Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Roma 7 >> 

1Dulur-dulur! Piraku teu terang, yen hukum teh, kakuatanana ngan keur satungtung urang hirup keneh. (Ieu omongan simkuring teh ditujulkeun ka anu geus arahli).

2Contona: Hiji awewe, kakurungna ku hukum tikah teh ngan sapanjang salakina hirup keneh. Ari salakina geus maot mah, manehna leupas tina eta hukum.

3Satungtung salakina hirup keneh, upama awewena kawin kanu sejen, ngaranna jinah. Lamun kawinna deui sanggeus salakina maot mah, lain jinah; sabab manehna, geus teu kakurung deui ku hukum.

4Nya kitu pisan, pupusna Al Masih dina tihang salib teh geus ngalantarankeun aranjeun maot, leupas tina hukum Toret. Ku sabab eta, aranjeun bisa kapimilik ku nu lian, nya eta ku Anu geus dihirupkeun deui ti nu maraot, pikeun ngabijilkeun buah-buah pagawean anu hade kanggo Allah.

5Waktu urang hirup dina sipat jasmani, ku sabab kapangaruhan ku Toret, tabeat teh pinuh ku napsu kana ngalampahkeun dosa; nya anu balukarna mah, maot tea.

6Tapi ayeuna mah, urang teh geus dibebaskeun tina hukum Toret. Jadi, pikeun Toret anu sakitu ngabeungkeutna teh, urang geus paeh. Ku kituna, urang geus lugina enggoning ngabakti ka Allah. Lain ngabakti nurutkeun cara anu heubeul, sakumaha sacerewelena uni Toret, tapi ku cara hirup nu anyar kalawan panuyun Ruh.

7Kumaha anggapan urang ayeuna? Naha ari Toret teh dosa? Lain! Malah simkuring terang kana dosa teh tina hukum Toret. Simkuring moal terang naon dosana jalma hawek, lamun teu aya hukum Toret anu unina: ‘Maneh ulah hawek.’

8Ku sabab aya eta larangan, dosa teh boga kasempetan ngahudangkeun rupa-rupa napsu teu uni di diri simkuring. Da mun teu aya hukum Toret mah, dosa teh paeh.

9Waktu keur di luareun hukum Toret mah, simkuring teh hirup. Tapi sanggeus kabeungkeut ku undang-undangna, jadi tibalik, nya eta dosa anu hirup,

10ari simkuring anu paeh. Jadi, eta undang-undang anu kuduna nungtun kana hirup teh, malah maehan ka simkuring.

11Ku ayana eta undang-undang, dosa teh bisaeun ngagoda ka simkuring, nepi ka simkuring paeh ku eta undang-undang.

12Najan kitu, ari Toretna mah estuning suci. Undang-undangna oge suci, adil tur hade.

13Jadi, na enya eta anu sakitu hadena teh matak paeh keur simkuring? Mustahil! Kieu nu saenyana mah: Dosa teh dasar dosa, eta hal nu hade teh ku dosa tetep dipake alat maehan simkuring. Tetela, pohara jahatna, dosa teh!

14Sarerea oge terang, hukum Toret teh sipatna rohani, ari simkuring sipat jasmani, geus kabeuli sarta kabeulit ku dosa.

15Simkuring nepi ka helok ku lampah diri sorangan; dumeh anu dipilampah teh, salawasna, wet lain nu dipimaksud, tapi anu ku sorangan ge dipikaijid.

16Papadaning kitu, unggal-unggal, simkuring teh ngalampahkeun anu dipikaijid tea; ari kitu mah, simkuring ngaku, yen hukum Toret teh hade.

17Ana kitu atuh anu ngalampahkeun kagorengan teh lain simkuring, tapi anu nyayang di diri simkuring, nya dosa tea.

18Simkuring rumasa pisan, yen sakumaha ilaharna manusa simkuring teh sama sakali henteu kaancikan ku bebeneran. Aya oge karep anu hade, tara sok nepi ka prakna.

19Da anu dipilampah teh lain anu hade, sakumaha anu dicita-cita, anggur anu jahat jeung anu dipikaijid tea.

20Atuh tetela, anu ngalampahkeun pagawean nu teu dipikahayang teh, saenyana mah lain simkuring, tapi dosa anu nyayang dina diri tea.

21Jadi simkuring teh manggih pangalaman kieu: Unggal boga niat ngalampahkeun nu hade, anu jahat teh enggeus nyampak.

22Ari batin kataji ku hukum Allah;

23tapi dina awak karasa aya kakuatan sejen anu merangan budi rasa, anu temahna simkuring teh kaboyong ku eta kakuatan dosa anu ngawasaan sakujur awak simkuring.

24Beu, tetela, jalma cilaka simkuring teh! Saha atuh anu bisa nulungan simkuring tina ieu hirup nu katungkul kupati teh?

25Aya, nya eta Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Sembah nuhun ka Allah. (7-26) Tah kitu simkuring teh, mun diantep karep mah: Ari cek budi rasa kudu ngawula teh ka hukum Allah, tapi perwatekna diri ngajak biluk kana kakawasaan dosa.



Download Audio MP3 (Roma 7):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Roma 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel