Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 4 >> 

1Anggap rasul-rasul teh kawula-kawula Kristus anu kudu nerangkeun maksad-maksad Allah anu tacan kabuka ku dunya.

2Anu dipenta ti ieu kawula-kawula nya eta satia ka dunungan.

3Sim kuring rek dituduh kumaha ge ku aranjeun atawa ku nu sejen, pek bae. Sim kuring sorangan teu bisa nangtukeun.

4Ceuk rarasaan mah sim kuring beresih, tapi tacan tangtu teu boga salah. Anu kawasa nangtukeun ngan Pangeran.

5Anu matak ari tacan waktuna mah ulah waka nangtukeun batur salah. Dago nepi ka Gusti sumping deui, Anjeunna nu bakal ngaguarkeun sakur anu ayeuna buni, jeung nembrakkeun sagala kereteg anu nyumput dina pikiran manusa. Nya dina waktu eta masing-masing jelema meunang pamuji anu layak ti Allah.

6Dulur-dulur! Hal eta kabeh rek dilarapkeun ka sim kuring sorangan jeung ka Apolos pikeun nyontoan aranjeun, supaya aranjeun bisa diajar ngarti kana papatah kieu, "Ulah nimbang leuwih ti layakna." Jadi ulah ngugung-ngugung ka batur, ngarerendah ka nu lian.

7Saha anu ngaleuwihkeun aranjeun ti anu sejen? Ti saha pangaboga aranjeun ayeuna lamun lain ti Allah? Anu matak ku naon rek dipake dir, kawas ka nu lain kurnia Allah?

8Kutan aranjeun geus taya kakurang, geus baleunghar, geus jaradi raja? Rasul-rasul mah boro-boro. Muga-muga sing enya aranjeun jaradi raja, supaya rasul-rasul oge jaradi raja cara aranjeun.

9Sabab karasana ku sim kuring, rasul-rasul mah ku Allah diteundeun di nu panghinana, kawas nu rek dihukum paeh hareupeun jalma rea, jadi tongtoneun manusa sajagat jeung para malaikat.

10Ku karana Kristus, rasul-rasul mah jelema-jelema barodo, teu cara aranjeun anu ngahiji jeung Kristus palinter! Rasul-rasul lalemah, aranjeun mah garagah. Rasul-rasul dicela, aranjeun mah dipuja-puja. Rasul-rasul dihinakeun, aranjeun mah diagungkeun!

11Tepi ka waktu ieu ge rasul-rasul mah kalaparan, kahanaangan, barangpake rubag-rabig, utrak-atrok teu boga tempat;

12awak asa pasiksak ku gawe beurat. Ka nu nyumpahan, rasul-rasul ngabales ku ngaberkahan; dikaniaya, rasul-rasul mah bati pasrah;

13dipoyokan, rasul-rasul mah kudu angger amis budi. Rasul-rasul mah nepi ka ayeuna ge teu leuwih ti runtah anu ngabalaan jagat, barang piceuneun!

14Nulis kieu soteh lain rek sindir sampir ka aranjeun, tapi rek mamatahan cara ka anak kanyaah.

15Sabab sanajan upama aranjeun boga guru sapuluh rebu anu mapatahkeun hirup Kristen, ari bapa mah ngan hiji. Dina hirup aranjeun ngahiji jeung Kristus Yesus, sim kuring teh lir bapa aranjeun, lantaran sim kuring anu nepikeun Injil Kasalametan ka aranjeun.

16Ku sabab kitu pek ieu bapa aranjeun teh piconto.

17Tumali jeung eta sim kuring ngutus Timoteus ka aranjeun. Dina hal anut ka Gusti, Timoteus bisa dipercaya, sim kuring mah geus asa ka anak teges. Ku sim kuring dititah ngingetan deui aranjeun hal jalan hirup sim kuring sanggeusna percaya ka Kristus, jalan anu ku sim kuring diajarkeun di unggal jamaah di mana-mana.

18Aya sawatara jelema anu jadi kumaki di aranjeun, dumeh ceuk panyangkana sim kuring moal ka dieu.

19Padahal geus tangtu sim kuring datang moal lila deui oge, lamun dipareng ku Gusti. Hayang nyoba naon kakuatanana pang karumaki teh, ulah ngan kalah ka omong.

20Sabab hirup di Karajaan Allah mah kudu dibuktikeun ku daya hirupna, lain ku omonganana.

21Pilih mana suka! Upama engke sim kuring datang, aranjeun hayang dibere pangajaran ku kakerasan atawa ku lemah lembut jeung kaasih?


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Korintus 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel