Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA2]     [PL]  [PB] 
 <<  Yakobus 3 >> 

1Dulur-dulur! Ulah sarerea harayang jadi guru. Ku urang ge geus karasa, guru mah ana geus disalahkeun sok leuwih beurat ti nu lian.

2Mangkaning urang teh sarerea oge tara luput tina kasalahan-kasalahan. Anu ucap-ucapanana tara salah tur sanggup ngadalian diri, nya jelema sampurna tea ngaranna.

3Kuda beunang dikadalian, sina nurut dikuah-kieuh ku urang.

4Kapal kajeun sakumaha gedena tur lajuna ku tanaga angin gede, geuning bisa digulak-gilek ku kamudi anu sakitu leutikna.

5Letah oge nya kitu: Kajeun leutik, tapi mungguhing kalungguhanana mah kacida pentingna. Seuneu saenyay, bisa ngahuru leuweung geledegan.

6Letah oge kawas seuneu, jadi sumbering balai anu ngancik dina diri, anu bisa nyebarkeun kajahatan jeung ngahuru tata cara kahirupan urang sagemblengna. Sabab letah teh, sategesna mah mawa seuneu naraka.

7Jelema bisa ngalilindeuk mahluk sejen: Sato leuweung, manuk, sato bangsa kadal, kitu deui lauk.

8Tapi letah mah, hamo aya anu bisa ngalilindeuk. Letah mah, estuning mangprung teu beunang diatur-atur, jadi sumber werejit anu mateni.

9Ku urang sok dipake muji sukur ka Pangeran, Allah Nu jumeneng Rama tea. Tapi sok dipake nyumpahan ongkoh, nyumpahan papada manusa anu dijadikeunana ngalap ka salira Allah.

10Nya pamuji sukur nya panyapa, ngaburulana tina sungut eta-eta keneh. Dulur-dulur ulah nepi ka kitu.

11Sageuy, aya cinyusu ngabijilkeun cai tawar ongkoh cai asin ongkoh.

12Sageuy, aya tangkal kondang buahan jetun atawa anggur buahan kondang. Sageuy, aya cai ti laut anu rasana tawar.

13Saha di aranjeun anu alim jeung luhung panemu? Kudu bukti tina caraning hirupna ku amal-amal anu hade, anu medal tina usiking budi anu lemes tur lantip.

14Ari boga hate sirik-pidik, ngunek-ngunek jeung hawek mah ulah waka agul-agul! Ulah nyiar ekol pikeun ngalawan sual nu bener.

15Budi pangarti kawas kitu mah kaluaran ti dunya, lain bijilan sawarga, tapi asal tina hawa napsu idajil.

16Sipat sirik jeung hawek mah, perbawana ngan ngajak kusut, mawa kana lampah jahat.

17Sabalikna, budi pangarti anu asal ti sawarga, — sipat anu pangutamana — nya eta suci. Lian ti eta: Resep rapih, darehdeh, nurut, karunyaan, jembar ku amal, leubeut ku kahadean, tara beurat sabeulah, sarta tara munapek.

18Buah-buahna oge tangtu hade jeung bener, anu disebarkeun ku sing saha anu resep kana karapihan.



Download Audio MP3 (Yakobus 3):
Mobile (Low Quality) - CD (High Quality)

 <<  Yakobus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Single Panel Single Panel