Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 1 >> 

1Surat ti simkuring, Petrus, rasul-Na Isa Al Masih. Kahatur dulur-dulur anu keur ngalumbara di wilayah Pontus, Galata, Kapadokia, Asia, jeung Bitinia.

2Dulur-dulur, anu geus kapilih numutkeun pangersana Allah, Rama; anu geus disucikeun ku Ruh Mantenna, dianutkeun ka Isa Al Masih anu ngaberesihan dulur-dulur, ku getih-Na. Mugi sing marendak rahmat rahayu.

3Sagala puji kasembahkeun ka Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. Mantenna sakitu welas asih-Na, nya eta nepi ka hirup urang ku Mantenna dianyarkeun deui sarta dipaparin pangharepan; ku jalan Mantenna ngagugahkeun deui Isa Al Masih tina pupus-Na.

4Ku sabab eta, urang baris narima warisan, — anu teu keuna ku ruksak, teu keuna ku cacad, tur moal aya sudana — nu geus disadiakeun di sawarga.

5Nya pikeun urang, anu geus dituyun ku kakawasaan Allah; ku jalan iman sarta percaya. Urang baris dicandak kana kasalametan anu geus disayagikeun jeung baris katarima dina jaman ahir.

6Hal eta, pohara matak bagjana; sanajan ayeuna mah dulur-dulur teh, keur sarusah nandangan rupa-rupa cocoba. Tapi eta teh moal lila.

7Itung-itung keur diuji. Geuning emas oge, barang anu keuna ku ruksak, sok dibesot ku seuneu. Iman dulur-dulur oge nu leuwih mahal ti batan emas, kudu dibesot supaya tahan uji. Ku jalan kitu, dimana cunduk waktuna Isa Al Masih pinton salira, urang baris meunang kahormatan jeung kamulyaan.

8Dulur-dulur can kungsi tepung jonghok jeung Anjeunna, tapi teu burung nyaah ka Anjeunna. Can kungsi patingal, tapi teu burung percaya ka Anjeunna. Tangtu baris karasa kumaha bungahna, — bagja taya pibasaeunana —

9lantaran nu jadi udagan iman kapercayaan, nya eta kasalametan pikeun jiwa, geus katarima.

10Nya kasalametan anu ieu, anu diarulik jeung ditalungtik ku nabi-nabi teh. Ieu sih kurnia Allah anu geus kapimilik ku dulur-dulur teh, ku aranjeunna geus kapeleng jeung geus disalaurkeun.

11Sabab hal Al Masih, — baris nandangan sangsara sarta ahirna baris mulya — ku aranjeunna geus kauninga, ti samemehna, ku pituduh Ruh Al Masih ku anjeun. Ku aranjeunna terus dipaluruh, iraha jeung kumaha pijadieunana.

12Ku Allah geus diuningakeun, yen anu keur dipaluruh teh lain keur aranjeunna, tapi nya pikeun aranjeun kiwari. Ayeuna dulur-dulur geus terang kana eta Injil amanat ti sawarga, ku karana Ruh Allah anu geus dilungsurkeun ti sawarga. Kana ieu perkara najan malaikat-malaikat oge harayangeun uninga.

13Ku sabab eta, kudu sadia-sadia, kudu cegahan, sarta sing antek; nya ngarep-ngarep sih kurnia Allah, anu baris dipaparinkeun dina waktu Isa Al Masih nembongan, engke.

14Lakuning hirup teh, kudu sing saperti barudak anu ngesto ka kolot. Ulah kabawa deui ku pangajak napsu, kawas nu enggeus-enggeus, basa eukeur buta tuli keneh.

15Hirup teh kudu suci. Sabab Allah, anu geus nyaur ka dulur-dulur teh, suci kaayaana-Na.

16Kudu sakumaha ceuk Kitab: “Maneh kudu suci sabab Kami teh suci.”

17Lamun aranjeun nyambat ka Allah, kudu sakumaha ka Bapa. Mantenna tara pilih kasih. Nu adil ka saban jalma, numutkeun kalakuan jelemana masing-masing. Ku sabab eta, meungpeung eukeur di dunya masing tuhu ka Mantenna.

18Dulur-dulur geus terang, yen nu matak bisa lesot tina hirup anu tanpa guna warisan karuhun teh, lain ditebus ku dunya barana anu sipatna owah gingsir, lain ku emas, atawa perak.

19Panebusna teh mahal kabina-bina, nya eta: Getih Al Masih, anu dilambangkeun ku getih anak domba anu mulus tea.

20Dipilihna Al Masih ku Allah teh, geus ti samemeh alam dunya dijadikeun. Ari nu matak dinyatakeuna-Na kakara dina jaman ahir kiwari, maksudna nya pikeun kapentingan aranjeun.

21Ku jalan Anjeunna, dulur-dulur jadi percaya ka Allah, Anu geus ngagugahkeun Al Masih ti jero kubur bari terus dipaparin kamulyaan. Ku jalan kitu oge, ayeuna dulur-dulur teh jadi panteng, boh iman, boh pangharepan ka Allah.

22Ayeuna dulur-dulur geus ngaberesihkeun diri, ku jalan anut kana kayaktian. Geus bisa ngamalkeun kanyaah ka sasama batur saiman. Lakonan terus kalawan saiklas-iklasna, heman asih ka pada batur.

23Sabab ayeuna, dulur-dulur geus anyar, lir nu anyar dijurukeun. Lain lahir tina wiji nu keuna ku pati, tapi tina wiji anu hirup salalawasna, nya eta tina pangandika Allah anu sipatna hirup tur langgeng.

24Karana: “Jalma mah ibarat jukut, harkatna lir kembang tegalan. Jukut perang, kembang ragragan.

25Tapi pangandika Pangeran mah, tetep salalanggengna.” Ari anu disebut pangandika teh, nya eta Injil tea, anu geus diwawarkeun ka aranjeunna.



Download Audio MP3 (1 Petrus 1):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Petrus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel