Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 7 >> 

1Ayeuna ngeunaan sual anu dina surat aranjeun. Memang alus lalaki anu teu kawin teh.

2Tapi ku sabab gede mamalana, gampang ngaleok kana rucah ka awewe, leuwih hade kawin. Lalaki boga pamajikan masing-masing; awewe boga salaki masing-masing.

3Salaki kudu nyumponan kawajiban ka nu jadi pamajikan, pamajikan kitu keneh ka nu jadi salaki.

4Awewe taya hak kana dirina sabab geus jadi hak salakina. Lalaki oge taya hak kana dirina sabab geus jadi hak pamajikanana.

5Dina urusan mondok, ulah papencil-pencil; kajaba sawaktu-waktu, lamun arek tapakur; kitu ge, upama geus satuju ti duanana. Geus anggeus tapakurna mah, reujeung deui bae, supaya ulah beunang kagoda ku Setan.

6Simkuring lain ngudukeun, ngan kitu pihadeeunana.

7Memang alusna mah, kabeh sing kawas simkuring, teu kawin. Tapi dalah di kumaha, da jelema mah, pribadina beda-beda ti Allah: Aya nu tahan; aya nu henteu.

8Anu teu kawin, — kitu deui randa-randa — alusna mah, tetep lelengohan cara simkuring.

9Tapi bisi teu kuat mah, leuwih hade kawin. Sabab tinimbang marudah pikir mah, mending keneh kawin.

10Ka nu geus narikah, parentah ti Gusti, — lain ti simkuring — kieu: Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki;

11dina geus ninggalkeunana; papacuan, ulah rek boga deui; atawa alusna mah, balik deui. Kitu deui salaki, henteu meunang nyerahkeun pamajikan.

12Ka nu lian-lianna, papatah simkuring, — lain ti Gusti — kieu: Upama, aya anggota jamaah, lalaki, anu geus boga pamajikan; tapi pamajikanana teh, can saiman; ari awewena daekeun dibawa hirup babarengan mah, ulah diserahkeun.

13Kitu keneh jeung anggota jamaah anu dikawin ku lalaki anu henteu saiman; ari lalakina daekeun hirup babarengan mah, ulah menta diserahkeun.

14Sabab najan salakina teu saiman oge, kabawa ku pamajikanana jadi umat Allah. Kitu keneh sabalikna. Upama teu kitu, anak-anakna baris jadi barudak tuna agama; padahal, anak teh paparin ti Allah.

15Tapi lamun pihak anu teu saiman tea ngajak pepegatan, turutkeun bae. Dina hal anu kitu, lalakina atawa awewena anu ti pihak jamaah teu katalian naon-naon. Ngan ari pangersa Allah mah, hirup teh kudu rukun.

16Naha enya geus katoong, yen pamajikan anu geus iman teh moal bisa nyalametkeun salakina? Kitu deui salaki anu geus iman, naha enya nangtukeun moal bisa nyalametkeun ka pamajikanana?

17Ku sabab eta, aranjeun kudu tumarima kana kaayaan diri masing-masing, — sakumaha dikersakeun ku Pangeran tadina — nya eta waktu mimiti disaur ku Mantenna. Hal ieu ku simkuring dimistikeun ka sakabeh jamaah.

18Jadi, upama waktu disaur, aranjeun teh geus dina kaayaan disunat; aranjeun henteu kudu kaduhung. Sabalikna, anu keur disaurna dina kaayaan teu disunat, entong hayang disunat.

19Disunat jeung teu disunat teu jadi sual. Sabab anu penting mah, ngestokeun pangersa Allah.

20Jadi, sing anteng dina kaayaan waktu aranjeun disaur ku Allah.

21Naha keur waktu disaur teh, urang keur jadi nu kumawula? Teu nanaon! Kajaba lamun aya kasempetan pikeun merdika, pek bae pake kasempetan teh.

22Sabab anu disaur waktu eukeur jadi nu kumawula, saenyana eta teh dimerdikakeun ku Gusti Jungjungan urang. Sabalikna, anu merdika keur waktu disaur, eta saenyana sangkan ngawula ka Al Masih.

23Aranjeun teh, ku Gusti enggeus dibeuli lunas. Jadi, ulah kakungkung deui ku pada manusa.

24Sing anteng di payuneun Allah, dina kaayaan saperti keur waktu disaur.

25Pikeun anu can narikah, simkuring acan meunang katangtuanana ti Gusti. Jadi, kalayan rahmat Allah, simkuring seja nepikeun pamanggih pribadi.

26Dina kaayaan darurat kawas kiwari, lalagasan teh alus.

27Kumaha ari geus boga pamajikan? Ulah pepegatan! Kumaha ari anu lelengohan keneh? Ulah neangan pipamajikaneun!

28Tapi najan rek kawin ge, teu salah. Kitu deui parawan henteu salah upama kawin. Ngan tangtu, ari anu rumah tangga mah repot, nya eta loba uruseun. Ari simkuring mah, ngan mangkarunyakeun bae

29Kieu maksud simkuring: Jaman teh geus cueut ka hareup. Ku sabab waktuna geus samporet, anu baroga pamajikan, ulah siga boga;

30anu ceurik, ulah kaciri ceurik; anu gumbira, ulah kaciri gumbira; anu barang beuli, tong jiga tas barang beuli.

31Cindekna, sakur anu aya urusanana jeung kapentingan dunyawiah, sing kawas anu teu aya patalina naon-naon; lantaran dunya urang anu kiwari teh, engke mah euweuh.

32Tegesna, aranjeun teh ulah boga kariridu. Kapan ari nu lagas mah, bisa lugina ngesto ngabakti, malar kamanah ku Gusti.

33Ari nu geus rumah tangga mah, tangtu teu ari; balas ngurus kapentingan rumah tangga tea, malar kapake ku pamajikan;

34perhatianana kabagi-bagi. Awewe anu teu kawin, kitu deui parawan, bisa laluasa ngalampahkeun pagawean pikeun Gusti; nya ngabaktikeun jiwa ragana ka Anjeunna. Ari boga salaki mah, tangtu teu kaur; lantaran repot ku urusan rumah tangga, malar kapake ku salakina.

35Hal eta ditetek soteh, keur paedah aranjeun keneh; simkuring mah lain rek ngahalang-halang. Malah simkuring mah rek nuduhkeun kumaha kuduna jeung hadena, malar aranjeun bisa anteng museurkeun pikiran ka Gusti.

36Tapi bisi aya jajaka anu ngarasa, — yen ku jalan kitu — neungteuinganan ka mojang kakasihna tur manehna ge hayang buru-buru kawin deuih; nya laksanakeun bae, ari kudu mah. Pruk bae rek kawin mah, da lain dosa.

37Sabalikna, lamun tekadna gilig tur taya nu maksa, estu geus karepna pribadi megatkeun mojang kakasihna lantaran rek lalagasan, eta hade pisan.

38Tegesna pisan mah, kieu: Mun tulus kawinna ka eta mojang kakasihna, eta hade. Tapi leuwih hade deui, lamun kawinna teu tulus.

39Sapanjang salaki hirup keneh, pamajikan teh katalian ku salaki. Upama salakina maot, manehna bisa bebas kawin deui ka saha bae sukaeunana: Asal ka anu saiman deui.

40Ngan manehna baris leuwih bagja, upama tetep teu kawin deui. Kitu ceuk pangrasa simkuring, anu ceuk rarasaan mah, simkuring teh disarengan ku Ruh Allah.



Download Audio MP3 (1 Korintus 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel