Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 5 >> 

1Ka parakokolot jamaah, simkuring seja mere wawadi, dumeh simkuring oge jadi kokolot saperti aranjeun. Simkuring teh nyaksian pisan, kumaha sangsarana Al Masih teh; tur simkuring oge baris kacandak mulya, lamun kamulyaan Anjeunna geus dinyatakeun.

2Urus sing bener domba-domba Allah dina cangkingan aranjeun teh. Ngurusna ulah jeung asa kapaksa, kudu jeung iklas, luyu jeung pamundut Allah. Ulah ku dumeh pandang buruh, tapi ku dumeh ngarasa yen eta teh kawajiban.

3Kahade ulah boga pikir kawasa marentah sakahayang ka maranehna anu dipercayakeun ka aranjeun, anggur kudu mere tuladan.

4Di mana Gusti, Pangangon Agung, sumping; aranjeun baris diganjar makuta, anu cahayana moal suda-suda.

5Ari aranjeun anu ngarora! Sing ngesto ka nu leuwih kolot. Kitu deui jeung papada saumur kudu silih rendah. Sabab: “Ka jelema nu gumede, Allah teh cua manah-Na. Sabalikna, ka jelema nu daek rendah, Allah maparin berekah.”

6Di bawah panalingaan Allah Anu ngagem kawasa, maraneh kudu ngalaipkeun diri; supaya di mana waktuna cunduk, maraneh ku Mantenna dijungjung.

7Sagala kasusah maraneh unjukkeun ka Mantenna, geus tangtu Mantenna kersa nulungan.

8Sing caringcing taki-taki. Musuh maraneh, si Iblis, guar-gaur cara maung eukeur neangan rewegeun!

9Lawan manehna ku kapengkuhan iman. Maraneh oge terang yen dulur-dulur anu lianna, di sakuliah bumi, sarua bae pada nandangan sangsara sarupa kitu.

10Tapi di mana sangsara geus liwat, — lantaran sangsara teh moal sabaraha lilana — maraneh baris disampurnakeun, dipaparin katangguhan, dipulihkeun tanaga ngajadi rosa kabina-bina ku Allah ku manten. Allah teh sumber sagala kurnia, anu geus nyaur maraneh, supaya ku karana Al Masih, maraneh, bisa milu kana kamulyaan Mantenna anu langgeng.

11Nya Mantenna anu kagungan kakawasaan teh, salalanggengna. Amin.

12Ieu surat pondok bae. Dipangnuliskeun ku saderek Silwanus, hiji dulur anu ceuk pangrasa simkuring mah pohara pengkuh imanna. Maksudna teh, taya lian ti seja mere kayakinan jeung panyaksen; yen hal ieu teh, saestuna sih kurnia Allah. Sing pageuh nya muntang ka dinya.

13Dulur-dulur, jamaah di Babul, ngahaturkeun salam; kitu deui anak simkuring, Markus. Maraneh masing silih boro ku kasono, silih rangkul ku pangjurung.

14Mugi-mugi, kum sakabeh dulur-dulur anu saiman anut ka Al Masih, sami-sami mendak rahmat rahayu.



Download Audio MP3 (1 Petrus 5):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Petrus 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel