Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 13 >> 

1Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang deui teh. Ceuk Kitab: Hiji perkara kakara sah lamun kasaksian ku duaan atawa tiluan.

2Basa simkuring nganjang kadua kalina, jelema-jelema anu ngalalampahkeun dosa teh, — kitu deui nu sejen-sejenna salian ti eta — ku simkuring geus diwawadian. Ayeuna oge, sajeroning pajauh keneh rek diwawadian deui. Sabab engke mah mun nganjang deui, saha bae ge nu salah mah moal aya anu dihampura deui.

3Ku aranjeun baris kanyahoan yen simkuring enya-enya ngemban timbalan Al Masih. Baris karasa yen mayunan aranjeun teh, Al Masih moal nembongkeun kalemahan, tangtu nembongkeun kakawasaan.

4Bareto, beunang disalib soteh bawaning ku diapeskeun. Tapi ku kawasaning Allah, ayeuna, Al Masih teh jumeneng. Simkuring sapara kanca oge, milu apes ka Anjeunna; tapi ku kawasaning Allah bakal hirup bareng jeung Anjeunna, supaya aranjeun oge mareunang mangpa'atna.

5Pek pariksa diri, na aranjeun teh boga iman kapercayaan atawa henteu? Yakin atawa henteu yen aranjeun teh disarengan ku Isa Al Masih? Lamun teu yakin, tetela aranjeun moal tahan uji.

6Mungguh simkuring mah, sabatur-batur, taya nu mungkir ti Gusti.

7Mugi-mugi Allah ngersakeun aranjeun ulah nepi ka nyieun kasalahan. Lain dumeh simkuring hayang katangar tahan uji, ieu mah hayang supaya aranjeun hararade kalakuan, najan simkuring katembongna siga henteu tahan uji.

8Teu kaduga simkuring mah ngalawan kana kayaktian teh, kaduga soteh ngalampahkeunana.

9Sanajan hengker, ari aranjeun kuat mah simkuring bungah. Dipangnedakeun pisan malar aranjeun bisa ngahontal kasampurnaan.

10Pangna simkuring nyuratan ti anggalna, malar ari geus jol datang ka aranjeun ulah kungsi ngagunakeun kakerasan. Sabab dipaparin wewenang ku Gusti oge, lain pikeun ngaruntagkeun, tapi pikeun ngomean hirup aranjeun.

11Dulur-dulur! Sakieu bae heula. Sabisa-bisa usahakeun ngahontal kasampurnaan tea. Masing akur pada batur sarta hirup masing repeh-rapih. Mugi-mugi Allah nu jadi sumbering asih jeung asaling karapihan, nyarengan hirup aranjeun.

12Sing silih ajenan jeung silih doakeun.

13(13-12b) Aya salam ti sakumna dulur-dulur anu saiman.

14(13-13) Mugi-mugi aranjeun ginanjar sih kurnia Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, mendak welas asihing Allah, di jero katunggalan Ruh Allah.



Download Audio MP3 (2 Korintus 13):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  2 Korintus 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel