah batur paeh. Sawareh ngadalahar kurban anu disuguhkeun ka brahala-brahala. Sawareh haben karokomoan ngalumbar napsu.

10Sawareh ngaheesan pamajikan bapana. Sawareh maraksa ka awewe nu keur haid.

11Sawareh jarinah, sawareh ngaruksak kasucian anak terena atawa dulur terena.

12Sawareh daraek diupah dititah maehan. Sawareh silih akalan jeung papada urang Israil keneh, silih sikut bati leuwih ti misti, nepi ka loba anu baleunghar ku jalan kitu. Geus maropohokeun ka Kami." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

13"Ieu peureup Kami baris ninggang ka maneh nu sok rarampog jeung maehan.

14Naha rek boga keneh kawani, rek boga keneh tanaga ngulangkeun leungeun lamun ku Kami diberesan? Kitu timbalan Kami PANGERAN, tur tangtu dibuktikeun.

15Rahayat maneh rek sina paburantak, papencar ka saban nagri jeung bangsa, sarta kalakuan maneh anu jahat baris dieureunkeun ku Kami.

16Ku sabab eta maneh bakal dihina ku bangsa-bangsa, sarta maneh bakal nyaho yen Kami teh PANGERAN."

17PANGERAN nimbalan ka kaula,

18"Eh anak manusa, urang Israil keur Kami taya gunana, teu beda ti kokotor logam, kayaning tambaga, timah, beusi, timah hideung, anu tinggaleun sanggeus perakna disangling dina pangleburan.

19Ku sabab eta ceuk Kami, maranehna teu beda ti kitu, taya gunana. Ku Kami rek dikumpulkeun di Yerusalem,

20cara ngagundukkeun wiji-wiji perak, tambaga, beusi, timah jeung timah hideung dina pangleburan. Maranehna baris lebur ku amarah jeung wera Kami, cara wiji perak lebur ku seuneu.

21Tangtu ku Kami dikumpulkeun di Yerusalem, ti handap digebos ku seuneu, sina lebur ku amarah Kami.

22Pasti, pasti maranehna lebur di Yerusalem, kawas perak dilebur dina pangleburan, kakara maranehna bakal nyaraho kana werana PANGERAN."

23PANGERAN ngandika deui ka kaula.

24Pangandika-Na, "Eh anak manusa, bejakeun ka urang Israil, tanah maranehna teh tanah najis. Ku lantaran kitu amarah Kami baris ngahukum ka dinya.

25Gegeden-gegedenna kawas singa guar-gaur nyasaak sato nu dimangsana. Rahayat ku eta diparaehan, duit jeung babandaanana sakur nu bisa dirampas mah dirampas kabeh, awewe jaradi randa, lantaran salakina diparaehan.

26Imam-imamna ngarempak hukum-hukum Kami, tur teu ngajenan kana barang-barang suci. Geus teu ngabedakeun mana nu suci mana nu biasa. Henteu ngajarkeun bedana barang halal jeung barang haram, kana Sabat ngalalaworakeun. Temahna jalma-jalma jadi taya hormatna ka Kami.

27Pajabat-pajabat pamarentahna kawas ajag nyasaak sato mamangsanna, maehan teu asa-asa dapon matak beunghar.

28Ari ku nabi-nabina eta dosa-dosa teh dikilungan, kawas tembok dikapur. Tetenjoan-tetenjoan pamelengna paralsu, ramalanana taya benerna. Aku-akuna mah magar ngucapkeun sabda PANGERAN Nu Maha Agung, padahal Kami, PANGERAN, teu nyabda ka maranehna.

29Nu hianat jeung nu rarampog nerekab. Nu balangsak diteungteuinganan, urang asing bandana dirampas.

30Kami keur neangan jelema anu pibisaeun ngadegkeun, atawa anu baris bisa tagen di lebah kuta anu geus rugrug, ngabela eta tanah dina waktuna amarah Kami rek ngarempug inya, tapi teu manggih saurang-urang acan.

31Anu matak Kami rek ngabudalkeun amarah lir ngumbar seuneu, geusan ngabasmi maranehna ku tina kalakuan-kalakuanana." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.



 <<  Yehezkiel 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel