Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 18 >> 

1Di hiji tanah peuntaseun walungan-walungan di Sudan, aya sora jangjang tinghariyeng.

2Duta-duta ti eta tanah tarurun ka Walungan Nil tarumpak parahu wawalinian. Eh para utusan anu rarikat, baralik deui ka ditu! Bawa ieu beja ka tanah maraneh anu kuat jeung kawasa, anu awakna jarangkung jeung kulitna lalemes, anu dipikasieun ku sakuliah jagat.

3Eh anu ngarancik di bumi, darengekeun! Lamun aya bandera ciciren nanjeur di puncak-puncak gunung, awaskeun! Lamun aya sada tarompet, dengekeun!

4PANGERAN ngandika ka kaula, kieu, "Kami arek nempo rerencepan ti sawarga, lir ibun peuting wanci panas usum dibuat, lir srangenge ngagebray wanci moreret.

5Memeh buah anggur dipupu, lamun kembangna geus maruragan sarta anggurna mimiti arasak, Sudan rek digempur reujeung gampang, teu beda ti ngeureut ranggeuyan anggur ku peso tina areuyna.

6Bangke serdadu-serdaduna bakal diantep patulayah, sina diharakan ku manuk bangke jeung ku sato galak. Dina usum panas jadi parab manuk, dina usum tiris jadi parab sasatoan."

7Bakal datang jamanna PANGERAN kersa nampi pangbakti ti ieu tanah anu diliwatan ku walungan-walungan, ti bangsa anu nya kuat nya gede kawasana, anu awakna jarangkung sarta kulitna lalemes, anu dipikasieun ku saalam dunya. Maranehna bakal daratang ka Gunung Sion, tempat ngabakti ka Allah Nu Maha Kawasa.



 <<  Yesaya 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel