Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 9 >> 

1Na teu bebas kitu ari simkuring? Na lain rasul? Na can kungsi jonghok jeung Isa, Gusti Jungjunan urang? Na aranjeun anut ka Gusti Jungjunan urang teh lain ku simkuring?

2Kajeun ceuk nu lian simkuring teh, lain rasul; ari pikeun aranjeun mah, enya rasul. Cirina, kapan bukti aranjeun geus aranut ka Gusti Jungjunan urang.

3Ka jelema-jelema anu sok maido, ieu jawaban simkuring:

4Na simkuring teh kudu ulah dahar ulah nginum?

5Na teu meunang simkuring luluntaan dibaturan ku wanita saiman nu geus rimbitan, kawas rasul-rasul sejen jeung dulur-dulur saiman sejenna, kitu deui Kepas?

6Na ngan simkuring jeung Barnabas bae anu kudu hese cape heula nyiar kipayah?

7Ari nu jadi tentara, na kudu neangan sorangan keur gajihna? Ari anu melak anggur, na teu meunang ngasaan buahna? Atawa nu ngingu sapi, na teu ngicip-ngicip cisusuna?

8Ieu catur lain samata-mata pikiran simkuring, cek Toret oge kitu.

9Ceuk hukum Musa: ‘Sapi keur dipake ngirik ulah diborongsongan.’ Cik eta, — nu disebut sapi di dinya — nu dimaksud teh, memang sapi;

10atawa jelema? Tangtu, nu dimaksud teh jelema anu digawe. Anu ngawuluku atawa anu ngirik, tangtu boga maksud sangkan bisa ngasaan hasil pagaweanana.

11Simkuring jeung Barnabas geus melakkeun bibit rohani di aranjeun. Upama simkuring meunang buruhan sakumaha ilaharna, na eta teh luar biasa?

12Mun nu sejen aya hak menta ka aranjeun, hak simkuring mah komo leuwih ti batur. Papadaning kitu, eta hak teh, ku simkuring teu dipake. Ti batan kitu mah, kajeun teuing sangsara bae; da bisi, matak ngahalang-halang kana pangwawaran Injil.

13Na aranjeun teu terang yen anu digarawe di Bait Suci, hirupna teh dicukupan ti dinya? Kitu deui purah ngatur kurban dina mezbah, keur dahareunana lain sok meunang ti dinya?

14Pikeun anu ngawawarkeun Injil oge kitu, geus ditetepkeun ku Pangeran, hirupna kudu dibayuan tina pagaweanana ngawawarkeun Injil.

15Najan kitu, eta hak-hak simkuring teh, hiji ge acan aya nu digunakeun. Ieu lain maksud nagih. Ti batan kitu, simkuring mah mending paeh bae. Sakieu ge, simkuring mah sugema tur ieu kasugemaan teh moal kapupus ku saha bae ge.

16Ngawawarkeun Injil teh pikeun simkuring mah, lain keur agulkeuneun, tapi geus kawajiban. Tada teuing asa cilakana, lamun Injil nepi ka teu diwawarkeun ku simkuring!

17Upama ngawawarkeun teh karana niat sorangan, eta hiji pahla keur simkuring. Sabalikna, upama lain ku karana niat sorangan, tandaning eta kawajiban teh ku Allah dipercayakeun ka simkuring.

18Naon ganjaranana? Ieu: Kasugemaan lantaran bisa ngawawarkeun bari teu mandang buruhan; jadi juru Injil bari teu kudu nagih hak anu geus sapantesna.

19Simkuring teh lain badega saha-saha, tapi geus gilig seja kumawula ka saban jalma, hayang bisa narik jalma masing loba ka Al Masih.

20Ka urang Yahudi, simkuring rek jadi urang Yahudi, malar bisa nganutkeun urang Yahudi. Ka jalma-jalma anu ka bawah ku Toret, simkuring rek jadi anu kabawah ku Toret, malar bisa nganutkeun jalma anu kabawah ku eta; sanajan simkuring mah henteu kabawah ku Toret.

21Ka bangsa anu teu kabawah ku Toret, simkuring rek jadi bangsa eta; sanajan simkuring teh aya di bawah hukum Al Masih, di bawah hukum Allah; sangkan simkuring bisa nganutkeun bangsa anu teu kabawah ku hukum Toret.

22Ka kaom lemah, simkuring rek jadi kaom lemah, malar bisa nganutkeun kaom lemah. Cindekna, simkuring arek kabala-kabale, malar bisa nganutkeun maranehna sawareh-wareheun.

23Eta kabeh, ku simkuring dilampahkeun demi Injil, supaya simkuring oge bisa milu ngala buah-buahna.

24Na aranjeun teu terang, yen sakumaha lobana ge anu milu balap; ari anu meunang hadiah unggul mah, ngan saurang? Ku sabab eta, simkuring arek lumpat masing tarik, ngetrukkeun tanaga, malar bisa ngahontal hadiah kaunggulan.

25Tiap-tiap anu milu balap, kudu rikat tur caringcing, malar bisa ngarebut tanda kaunggulan: Najan eta teh ukur barang nu keuna ku ruksak. Tapi anu keur diberik ku simkuring mah, makuta anu abadi.

26Simkuring ibarat keur tandingan: Mun balap lumpat, moal dapon lumpat; mun ngadu peureup, moal nepi ka nonjok angin.

27Simkuring geus ngalatih diri enya-enya, nepi ka paham, malar ulah gagal. Bisi, hanas ka batur nguarkeun Injil, ari sorangan teu ditarima.



Download Audio MP3 (1 Korintus 9):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Korintus 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel