Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 4 >> 

1Ruh Allah geus teges nerangkeun, yen dina jaman-jaman ka dieunakeun bakal loba anu murtad; maranehna teh, kagusur ka jalan sasar, kasarad ku roh-roh anu matak nyasabkeun jeung pangajaran setan-setan.

2nya eta tukang-tukang tipu anu munapek, anu geus teu boga bebeneran sama sakali.

3Ku maranehna, jelema-jelema dilarang kawin jeung sawatara kadaharan diharamkeun; padahal, eta kadaharan teh tunggal, ciciptan Pangeran; taya halanganana didahar ku anu palercaya ka Allah mah, asal dinuhunkeun heula dina paneda.

4Da taya atuh, hiji oge, dadamelan Allah anu teu hade teh. Kadaharan mah, teu aya anu teu meunang didahar; asal ditarimakeun ku puji jeung sukur.

5Lantaran kabeh oge enggeus jadi suci, disucikeun ku pangandika Allah jeung ku paneda tea.

6Upama hidep sanggup negeskeun sual ieu, ka dulur-dulur urang nu saiman; nyata hidep teh berbudi, ciri abdining Isa Al Masih. Hidep pribadi kudu ngabayuan diri ku papakon-papakon kaimanan jeung ajaran anu waras, anu ku hidep kiwari eukeur dianut.

7Kahade hidep teh, ulah kapincut ku dongeng-dongeng anu sipat tahayul. Anggur latih diri hidep kana ibadah.

8Latihan badaniah gunana teh kawates. Sabalikna, ari latihan kana ibadah mah, gunana teh keur sagala-gala; sabab dieusi ku jangji pijamugaeun hirup, boh keur ayeuna, boh keur jagana.

9Ieu teh saestu pisan wajib dipercaya jeung ditarima mutlak.

10Naon sababna urang daek nyorang susah payah hese cape? Taya lian lantaran urang ngandel ka Allah, Juru Salametna sakabeh manusa, pangpangna sakur anu percaya ka Mantenna.

11Pek sual ieu teh ku hidep parentahkeun jeung papatahkeun.

12Sanajan hidep ngora keneh, tembongkeun yen hidep teu bisa disapelekeun. Ucapan, tingkah laku, kanyaah, iman, katut kamulusan hidep mugia sing matak jadi conto ka sakur anu saiman.

13Sabot bapa acan datang, hidep kudu leukeun, boh dina maca Kitab Suci, boh dina mepelingan ka dulur-dulur sakapercayaan, boh dina pangajaran.

14Kurnia ti Allah anu geus nyampak di diri hidep, ulah diteler-teler. Eta kurnia teh, asalna tina nubuwat; ku hidep geus katarima, waktu hidep ditumpangan panangan ku parakokolot, basa diistrenan tea.

15Pake eta teh, lampahkeun, imankeun, malar hidep maju sarta kamajuanana katembong ku balarea.

16Jaga diri hade-hade, sing ati-ati nya ngajar. Sing suhud sing junun ngalakonanana; sabab eta teh matak jamuga, boh keur hidep pribadi, boh keur batur anu balalener ngabandunganana ka hidep.



Download Audio MP3 (1 Timotius 4):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  1 Timotius 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel