Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 13 >> 

1Upamana, najan simkuring bisa sagala basa manusa atawa basa malaikat, ari teu boga kanyaah mah, simkuring teu beda ti sora goong.

2Najan bisa awas ka nu tacan katingal, telik ka nu gaib-gaib, pinuh ku elmu panemu, boga iman nu sampurna nepi ka bisa mindahkeun gunung, ari teu boga kanyaah mah, taya hartina.

3Najan simkuring nyidekahkeun saayana pangaboga, — malah najan nepi ka diduruk ngorbankeun maneh — ari henteu boga kanyaah mah, cumah.

4Perbawana kanyaah teh: Sabar, teu tegaan, teu sirikan, teu takabur, teu gumede;

5tara nyieun teu sopan, tara hayang ngeunah sorangan, tara panasan, tara nginget-nginget kagorengan batur;

6Cua kana kateuadilan, resep kana perkara nu bener,

7sadrah narimakeun sagala perkara, sarta dibarung ku iman, pangharepan, jeung kasabaran.

8Nubuwat-nubuwat aya beakna; basa ajaib aya waktuna teu dipikabutuh deui; elmu pangaweruh aya buntuna. Tapi kanyaah mah, hamo aya panganggeusanana.

9Ari sababna, elmu panemu urang teh, henteu sampurna; kitu keneh nubuwat-nubuwat.

10Ana anu sampurna geus datang, anu teu sampurna tangtu leungit. —

11Keur simkuring budak keneh, ngomong jeung mikir ge, kumaha budak tea bae. Tapi sanggeus simkuring kolot, sipat-sipat budak teh leungit. —

12Anu katenjo ku urang ayeuna, nya eta ukur kalangkangna anu samar, di jero eunteung. Engke mah, baris breh wujudna pisan. Hal-hal anu simkuring nyaho, ayeuna mah kakara saeutik, kakara taram-taram. Engke mah, baris nyaho enya-enya, sakumaha Allah maha uninga ka diri simkuring.

13Ku kituna, dina hirup urang, sipat-sipat hade teh ngan kari tilu rupa, nya eta Iman, Pangharepan, jeung Kanyaah. Ari anu pangutamana mah, Kanyaah.



Download Audio MP3 (1 Korintus 13):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel