Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Efesus 3 >> 

1Simkuring, Paulus, pangna dipanjara teh geus kersaning Isa Al Masih keur kapentingan aranjeun, anu lain bangsa Yahudi.

2Sakumaha dulur-dulur oge terang, yen Allah nu sipat welas asih teh, maparin tugas ka simkuring kudu digawe pikeun kapentingan aranjeun.

3Pamaksadan Allah anu gaib teh, geus diwahyukeun ka simkuring; sakumaha nu geus dipedar saperluna dina surat simkuring.

4Mun eta geus dibaca, tanwande ku dulur-dulur kagambarkeun nepi ka mana simkuring terang kana eta rasiah hal Al Masih teh.

5Baheula-baheula mah, can aya anu dibere nyaho rasiahna teh. Tapi kiwari, eta rasiah teh, ku Ruh Allah geus diwahyukeun ka rasul-rasul sarta nabi-nabi-Na anu sajati.

6Rasiahna kieu: Bangsa-bangsa anu lain Yahudi, ku jalan manunggal jeung Isa Al Masih — ku sabab diwawaran Injil — baris disaruakeun jeung urang Yahudi: Nya jadi sawaris, sabadan, jeung meunang bagian tina perjangjian Allah ge babarengan.

7Kalayan kurnia Allah, nya simkuring anu dikersakeun ngawawarkeunana, numutkeun kakawasaan Mantenna.

8Nya simkuring, anu panglaipna ti sasama abdi Allah, geus dipaparin kurnia pikeun ngawawarkeun eta Injil; hususna mah, ka dulur-dulur, — nya nu lain bangsa Yahudi tea — pikeun ngembarkeun yen Al Masih teh sugih taya babandinganana.

9Oge pikeun mere terang, kumaha ngalaksanakeunana eta rasiah Allah — Anu nyipta sajagat raya — anu geus dirasiahkeun mangabad-abad lilana.

10Tapi ari kiwari mah, ku jamaah, eta saniskara hikmat kawijaksanaan Allah teh kudu diwawarkeun ka parapimpinan sarta pangawasa sawarga;

11sapagodos jeung pamaksadan Allah anu dikandung geus mangabad-abad tea, anu kiwari geus laksana ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang.

12Ku jalan manunggal sarta iman ka Al Masih, urang teh widi ngadeuheus ka Allah kalawan hate yakin.

13Ku sabab eta, pamenta simkuring, aranjeun ulah rek leutik hate pedah simkuring kabalangsak. Malah kudu dipake gede hate lantaran hal eta teh, nya keur kapentingan aranjeun.

14Ku sabab eta, simkuring tapak deku ka Allah, Rama,

15anu maparin ngaran ka sakabeh golongan anu aya di sawarga jeung di bumi.

16Simkuring muntang ka Mantenna anu mulya tanpa tanding, supaya kawasa Ruh-Na nguatkeun batin aranjeun,

17malar Al Masih linggih dina hate aranjeun anu ariman, sarta aranjeun bisa kuat akaran dina dasar kanyaahan.

18Disuhunkeun ka Mantenna, malar dulur-dulur katut sakabeh jelema anu percaya ka Allah, ngarasa yen kanyaah Al Masih teh teu aya wates wangenna.

19Eta welas asih Anjeunna anu tanpa wangenan teh, sing sumerep sumurup, sanajan henteu kahontal ku akal. Mugi-mugi jiwa dulur-dulur pinuh ku sing sarwa kasampurnaan Allah.

20Sabab Allah teh iasa ngabulkeun panuhun urang leuwih ti anu dikedalkeun, malah leuwih ti anu aya dina angen-angen; sakumaha nyata tina kakawasaana-Na anu barangdamel di jero diri urang.

21Mantenna wajib dimulyakeun di jamaah sarta dina kamanunggalanana jeung Isa Al Masih, turun-tumurun, salalanggengna. Amin.



Download Audio MP3 (Efesus 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Efesus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel