Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 3 >> 

1Isa angkat ka tempat ibadah deui. Harita, di dinya teh aya nu kempreng.

2Nu araya di dinya, aya nu hayang bisa nyalahkeun ka Isa. Kitu, nu matak sagala gerak-gerik Anjeunna, kacida diawaskeunana; sugan-sugan, Anjeunna, kagungan niat nyageurkeun dina poe Sabat.

3Isa nimbalan ka eta nu kempreng teh, saur-Na, “Coba ka dieu ka hareup!”

4Ti dinya, Anjeunna mariksa ka nu kumpul, “Naon anu ku Toret diidinan dipigawe dina poe Sabat? Kudu nulung atawa kudu nyilakakeun? Kudu numbu umur atawa megatkeun nyawa batur?” Nu kumpulan ngabaretem.

5Mayunan anu baredegong kitu, manah-Na ngerik. Anu kumpul dipapay diteuteup bari bendu. Tuluy ngalahir ka nu kempreng tea, “Cik, jungjungkeun eta leungeun!” Barang dijungjungkeun, wet terus cageur.

6Urang Parisi tinglaleos, medal sila, ti eta tempat ibadah. Langsung bae maranehna ngayakeun babadamian jeung parteyna Raja Herodes, neangan jalan pikeun nelasan Jungjunan.

7Isa katut murid-murid jengkar ka Talaga Galilea, diiring balarea.

8Aya nu ti Galilea, ti Yudea, ti Yerusalem, ti wewengkon Idumea, ti wewengkon peuntaseun Ciyordan, ti wewengkon nagri Tirus, jeung ti Sidon. Eta jelema rea naluturkeun teh lantaran maranehna panasan ku beja.

9Sanggeus eta jelema-jelema ngumpul; jadi pohara lobana. Isa mundut ka murid-murid, supaya disayagikeun parahu, malar henteu kasedekkeun.

10Pasedek-sedek teh lantaran Anjeunna sok nyageur-nyageurkeun tea. Atuh nu garering teh parebut paheula-heula nyabak Anjeunna.

11Ari anu kasurupan roh jahat mah, barang ret ka Anjeunna teh tingrumpuyuk bari ngagero, “Anjeun teh Putra Allah!”

12Tapi Isa ngalarang pisan, ka eta roh-roh jahat, nyaritakeun saha Anjeunna teh.

13Geus kitu, Isa unggah ka pasir. Anjeunna nyauran sawatara urang anu cop kana manah-Na.

14Sanggeusna kumpul, ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta nu kapilih teh, disebatna Rasul. “Maraneh ku Kami dipilih, supaya marengan Kami salilana,” dawuhana-Na.

15“Engke, maraneh, ku Kami diutus nepikeun Injil jeung dibere kakawasaan pikeun ngusir setan-setan.”

16Ngaran-ngaran nu kapilih, nya eta: Simon anu katelah Petrus; Yakobus bin Sebedeus jeung Yahya, dulurna.

17Ieu nu duaan ku Anjeunna disebatna “Boanerges,” hartina “Anakna guludug.”

18Tuluyna: Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpius, Tadeus, Simon Selotes,

19jeung Yudas Iskariot anu engkena ngahianat ka Jungjunanna.

20Ti dinya, Isa lebet ka hiji imah. Breg deui jelema-jelema, nepi ka Anjeunna katut murid-murid teu kabujeng tuang-tuang acan.

21Barang wargi-wargi-Na meunang beja, buru-buru nyarusulan rek dicandak mulih. Lantaran aya beja, cenah, Anjeunna teh geus kirang emutan.

22Ari cek ahli-ahli Kitab mah, anu daratang ti Yerusalem, majar teh, “Kaasupan Beelsebul!” Jeung, “Bisaeun ngusir setan-setan teh lantaran ku kapala setan.”

23Maranehna, ku Anjeunna sina kumpul; lajeng Anjeunna nyarios ku ibarat-ibarat, saur-Na, “Naha bisana Iblis ngusir Iblis?

24Nagara anu pecah-belah tangtu moal tahan:

25Rumah tangga anu pecah-belah tangtu baruntak.

26Kitu keneh, lamun iblis pada iblis bentrok sarta pecah, karajaanana baris tamat.

27Sabalikna, ka jelema gagah mah, saurang ge moal aya nu bisa asup ka imahna pikeun ngaringkid barang-barangna; lamun jelemana henteu dibarogod heula.

28Tengetkeun ieu ucap Kami: Dosa per dosa manusa, katut omongan-omongan kotorna anu doraka, aya hampuraeunana.

29Tapi jelema anu nganistakeun Ruh Allah mah, geus teu bisa dihampura sama sakali. Sabab dosana teh, geus jadi dosa anu langgeng.”

30Jungjunan ngadawuh kitu teh, ka jelema-jelema anu nyebutkeun yen Anjeunna kaasupan roh jahat.

31Ibu jeung saderek Isa, anu nyarusulan tea, geus tararepi. Tapi di laluar bae, teu bisa asup; jadi, ngan talatah supaya Anjeunna kaluar.

32Ku nu dareukeut diukna ka Isa diunjukkeun, “Tuang ibu sumping sareng saderek-saderek, saurna hoyong nepangan.”

33Isa ngawaler, “Saha kitu nu jadi indung jeung dulur-dulur Kami teh?”

34Sasaurana-Na bari mencrong ka nu ngariung. Saur-Na deui, “Ieu indung jeung dulur-dulur Kami mah!

35Nya eta, sing saha bae anu ta'at kana timbalan Allah. Tah, nu kitu indung Kami mah; nu kitu dulur-dulur Kami mah, boh awewe, boh lalaki.”



Download Audio MP3 (Markus 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Markus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel