Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yesaya 32 >> 

1Engke bakal aya hiji raja anu ngarajaanana satuhuna, jeung bakal aya pamingpin-pamingpin bangsa anu marentahna adil.

2Aranjeunna ibarat tempat nyalindung ari keur hujan jeung angin, ibarat kokocoran cai di tanah keri, ibarat batu gede di tengah tegal garing pikeun ngiuhan.

3Panon jeung ceulina maruka kana kasusah-kasusah rahayat.

4Marentahna lain ku sentak jeung haok. Asak sasar, ana nyarita dipikir heula.

5Anu burung ku aranjeunna moal disebut luhung, anu baragajul moal disebut jelema jujur.

6Anu burung, omonganana ngacapruk, eusi hatena ge goreng. Lampah jeung ucapna ngagogoreng ka PANGERAN, jeung cadu mere dahar ka nu lapar mere cai ka nu hanaang.

7Nu gejul, adat jeung lampahna goreng, karepna ngan ngarah jeung macikeuh ka nu eukeur kasangsara, megatan hak jalma malarat.

8Sabalikna nu berbudi mah lampahna satuhu, teguh dina perkara nu bener.

9Eh awewe-awewe anu keur garenah hirup, anu taya kasalempang, dengekeun ieu omongan.

10Maraneh ayeuna keur garenah, tapi taun hareup mah bakal rarumahuh. Sabab moal aya anggur alaeun.

11Hirup maraneh ayeuna gampang, taya kahariwang. Engke malah bakal pinuh ku kasieun! Geura ganti pakean ku karung.

12Teunggeulan harigu, tembongkeun ulat susah. Sabab tanah lendo jeung kebon-kebon anggur geus lebur,

13sakuliahna geus pinuh ku rungkun cucuk jeung jukut cucuk. Geura ceungceurikan imah paranti maraneh senang-senang. Geura ceungceurikan kota tempat maraneh suka-suka.

14Karaton ge bakal sepi, ibu kota bakal jempling. Puri-puri jeung munara-munara anu ngawal maranehna bakal rata jeung taneuh, jadi tempat liar kalde alas, tempat nyaratuan domba.

15Tapi Allah bakal maparin deui sumanget ka urang. Tanah anu geus kalantar teh bakal lendo deui, lahan-lahan bakal pinuh deui ku pepelakan.

16Di sakuliah tanah, di mana-mana pinuh ku perkara anu bener jeung adil.

17Ku lantaran unggal jalma lampahna bener, tanah teh bakal aman santosa sapapanjangna.

18Umat Allah bakal bebas tina kasalempang, rumah tanggana bakal repeh-rapih reugreug pageuh.

19(Tapi leuweung-leuweung bakal katinggang ku hujan es, sarta kota bakal ruksak.)

20Unggal jelema bakal ngarasa bagja, pepelakanana sugih ku cai, loba sampalan pikeun kalde jeung sapi, tur aman.



 <<  Yesaya 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel