Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tesalonika 4 >> 

1Urang teruskeun deui. Dulur-dulur geus diwuruk, kumaha kuduna sangkan hirup sapuk jeung pangersa Allah. Hal eta ku aranjeun geus dilakonan. Parandene kitu, kalawan pajenengan Gusti Jungjunan urang, simkuring sapara kanca meupeujeuhkeun, sangkan leuwih enya-enya.

2Kalawan timbalan Isa, Gusti Jungjunan urang, tea kapan ku simkuring sapara kanca oge geus dibere pituduh-pituduhna.

3Allah mundut, sangkan lampah aranjeun teh kudu sapuk jeung pangersa-Na, nya eta suci beresih: Sipat cawokah kudu dijauhan ku aranjeun.

4Pek bogaan ku aranjeun pamajikan sewang-sewangan; sanajan kitu, tetep kudu jeung tatakrama anu pantes.

5Ulah kajurung ku pangajak napsu, saperti jelema anu teu wawuh ka Allah.

6Jeung omat, ulah pisan aya anu ngalakukeun dosa jeung ngabobodo ka dulur-dulur saiman. Bareto ku simkuring sapara kanca geus diomat-omatan, yen kalakuan sarupa kitu teh pasti keuna ku bebendu Gusti.

7Nu matak disaur ku Allah teh, nya eta sangkan ulah sakarep-karep, tapi hirup dina jalan Mantenna.

8Ku sabab eta, sing saha anu teu malire kana eta katangtuan, lain teu malire kana aturan jelema; tapi teu malire kana aturan ti Allah, anu geus maparinkeun Ruh Allah anu suci ka aranjeun.

9Ari sual kudu silih pikanyaah mah ku simkuring sapara kanca moal ditetek deui; kapan dulur-dulur ge, geus tarerang sorangan tina piwulang Allah;

10tur ku aranjeun geus dibuktikeun ka dulur-dulur saiman di Makedoni. Anu dipenta ku simkuring sapara kanca, sing leuwih ti kitu.

11Lian ti eta oge, kudu boga tekad seja itikurih sorangan, ngudag hirup anu cukup. Ieu teh, sakumaha anu diwurukkeun ku simkuring sapara kanca bareto,

12malar jaradi jalma nu kaajen jeung henteu gumantung ka batur.

13Dulur-dulur! Simkuring sapara kanca hayang nerangkeun hal nu geus paraeh. Dina sual ieu, dulur-dulur teu kudu rempan hariwang; ulah kawas nu teu baroga pangharepan jaga.

14Urang, anu percaya ka Isa, — anu geus gugah tina pupus-Na — yakin yen anu maot dina iman ka Anjeunna baris kumpul jeung Anjeunna di payuneun Allah.

15Sumender kana piwulang-Na Gusti, simkuring sapara kanca ngabejaan: Jelema-jelema anu harirup keneh dina wanci Gusti Jungjunan urang sumping, moal rek dianak-emaskeun ti batan nu geus maraot.

16Di mana geus aya tangara, malaikat kapala baris cumeluk handaruan sarta tarompet Allah ditiup, ti dinya Gusti Jungjunan urang, ku anjeun lumungsur ti sawarga. Anu maraot di jero iman ka Al Masih baris harudang ti heula.

17Ari nu harita harirup keneh, kabeh baris dikumpulkeun jeung anu kakara harudang tea; saterusna, urang baris diangkat babarengan jeung maranehna kana mega di awang-awang, mapagkeun Gusti Jungjunan urang. Ti dinya urang kabeh baris ngancik di Gusti salalanggengna.

18Tumali jeung eta, urang teh kudu silih tegerkeun hate.



Download Audio MP3 (1 Tesalonika 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Tesalonika 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel