Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 36 >> 

1PANGERAN nimbalan, "Eh anak manusa, caritakeun ka gunung-gunung di Israil, jeung sina didarengekeun ieu pesen ti Kami,

2PANGERAN Nu Maha Agung pikeun maranehna. Musuh-musuh Israil ngaromong bangun puas, carekna, ‘Eta gunung-gunung purbakala teh geus kapimilik ku urang!’

3Ku sabab kitu maneh kudu ngaramal, sarta umumkeun ieu anu rek didawuhkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Waktu bangsa-bangsa tatangga nempuh jeung ngarampog gunung-gunung di Israil, unggal jalma moyok ka Israil.

4Ku sabab kitu ayeuna dengekeun anu rek diucapkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ka maraneh, gunung-gunung jeung pasir-pasir, anak-anak walungan jeung lebak-lebak, tempat-tempat anu geus runtuh jeung suwung, kota-kota anu geus ditaringgalkeun ku pangeusina sarta dirampog jeung dihina ku bangsa-bangsa sakurilingna.

5Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngarasa ambek jeung ngancam ka eta bangsa-bangsa sakurilingna, pangpangna ka Edom. Bari atoh jeung nganggap enteng maranehanana ngarebut tanah Kami, jeung ngarampas sampalan-sampalanana.

6Maneh kudu ngaramalkeun tanah Israil. Bejakeun ka gunung-gunung, ka pasir-pasir, ka anak-anak walungan jeung ka lebak-lebak, ieu ucap Kami anu rek diucapkeun reujeung amarah ka bangsa-bangsa anu ngahina jeung ngasorkeun ka maranehanana.

7Kami, PANGERAN Nu Maha Agung sumpah, eta bangsa-bangsa sakurilingeunana teh ku Kami rek dihinakeun.

8Sabalikna di gunung-gunung tanah Israil mah tatangkalan bakal daraunan deui sarta baruahan, pikeun maneh umat Kami, eh Israil. Maneh bakal tereh mulang deui.

9Kami baris ngaping, tur mere kapastian yen tanah maneh bakal diwuluku deui, disebaran deui binih.

10Jalma-jalma pangeusi maneh rek disina loba. Maneh bakal nyicingan deui kota-kota, anu raruksak bakal diadeg-adegkeun deui.

11Jalma katut ingon-ingonna rek dijembarkeun, sina leuwih loba batan ti heula sarta sina laloba anak. Sina sarenang hirupna di dinya cara baheula, jeung sina leuwih makmur ti batan nu enggeus-enggeus. Geus kitu maranehanana bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.

12Eh Israil umat Kami, maraneh rek dibawa balik, rek dipulangkeun ku Kami ka tanah sorangan. Eta tanah pikeun maraneh, anak-anak maraneh moal disina paraeh kalaparan deui.

13Kieu dawuhan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Bener eta tanah teh ku warga-wargana disarebut tukang ngakan jelema, tukang ngarampogan anak-anak wargana.

14Tapi ti semet ayeuna moal deui jadi tukang ngakan jelema, moal deui ngarampogan anak-anak maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

15Eta tanah moal deui ngadenge pamoyok bangsa-bangsa, moal deui pada ngahina. Moal deui ngarampogan anak warga-wargana, kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."

16PANGERAN nimbalan ka kaula.

17"Eh anak manusa," timbalana-Na, "keur basa urang Israil maratuh di tanahna keneh geus ngarurujit eta tanah ku cara-cara hirup jeung kalakuanana. Adat kalakuanana kitu ku Kami dianggap sarua kotorna jeung awewe anu keur haid.

18Tanah teh jadi rujit ku kabiasaan maranehanana maehan jeung ku brahala-brahalana. Anu matak maranehanana ku Kami disina ngasaan amarah Kami.

19Dihukum ku tina cara-cara hirup jeung kalakuanana, seug dipabalencarkeun ka nagara-nagara asing.

20Tapi ka mana bae daratangna ngan matak goreng bae kana jenengan Kami anu suci, lantaran ceuk anu lian, ‘Ieu jelema-jelema teh ongkoh umat Allah, tapi nepi ka naringgalkeun tanah pamere Allahna sorangan.’

21Kami prihatin lantaran jenengan Kami anu suci, dinistakeun ku urang Israil ka mana bae maranehna daratang.

22Ku sabab eta bejakeun ka urang Israil ieu pesen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Kami rek midamel kitu teh lain ku sabab karunya-karunya teuing ka maraneh, eh bangsa Israil, tapi ku sabab jenengan Kami anu suci dinistakeun ku maraneh di unggal nagri anu ku maraneh didatangan.

23Engke, lamun Kami geus nembongkeun kasucian jenengan Kami anu agung ka bangsa-bangsa — jenengan anu ku maraneh geus dinistakeun di tengah jalma lian — eta bangsa-bangsa teh kakara bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Maraneh ku Kami rek dipake nembongkeun ka bangsa-bangsa, yen Kami teh suci.

24Maraneh rek dicokot ti unggal bangsa jeung ti saban nagri, rek dibawa mulang ka tanah sorangan.

25Rek dibanjuran ku Kami ku cai anu herang, sangkan beresih tina brahala-brahala jeung tina sagala rupa rereged anu narapel.

26Hirup maraneh baris dianyarkeun, pikiran oge rek dianyarkeun. Adat maraneh anu wangkelang, anu teuas kawas batu, baris diganti ku adat anu nurut.

27Batin maraneh baris dieusian Roh Kami, sarta ku karana eta maraneh jadi narurut kana hukum-hukum Kami, ngalampahkeun sagala parentah Kami.

28Geus kitu maraneh baris maratuh di tanah anu ku Kami geus dipaparinkeun ka karuhun maraneh. Maraneh baris jadi umat Kami, sarta Kami baris jadi Allah maraneh.

29Maraneh rek dijaga tina sagala hal anu matak najis kana diri. Ku parentah Kami, pelak gandum baris mucekil hasilna, nepi ka moal nyorang deui kalaparan.

30Tangkal bubuahan bakal laleubeut buahna, kitu deui hasil lahan, nepi ka maraneh moal dihina deui ku bangsa-bangsa lantaran kalaparan.

31Maraneh bakal kaseuit-seuit ku kajahatan jeung kadorakaan sorangan, nepi ka lamun aringet kana eta dosa jeung kadorakaan, maraneh jadi cua ka diri sorangan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

32Eh Israil, Kami hayang sangkan maneh nyaho, yen Kami migawe eta kabeh teh lain ku karana maneh. Anu dipalar ku Kami sangkan maneh ngarasa era jeung hina ku kalakuan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."

33Dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, "Lamun maraneh ku Kami geus diberesihkeun tina sagala dosa, rek dipatuhkeun deui di kota-kota, aromean eta anu geus raruksak teh.

34Sakur anu bareto sok laliwat ka lahan-lahan maraneh, nyarahona eta teh kacida balana mani kawas leuweung; pek arolah deui eusian ku pepelakan.

35Bakal tembong ka sarerea eta tanah anu tadina jiga leuweung teh engke mah mani jiga Taman Pirdus. Kota-kotana anu tadina burak-barik urut ngaranjah batur nepi ka jadi ruruntuhan, engke mah dicaricingan deui turug-turug jadi kacida gegekna.

36Bangsa-bangsa anu darareukeut, anu araya keneh, bakal nyarahoeun yen eta kota-kota anu geus rarubuh teh geus diadegkeun deui ku Kami, PANGERAN, sarta lahan-lahan anu geus gararing jadi euyeuh deui ku pepelakan. Kitu jangji Kami, PANGERAN, tangtu dijalankeun."

37Dawuhan PANGERAN Nu Maha Agung, "Kami baris ngersakeun urang Israil sina marenta deui pitulung ka Kami, sarta bilangan maranehna sina tambah-tambah ngalobaan kawas domba.

38Kota-kota anu ayeuna masih keneh pasolengkrah, bakal gegek deui ku pangeusi, kawas Yerusalem bareto loba dombana kurbankeuneun dina pesta. Geus kitu maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN."



 <<  Yehezkiel 36 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel