Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 6 >> 

1Dulur-dulur, upama aya jelema anu kaperegok migawe anu teu bener; ku aranjeun teh, anu ariman keneh, kudu dipapatahan sing sareh; bari aranjeun sorangan ngajaga diri, bisi keuna ku gogoda.

2Aranjeun teh, enggoning nedunan patokan ti Al Masih, kudu silih tulungan sarta silih sundang babawaan jeung pada batur.

3Jalma anu ieu aing, padahal taya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.

4Masing-masing kudu naliti laku lampahna pribadi. Dina karasa yen hade, rarasakeun ku sorangan bae, teu kudu dibanding-banding jeung kalakuan batur.

5Sabab unggal jalma, boga pasualan masing-masing.

6Anu rumasa yen geus meunang pangajaran tina hal dawuhan Allah, kudu boga pamulang tarima nu hade ka nu ngajarna.

7Kahade, ulah boga pikir yen Allah beunang dibobodo. Naon anu dipelak ku urang, eta nu baris kapetik.

8Lamun urang pepelakan dina hawa napsu, anu baris kapetik teh, tangtu anu temahna matak paeh jeung binasa. Sabalikna, lamun pepelakan dina Ruh, anu baris kapetikna teh, nya eta hirup anu langgeng.

9Ulah bosen-bosen melak kahadean mah; sabab eta pepelakan urang teh, dina waktuna, pasti kapetik hasilna upama urangna teu lanca-linci.

10Ku sabab eta, ka saha-saha ge sing sabisa-bisa nyieun kahadean, komo ka batur nu saiman mah.

11Tengetkeun nu aksarana baradag! Eta teh beunang nulis simkuring sorangan!

12Jalma-jalma anu ngudukeun aranjeun disunatan teh, — kabeh oge — ngan ukur jalma-jalma nu hayang kapuji, malar ulah milu dikaniaya ku tina lantaran salib Al Masih.

13Maranehna teh, sanajan disarunatan oge, hirupna mah teu tuhu kana hukum Toret. Maranehna mamaksa ka aranjeun ngudukeun disunatan teh, nya hayang kapuji tea, yen maranehna geus bisa ngeunakeun eta ciri lahir ka aranjeun.

14Moal aya anu rek dipake agul ku simkuring mah, iwal ti salib Isa Al Masih anu jadi lantaran dunya teh pikeun simkuring mah geus paeh digantung; kitu deui, simkuring pikeun dunya.

15Jadi, boh disunatan boh henteu, sarua taya hartina. Tapi anu penting mah, nya eta sual geus ngajadi mahluk anu dianyarkeun deui.

16Mugia sakabeh, sakur anu hirupna nurutkeun ieu patokan, kitu deui urang Israil, umat kagungan Allah dipaparinan rahmat jeung karahayuan.

17Ti semet ayeuna, hayang teh, aranjeun ulah ngarurudet deui simkuring ku rupa-rupa kasusah. Lantaran enggoning kumawula teh, diri simkuring mah geus pinuh ku ceda-ceda tatuna salira Al Masih.

18Dulur-dulur, mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinkeun sih kurnia-Na ka aranjeun, lahir batin. Amin.



Download Audio MP3 (Galatia 6):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Galatia 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel