Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 21 >> 

1Waktu Isa ningali anu keur ngarasupkeun duit kana kotak persembahan, loba anu baleunghar, marerena teh galede.

2Katingali deui aya randa miskin, ngasupkeun rupiaan dua siki kana eta kotak.

3Anjeunna ngalahir, “Cek Kami: Eta randa merena leuwih gede ti batan nu sejen.

4Nu sejen mah, marerena teh, awahing ku kaleuwihan teuing duit; ari eta randa mah, mere sakitu teh, awahing ku teu boga; malah eta anu dibaktikeun teh duit balanjana anu ngan sakitu- kituna.”

5Aya sababaraha jelema anu maruji kaalusan Bait Allah, helok ku wangunana anu dihias ku batu-batu anu arendah jeung rea-rea deui barang pangbakti. Isa ngalahir, saur-Na,

6“Eta kabeh, anu katembong ayeuna, baris datang kana mangsana burak-barik diruntuhkeun, nepi ka moal aya batu hiji-hiji acan anu diantep nyusun patumpang.”

7Murid-murid tumaros ka Anjeunna, pokna, “Iraha bakal kajadianana, Jungjunan? Sareng upami mangsana datang, kumaha galagatna?”

8Waler-Na, “Maraneh sing caringcing, supaya teu kabawa ku sakaba-kaba. Sabab bakal loba jelema anu mamake ngaran Kami, ngaku-ngaku: Kami Al Masih teh. Atawa ngaromong: Geus tereh ninggang kana ugana! Peupeujeuh maraneh ulah kabengbat.

9Jeung lamun ngadenge peperangan jeung huru-hara, maraneh teu kudu reuwas-reuwas. Eta kabeh pasti kajadian ti samemehna keneh, tapi eta teh lain hartina geus tereh ninggang kana waktu panungtungan.”

10Saur-Na deui, “Pidatangeun jaman bangsa ngalawan bangsa, karajaan-karajaan ngalawan karajaan.

11Jeung bakal aya lini anu hebat; kitu deui pagebug jeung paceklik di mana mendi; kitu deui kajadian-kajadian anu matak ketir jeung galagat-galagat di langit anu pohara pikasieuneunana.

12Tapi memeh eta kabeh kajadian, maraneh mah geus ditangkep manten jeung dikaniaya, digusur ka tempat-tempat ibadah jeung ka panjara-panjara, diserenkeun ka raja-raja, jeung ka nu karawasa ku lantaran percaya ka Kami.

13Maraneh teh kudu ngalakonan kitu, supaya bisa jaradi saksi Kami.

14Ku sabab eta sing teger hate, ulah bingung-bingung mikiran kudu kumaha nya ngomong ngabela diri.

15Sabab Kami pribadi nu baris mere piomongeun kalawan perceka, nepi ka lawan-lawan maraneh moal mampuh ngalawan atawa ngabantah.

16Jaba ti kitu, maraneh ge bakal diserenkeun ku kolot sorangan, dulur sorangan, kaum kulawarga, jeung sobat-sobat. Malah mah, ti antara maraneh teh aya sababaraha urang anu bakal nepi ka dipaehan.

17Jelema kabeh bakal mikaijid ka maraneh ku sabab percaya ka Kami.

18Najan kitu, buuk maraneh salambar ge moal aya nu leungit tina sirah.

19Asal maraneh kuat nandanganana, geus pasti hirup.”

20“Baris datang mangsana, Yerusalem dikepung ku musuh. Dina geus kituna maraneh kudu nyaho, yen eta teh ciciren geus tereh kana rugrugna.

21Dina waktu eta, jelema-jelema nu marangkuk di Yudea kudu kabur ka pasir-pasir, urang kotana kudu ngungsi, urang desana ulah ka kota.

22Sabab nya harita pisan datangna wawales ka ieu kota, sagala nu kasebut dina kitab nya harita kabuktianana teh.

23Tada teuing balangsakna ibu-ibu anu harita keur kakandungan atawa keur nyarusuan! Sabab sakuliah nagara, pinuh ku kasangsaraan anu pohara hebatna sarta hukuman geus tumiba ka ieu bangsa.

24Maranehna baris tiwas dihakan pedang sarta jadi tawanan sagala bangsa. Kota Yerusalem bakal dilaleyek ku bangsa-bangsa anu teu wawuh ka Allah, lilana nepi ka datang dawuh-Na.”

25“Jeung bakal aya galagat-galagat anu tembong dina panonpoe, dina bulan, dina bentang-bentang. Bangsa-bangsa di sakuliah tonggong bumi bakal ngarasa sieun bari samar polah ku kaayaan laut anu ngamuk tingjelegur.

26Jelema-jelema lebur kabeh pangacianana, awahing ku sieun nyanghareupan kajadian-kajadian anu tumiba ka ieu bumi sabab kakuatan-kakuatan langit genjlong.

27Nya harita, jelema-jelema teh bakal narenjo Putra Manusa sumping dina mega, kawasa tur mulya.

28Dina geus kituna, maraneh sing gede hate, ulah ngaheruk sabab geus tereh salamet.”

29Geus kitu, Anjeunna nyarios deui nganggo misil, saur-Na, “Pek, tengetkeun tangkal kondang atawa tangkal naon bae:

30Lamun geus bijilan sirung, eta teh tandaning geus tereh usum halodo.

31Kitu deui, upama maraneh narenjo eta kajadian-kajadian, kudu nyaho yen Karajaan Allah tereh ngawujud.

32Cek Kami: Saenyana, ieu umat anu kiwari bakal ngalaman eta sakabeh kajadian.

33Langit jeung bumi bakal euweuh, tapi ucap Kami mah moal datang ka euweuh.”

34“Jaga diri sing ati-ati, hate ulah kabita ku senang-senang jeung mabok-mabok; ulah haben bae mikiran kapentingan lahir, supaya ulah kaberedeg jeung kajiret ku datangna poean Pangeran.

35Sabab eta poe teh, narajang ka sapangeusi dunya.

36Kudu sayaga sapapanjangna dibarung neneda, supaya maraneh boga kakuatan bisa luput tina eta kajadian-kajadian, malar bisa madep ka payuneun Putra Manusa.”

37Beurangna, Isa ngawuruk di Bait Allah, peutingna ka luar kota, ngawengi di gunung anu ngaran Gunung Jetun.

38Isukna, jelema-jelema dararatang deui ka Anjeunna seja ngadarengekeun piwuruk-Na di Bait Allah.



Download Audio MP3 (Lukas 21):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Lukas 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel