Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 21 >> 

1Sanggeus silih pileuleuyankeun, bral, simkuring sabatur-batur balayar ngajugjug pulo Kos. Isukna, jol, di pulo Rodos; tuluy diteruskeun deui ka nagri Patara.

2Di dinya, simkuring sabatur-batur pindah kana kapal anu rek ka Punikia.

3Pulo Siprus anu tembong ngalamuk di beulah kenca teh, diliwat; kebat bae ka tanah Sam; tuluy barang geus tepi ka Palabuhan Tirus kapal balabuh sabab muatan kapal kudu dibongkar di dinya.

4Simkuring sabatur-batur turun tina kapal, terus neang imah murid-murid anu aya di dinya; simkuring sabatur-batur teh nganjrek heula di dinya, meunang tujuh poe. Di dinya, murid-murid meunang harewos ti Ruh, seug malihatur ka Paulus, nyarek ulah terus ka Yerusalem.

5Tapi dina waktuna indit mah, simkuring sabatur-batur oge arindit pikeun neruskeun perjalanan; simkuring sabatur-batur teh, dialanteur ku murid-murid, saanak bojona, nepi ka basisir. Tuluy, brek bae, simkuring sabatur-batur jeung murid-murid tapak deku bari ngadu'a ka Allah, terus uluk salam.

6Sanggeus kabeh arunggah kana kapal, nu ngalanteurkeun marulang deui ka kota.

7Ti Tirus, simkuring sabatur-batur balayar ka nagri Petolomais, tuluy nganjrek heula di murid-murid nu araya di dinya, sapoe.

8Isukna, simkuring sabatur-batur teh, neruskeun lalampahan nepi ka nagri Kesarea; di dinya, simkuring sabatur-batur manggihan nu ngaran Pilipus, juru Injil; anjeunna teh, salah saurang ti antara tujuh juru laden anu di Yerusalem tea; tuluy simkuring sabatur- batur teh, nganjrek di dinya.

9Ari Pilipus teh boga opat anak parawan; opatanana geus kersaning Allah barisa narubuwat.

10Sanggeus meunang sawatara poe, aya nabi ti Yudea ngaranna Agabus.

11Barang tepung jeung simkuring sabatur-batur, kek bae, anjeunna kana beubeur Paulus, terus dibuka dipake nalian panangan jeung sampeanana ku anjeun. Pok nyarios, “Kieu saur Ruh Allah: Anu boga ieu beubeur bakal dibarogod kieu, — kawas kaula ayeuna — ku urang Yahudi di Yerusalem sarta bakal diserenkeun ka bangsa sejen.”

12Ku sabab hal eta, simkuring sabatur-batur sarta dulur-dulur di dinya pada muntangan Paulus, supaya ulah tulus ka Yerusalemna.

13Tapi Paulus keukeuh bari saurna, “Naha make dicaleungceurikan, nyiar-nyiar pinalangsaeun simkuring? Ulah boro ngan semet dibarogod wungkul; simkuring mah, dalah nepi ka nemahan pati di Yerusalem ge, — ari tina lantaran anut ka Isa, Gusti Jungjunan urang — sumeja pasrah sumerah.”

14Ku sabab anjeunna teu beunang dihulang; ahirna mah, anjeunna ku sarerea diridokeun, aromongna, “Atuh ayeuna mah ngan kantun sumerah kana pangersa Gusti urang bae.”

15Di Kesareana, simkuring sabatur-batur, meunang sababaraha poe, terus maraju deui muru ka Yerusalem.

16Aya oge murid-murid anu marilu, malah nyimpangkeun simkuring sabatur-batur ka imah hiji murid nu ngaran Menason, — urang Siprus anu geus heubeul jadi murid — maksudna rek dibawa nganjrek di dinya.

17Sadatangna ka Yerusalem, kabeh duduluran pohara ngabageakeunana.

18Isukna, Paulus sakanca-kanca ka imah Yakobus, nepungan kokolot-kokolot anu geus kumpul di dinya.

19Sanggeus uluk salam, Paulus muka carita. Anjeunna ngadadarkeun sakabeh padamelan Allah anu diembankeun ka anjeunna di kalangan bangsa-bangsa sejen, ti awal nepi ka ahir.

20Parakokolot maruji ngagungkeun ka Allah, bari terus nyarita kieu, “Saderek Paulus! Tangtos saderek tingali, parantos mangrebu-rebu urang Yahudi anu ngariring percaya tur sadayana saregep kana Toret.

21Tapi maranehna ngaruping wartos, majar teh saderek ngajarkeun anu nyimpang tina hukum Toret ka urang Yahudi anu marukim di nagara deungeun, yen barudakna teu perlu disunat, teu perlu ngukuhan adat urang.

22Ayeuna kumaha, margi tangtos maranehna ngaruping saderek sumping ka dieu.

23Kumaha upami kieu: Kaleresan di dieu aya opatan anu garaduh panadaran.

24Saderek ngiring susuci bareng sareng maranehna; paparin bae waragad keur ongkos cukur maranehna. Ku jalan kieu, engke kaciri ku sadaya yen anu kawartoskeun ka maranehna teh henteu leres, margina katingal saderek oge nedunan hukum Toret.

25Bangsa-bangsa sanes anu parantos ngariring ariman mah parantos diseratan ti dieu, yen kedah mantrang kadaharan sasajen keur brahala, mantrang ngadahar getih kitu deui kana lakuning sahwat anu ingkar tina susila.”

26Isukna, Paulus susuci bareng jeung anu opatan tea, nurutkeun sakumaha nasehat. Anggeus susuci, terus Paulus sabatur-batur ka Bait Allah, nya eta pikeun mopoyankeun waktu pitamateunana susuci sarta waktuna nyaranggakeun kurban nyumponan panadaran.

27Barang geus rek tujuh poe, urang Yahudi anu ti Asia narenjoeun, yen Paulus aya di Bait Allah. Paulus ditewak ku maranehna bari tingharaok ngahucuhkeun jalma rea,

28aromongna, “He, urang Israil, barantuan! Ieu yeuh jelema tukang ngosol-ngosol batur di mana-mana teh, supaya ngamusuhan bangsa urang, sina arijid kana Toret jeung ka nagara urang! Tenjo, ayeuna oge manehna ngasupkeun urang Yunani ka Bait Allah pikeun ngananajis tempat suci!”

29Cararekna kitu teh, pedah keur aya di kota keneh, katarenjoeun ku maranehna, yen Paulus teh bareng jeung Tropimus urang Epesus tea; panyangkana, Paulus mawa asup Tropimus ka Bait Allah.

30Gancangna terus geunjleung sadadayeuh, jalma-jalma terus napuk ngoroyok ka Paulus. Paulus digusur ti jero Bait Allah, panto-pantona, kabeh, geuwat bae ditutup-tutupkeun.

31Paulus rek tuluy dipaehan. Tapi aweuhan geunjleung sa- Yerusalem teh geus aya nu ngalaporkeun ka komandan pasukan.

32Teu tempo deui, anjeunna mepek balad saperwira-perwirana, terus diangsitkeun muru tempat kaributan. Barang komandan anu mawa pasukan teh, jebul, didinya; kakara anu nareunggeulan Paulus teh areureun.

33Paulus ku komandan disampeurkeun terus ditangkep, sina dibarogod ku rante dua beulitan. Komandan papariksa saha anjeunna jeung naon dosana.

34Jelema-jelema narembalanana tinggorowok, cek ieu kieu, cek itu kitu. Ku sabab teu meunang katerangan anu bener, — lantaran tinggorowok teu puguh dengekeunana — Paulus disina dibawa ka markas.

35Nepi kana tangga markas, Paulus kapaksa kudu dipunggu ku serdadu-serdadu.

36Sabab kagencet ku jalma rea anu terus naluturkeun bari tingharaok, “Paehan mangkeluk kitu mah!”

37Barang rek diasupkeun ka jero markas, Paulus mihatur ka komandan, “Kenging simkuring mihatur?” Jawab komandan, “Kutan bisa basa Yunani?

38Lain maneh teh urang Mesir tea, anu bareto nyieun huru-hara jeung mawa kabur pemberontak bersenjata ka leuweung kikisik?”

39Waler Paulus, “Simkuring urang Yahudi, asal ti Tarsus kota anu kaceluk di tanah Kilikia. Simkuring neda idin nyarita ka eta jalmi-jalmi.”

40Kieu kasauranana,



Download Audio MP3 (Kisah Para Rasul 21):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Kisah Para Rasul 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel