Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yohanes 5 >> 

1Sanggeus eta, Yesus angkat ka Yerusalem, sabab di ditu aya pesta kaagamaan.

2Di Yerusalem, deukeut "Gapura Domba" aya hiji kulah anu ngaranna dina basa Ibrani Betesda. Eta kulah make lima tepas,

3unggal tepasna pinuh ku nu garering keur ngaredeng, nu lolong, nu deog, jeung nu lumpuh, [keur ngadarago obahna cai eta kulah.

4Sabab sakapeung sok aya malaikat Pangeran lungsur ka eta kulah ngobah-ngobah caina; lamun geus kitu, anu pangheulana ancrub kana eta kulah, gering naon bae oge tangtu cageur.]

5Di dinya aya hiji jelema anu geringna geus tilu puluh dalapan taun;

6katingalieun ku Yesus keur ngedeng ngagoler jeung kauninga yen geringna geus sakitu lilana. Tuluy dipariksa, "Maneh hayang cageur?"

7Walonna, "Sumuhun, Juragan! Mung upami cai kulah obah, abdi teu aya anu ngabantuan ngancrubkeun, nembe oge nyobi-nyobi parantos kapiheulaan ku nu sanes."

8Pilahir Yesus, "Heug, geura nangtung, samakna pulung, tuluy leumpang."

9Sapada harita eta jelema ngadadak cageur, jung nangtung, samakna dipulung, tuluy mimiti leumpang. Harita kajadianana teh dina poe Sabat,

10ku sabab kitu gegeden-gegeden Yahudi ngomong kieu ka eta jelema anu kakara dicageurkeun, "Ayeuna poe Sabat! Eta maneh mawa samak, ngarempak Hukum Agama."

11Walonna, "Abdi mah dipiwarang ku anu nyageurkeun, saur-Na geura nangtung, samakna bawa tuluy leumpang."

12"Saha anu nitahna?" para gegeden mariksakeun.

13Tapi eta jelema nu anyar cageur teh teu wawuheun ka Yesus, turug-turug Yesus kahalangan ku nu loba sarta tuluy angkat ti eta tempat.

14Sanggeus kitu Yesus papendak deui jeung manehna di Bait Allah. "Kieu dengekeun," saur-Na ka manehna, "maneh ayeuna geus cageur. Ulah nyieun deui dosa, bisi matak leuwih cilaka."

15Eta jelema tuluy bebeja ka para gegeden Yahudi, yen anu nyageurkeun manehna teh Yesus.

16Ku sabab kitu Yesus ku para gegeden teh mimiti disusahkeun lantaran nyageurkeun dina poe Sabat.

17Tapi pilahir Yesus, "Rama Kaula teu kendat barangdamel nepi ka ayeuna, Kaula oge kudu kitu."

18Diwaler kitu maranehna beuki geregeteun, beuki harayangeun maehan ka Anjeunna, sabab ceuk maranehna Anjeunna teh lain ngan ngalanggar hukum Sabat, tapi katambah ku ngangkenkeun anjeun sarua jeung Allah dumeh saur-Na Allah teh Rama-Na.

19Yesus ngalahir deui, "Kaula rek ngabejakeun hal anu saenyana: Ari Putra mah moal bisa kua-kieu karep-Na sorangan. Anu dipilampah ku Putra teh anu ku Anjeunna katembong dipidamel ku Rama. Rama midamel kitu, Putra oge milampah kitu.

20Ku sabab Rama teh mikaasih ka Putra, sagala rupa padamelana-Na teh dipintonkeun ka Putra-Na. Malah Mantenna bakal mintonkeun anu leuwih ajaib deui, nepi ka aranjeun ngarasa helok.

21Sakumaha Rama ngahudangkeun nu paraeh sina harirup deui, Putra Manusa oge bakal ngahirupkeun saha bae anu dikersakeuna-Na.

22Rama ku manten moal ngahukum ka saha-saha, sabab hak ngahukum sagemblengna geus diserenkeun ka Putra,

23supaya jalma-jalma kabeh ajrih ka Putra sakumaha ka Rama. Anu henteu ngajenan ka Putra henteu ngajenan ka Rama anu ngutus-Na.

24Kaula ngomong saenyana: Sing saha anu ngaregepkeun omongan Kaula jeung percaya ka anu ngutus Kaula, tinangtu hirup langgeng, moal dihukum, malah ucul tina paeh sarta asup kana hirup.

25Sing percaya lamun ceuk Kaula bakal aya mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Putra Allah. Eta mangsa ayeuna oge geus mimiti. Anu ngadarenge kana soara-Na tinangtu hirup.

26Sakumaha Rama sumberna hirup, Putra Manusa oge ku Rama dijadikeun sumberna hirup.

27Rama ka Putra-Na geus nyerenkeun hak pikeun ngahukum, sabab Putra-Na teh Putra Manusa.

28Ulah hareran, pasti datang mangsa anu paraeh bakal ngadarenge soara Anjeunna,

29tuluy kalaluar ti jero kuburna. Anu keur hirupna hade, harudangna bakal terus kana hirup langgeng, anu keur hirupna jahat harudangna pikeun narima hukumanana."

30"Kumaha hukumanana, Kaula henteu kawasa nangtukeun sorangan, kumaha ditimbalkeunana ku Rama bae. Eta sababna hukuman ti Kaula bakal adil, lain ngahukum sakarep-karep, tapi ngajalankeun pangersa nu ngutus.

31Hal ihwal Kaula nu saenyana, ari diomongkeunana ku Kaula keneh mah teu bisa dipercaya benerna.

32Tapi anu mere panyaksi tina hal Kaula teh jalma sejen, sarta Kaula terang yen panyaksina bener.

33Aranjeun geus ngirim utusan ka Yohanes; nya Yohanes anu mertelakeun hal ihwal Kaula teh, sarta pertelaan anjeunna bener.

34Kaula nyabit hal ieu lain ku sabab butuh ku pertelaan ti manusa, tapi ku sabab hayang supaya aranjeun salamet.

35Yohanes teh lir lampu anu hurung caang ngempray, saharitaeun mah aranjeun raresep kana caangna.

36Tapi Kaula sorangan bisa mere pertelaan anu leuwih jembar ti batan anu dipertelakeun ku Yohanes; anu dilampahkeun ayeuna ku Kaula teh papancen ti Rama, jadi bukti yen Kaula teh diutus ku Rama.

37Sarta Rama oge, anu ngutus Kaula, maparin panyaksi tina hal Kaula. Aranjeun can ngadarenge soanten-Na, can naringal kana pameunteu-Na,

38timbalana-Na ku aranjeun henteu disimpen dina hate, lantaran aranjeun henteu percaya ka Kaula, utusan Mantenna.

39Aranjeun ngarulik Kitab Suci, sabab ceuk pikiran aranjeun baris manggihkeun hirup langgeng ti dinya. Tah eta Kitab Suci teh mere pertelaan hal Kaula!

40Tapi aranjeun embung datang ka Kaula, ari hirup langgeng hayang!

41Kaula lain rek malar pamuji ti manusa,

42Kaula terang aranjeun jalma kumaha, hate aranjeun taya kanyaah ka Allah.

43Kaula, anu datang make kakawasaan Rama, ku aranjeun teu ditarima, ari anu datang make kakawasaanana sorangan ditarima.

44Aranjeun resep dipuji ku pada jalma, henteu ihtiar sangkan meunang pamuji ti Allah Nu Maha Esa. Atuh rek percaya ka Kaula kumaha?

45Tapi ulah nyangka Kaula bakal ngadakwakeun aranjeun ka Allah Rama. Anu bakal ngadakwakeun aranjeun teh malah Musa, anu ku aranjeun dijieun harepan.

46Lamun enya ge aranjeun percaya kana pilahir Musa tangtu percaya ka Kaula, sabab anu diserat ku Musa teh pertelaan hal Kaula.

47Tapi ku sabab aranjeun teu percaya ka anu dipertelakeun ku Musa, rek percaya ka Kaula kumaha?"



 <<  Yohanes 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel