Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 24 >> 

1Isa kaluar ti Bait Allah, terus angkat. Geus kitu, murid-murid-Na tingtarunjuk kana wawangunan Bait Allah.

2Isa ngalahir ka maranehna, “Kutan eta anu katenjo? Kami ngabejaan: Engke mah, di dinya teh, moal aya batu anu diantep patumpang kitu sabab bakal aya anu ngaruntuh-runtuhkeun.”

3Isa cunduk ka luhur Gunung Jetun, terus calik. Sanggeus Anjeunna rineh nyalira, pok murid-murid-Na mihatur, “Dupi anu tadi disaurkeun teh, iraha piwaktoseunana? Oge hal Jungjunan bade rawuh, kitu deui ahir jaman, naon totondenna?”

4Waler-Na, “Peupeujeuh sing ati-ati, ulah nepi ka kabobodo!

5Sabab loba anu bakal ngaku-ngaku ngaran Kami, ngakukeun: Kami Al Masih! Loba anu bakal kasasabkeun.

6Turug-turug harengheng ku peperangan jeung beja-beja hal perang. Tapi maraneh mah, teu kudu geumpeur. Sabab eta kabeh geus pasti, tapi eta mah, lain panganggeusanana.

7Bangsa-bangsa silih lawan, nagara-nagara silih perangan, sarta di mana mendi aya kalaparan jeung lini.

8Najan kitu, eta mah kakara awalna tina kasangsaraan, memeh datang jaman anyar.

9Engke, maraneh bakal ditangkep, dikaniaya, dipaehan, jeung dimusuhan ku sarerea ku sabab Kami.

10Loba anu bakal murtad, silih selehkeun, jeung silih pikangewa.

11Nabi-nabi palsu maruncul sarta loba anu kasasabkeun.

12Kadorakaan oge beuki nambahan; ku sabab eta, loba anu bakal leungit kanyaahna.

13Tapi sing saha nu bisa tetep satia nepi ka jucungna, tangtu pinanggih karahayuan.

14Ari Injil, — pernyataan Karajaan tea — bakal sumebar ka sakuliah dunya, ngajadi saksi ka sakabeh bangsa; geus kitu, kakara ahir jaman teh datang.”

15“Di mana Musibat-hebat geus ngajega di tempat suci sakumaha cek ungel dawuhan anu ditepikeun ku Nabi Daniel tea, — paramaos, perhatoskeun —

16nu marangkuk di Yudea kudu mubus ka pagunungan.

17Nu keur aya di hateup panganginan ulah turun pikeun barang cokot heula ka jero imah.

18Nu keur aya di huma ulah balik heula nyokot papakean.

19Tapi bo, anu harita keur kakandungan atawa nyarusuan mah, estu matak watir anu aya.

20Kudu ngadu'a ka Pangeran mudah-mudahan poean kabur teh, ulah eukeur usum tiris atawa ninggang di poe Sabat.

21Sabab siksaan tina eta musibat teh, kacida matak ketirna; taya babandinganana, ti barang dunya gumelar nepi ka jaman kiwari sarta ka hareupna moal aya-aya deui.

22Cacakan lamun waktuna henteu disingget, kabeh anu kumelip moal aya nu salamet. Tapi ku sabab ngemutkeun jalma-jalma anu meunang milih, waktuna teh disingget.

23Harita, mun aya nu uar-uar: ‘Ieu Al Masih di dieu!’ Atawa ‘Itu Al Masih di ditu!’ Ulah didenge.

24Sabab bakal muncul al masih-al masih palsu jeung nabi-nabi palsu, ngayakeun tanda-tanda anu hebat jeung sakur nu matak helok; nepi ka mun bisa mah jelema-jelema beunang milih tea ge, rek disasabkeun.

25Tah, eta ku Kami geus diterangkeun ti ayeuna ka maraneh.

26Jadi, mun aya nu uar-uar: ‘Tuh, Al Masih aya di alas kikisik!’ Atawa ‘Eta, Anjeunna aya di kamar!’ Ulah diandel!

27Sabab pisumpingeunana Putra Manusa teh, lir kilat anu ngerelep di wetan sarta cahayana ngaburinyay nepi ka tungtung kulon.

28Di mana ayana bangke, nya di dinya karumpulna manuk gagak.”

29“Sanggeus jaman siksaan tea, beak; reup panonpoe surem; bulan ilang cahayana; bentang-bentang maruragan; kakuatan alam kabeh genjlong.

30Breh di langit aya ciciren, cicirenna Putra Manusa. Bangsa-bangsa di sakuliah bumi tingdarengek nenjo Putra Manusa sumping luhureun mega di langit, nganggo sagala kakawasaan jeung kamulyaana-Na.

31Anjeunna bakal ngutus malaikat-malaikat-Na bari nariup sangkakala anu sorana hebat kabina-bina; eta malaikat-malaikat teh bakal ngumpulkeun umat Anjeunna nu geus beunang milih, ti tungtung langit ieu nepi ka tungtung langit itu.”

32“Lenyepan harti silokana tangkal kondang: Lamun dahanna geus mimiti ngandung cai jeung daunna geus mimiti renung, urang nyaho yen geus tereh usum panas.

33Kitu oge: Di mana perkara-perkara nu bieu dicaritakeun geus kasorang, sing inget yen waktuna tereh cunduk, geus nampeu di lawang panto.

34Cek Kami, ka maraneh: Ieu bangsa nu kiwari, moal waka euweuh memeh perkara-perkara nu bieu bukti.

35Langit jeung bumi bakal euweuh, ari ucapan Kami mah moal keuna ku euweuh.

36Tapi ari poena jeung waktuna mah, saurang ge taya nu nyaho, — malaikat ge taya nu nyaho, kitu deui Sang Putra — anging Rama nu uninga.

37Sabab pirawuheuna-Na, Putra Manusa, bakal cara keur jaman Nabi Enoh.

38Samemeh ger caah, jelema-jelema jaman harita gawena ngan dahar nginum, nikah jeung ditikahkeun, nepi ka poena Nabi Enoh unggah kana kapal.

39Memeh caah datang mah, taya anu engeuh naon-naon; nya nepi ka ahirna kabeh kabasmi ku cai tea. Dina waktuna Putra Manusa rawuh ge, kaayaanana, nya kawas kitu.

40Harita, ti dua jelema nu keur digawe di huma nu saurang bakal dicandak, nu saurang ditinggalkeun.

41Ti dua awewe anu keur nutu, nu saurang bakal dicandak, nu saurang ditinggalkeun.

42Kitu, nu matak sing caringcing ati-ati; sabab maraneh teh, teu nyaho iraha pisumpingeunana nu jadi Jungjunan.

43Upama pribumi nyahoeun pukul sabaraha bangsat rek datang, tangtu taki-taki, moal diantep imahna dibobol batur.

44Ku sabab eta, sing caringcing taki-taki; sabab pirawuheunana Putra Manusa teh, sama sakali teu kasangka ti anggalna.

45Gandek nu mana anu geten sarta titen, anu ku dununganana bisa diangkat sina ngabawah batur-baturna mere dahareunana dina waktuna?

46Di mana dununganana datang, bagja jamuga gandek anu kasampak nohonan kawajiban.

47Cek Kami, ka maraneh: Ku dununganana, tangtu bakal diangkat jadi pangawas sakabeh harta milikna.

48Sabalikna, lamun si gandek teh jahat jeung pamikirna:

49‘Dunungan teh teu datang-datang;’ tuluy lain ngan nyiksa ka papada gandek sejenna wungkul, tapi manehna oge ngadon dahar nginum jeung tukang-tukang mabok.

50Waktu dununganana datang, dina poe anu teu disangka-sangka, kalakuanana jadi katohyan.

51Eta gandek, ku dununganana, tangtu bakal dipaehan. Manehna bakal ditempatkeun di tempatna jelema-jelema munapek. Di eta tempat teh, jelema-jelema bakal gegerungan bari sasambat jeung kumerot huntu.”



Download Audio MP3 (Matius 24):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Matius 24 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel