Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 21 >> 

1Geus kitu, simkuring ningal aya langit anyar jeung bumi anyar. Ari langit jeung bumi nu heubeul mah, geus musna.

2Breh deui, aya Kota Suci, nya eta Yerusalem anyar keur diturunkeun ti sawarga ku Allah. Geus saged sapuratina, lir panganten awewe anu midang keur panganten lalaki.

3Ti lebah singgasana aya anu sasauran: “Kiwari Bait Allah geus ngadeg di tempat manusa. Di dinya Allah baris linggih salalawasna nyarengan manusa, anu geus diangkat jadi umat-Na.

4Cipanonna dipupus ku Mantenna. Paeh, kasedih, kapeurih, kanyeri, geus hamo aya deui. Sagala nu heubeul geus liwat.”

5Nu linggih dina singgasana ngadawuh: “Kabeh ku Kami geus dianyarkeun!” Geus kitu, nimbalan ka simkuring: “Tuliskeun! Sabab dawuhan Kami teh saestuna pisan, layak dipercaya.”

6Ngadawuh deui: “Kami teh Alif jeung Ya: Nu Awal jeung Nu Ahir. Sakur nu halabhab, ku Kami dibere nginum tina Cinyusu Kahirupan, teu kudu mayar.

7Sakur nu unggul, eta jadi putra Kami; ari Kami, Allah anu disembah ku maranehna. Kitu ganjaranana.

8Sabalikna, anu lemah imanna, anu henteu satia, anu masiat, nu maehan, anu rucah, tukang sihir, nu nyembah ka brahala, jeung tukang bohong ganjaranana teh, nya eta lautan seuneu walirang; tah eta, Paeh kadua teh.”

9Salah sahiji ti malaikat nu nyarangking tujuh pinggan balai anu panutup tea, ngajak ka simkuring, saurna, “Hayu! Urang nenjo panganten istri geureuha-Na Anu ngagem gelaran Anak Domba tea.”

10Ti dinya, simkuring dibawa ku pangawasa Ruh ka hiji puncak gunung anu luhur kabina-bina. Breh ebreh Yerusalem anyar, nya eta Kota Suci anu diturunkeun ku Allah ti sawarga.

11Endah taya papadana; ngempur mancur ku kamulyaan Allah; gilang-gumilang, lir mata berlian jeung permata yaspis; ngeclong mencrang, lir kaca kristal.

12Kutana, nya kandel nya luhur, make dua belas lawang anu dikawal ku dua belas malaikat. Unggal tarang lawang aya tulisanana, ngaran dua belas kaom Israil.

13Unggal pongpokna tilu-tilu lawang: Tilu di wetan, tilu di kidul, tilu di kaler, sarta tilu di kulon.

14Pademen kuta, ngadegna dina dua belas batu anu diukir ku jenengan dua belas rasul-Na Anak Domba.

15Malaikat nu ngajak ka simkuring tea, mawa hiji tumbakan emas, pikeun ngukur eta kota katut lawang-lawang jeung kutana.

16Bangun eta kota pasagi bener, ka panjangna ka rubakna sarua. Sanggeus ku malaikat diukur, panjangna aya dua belas rebu istadi (sarebu lima ratus mil); rubakna jeung luhurna oge sakitu.

17Ari luhur kutana aya saratus opat puluh opat asta. Ukuran anu dipake ku eta malaikat, sarua jeung ukuran di manusa.

18Kutana tina inten yaspis. Kotana tina emas duket anu ngagenclang.

19Pademen tempat ngadegna, dihias ku rupa-rupa batu anu marulya. Batu pademen anu kahiji tina yaspis; nu kadua tina nilem; nu katilu tina kalsedon; nu kaopat tina jambrut;

20nu kalima tina angkik; nu kagenep tina yakut; nu katujuh tina krisolit; nu kadalapan tina beril; nu kasalapan tina ratna campaka; nu kasapuluh tina krisopras; nu kasabelas tina hiyakin;

21nu kadua belas tina kucubung. Ari lawang-lawangna dua belasanana tina mutiara, hiji lawang tina hiji mutiara. Jalan-jalanna tina emas duket, herang lumenggang.

22Di dinya, teu aya Bait Suci; sabab Nu jadi Bait Sucina, nya Allah ku manten, — Nu Maha Kawasa — jeung Anak Domba.

23Tur teu perlu panonpoe atawa bulan sabab geus caang ku kamulyaan Allah. Ari Anak Domba, ibarat lampuna.

24Bangsa-bangsa bakal kacaangan ku eta kota, raja-rajana bakal daratang ka dinya bari marawa pangbakti.

25Lawang-lawangna sapapanjangna tara meundeut-meundeut; sabab di dinya mah, teu aya peuting.

26Bangsa-bangsa daratang marawa rupa-rupa anu marulya.

27Najan kitu, eta kota moal kaasupan ku nu sipat najis, nu goreng lampahna, atawa ku tukang bohong. Sabab anu baris ka darinya teh, ngan anu ngaranna aya dina Kitab Kahirupan nu dicangking ku Anak Domba tea.



Download Audio MP3 (Wahyu 21):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Wahyu 21 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel