Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Korintus 7 >> 

1Ayeuna ngeunaan masalah anu ditulis dina surat aranjeun. Lalaki alus lamun teu kawin.

2Tapi ku sabab loba gogoda, leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.

3Salaki kudu nyumponan kawajiban ka pamajikan, pamajikan kudu nyumponan kawajiban ka salaki, duanana kudu silih sugemakeun.

4Pamajikan taya hakna ka dirina, dirina hak salakina. Salaki ge taya hakna ka dirina, dirina hak pamajikanana.

5Sare ulah papisah, kajaba sawaktu-waktu upama arek tapakur, tapi masing-masing kudu satuju heula. Sanggeusna mah kudu raket reujeung deui, netepan kawajiban laki rabi, supaya henteu kagoda ku Iblis ku lantaran henteu kuat ngabendung napsu.

6Sakadar nasehat bae ieu mah, lain parentah.

7Saenyana sim kuring leuwih satuju lamun aranjeun cara sim kuring, teu karawin. Tapi da bakat urang ti Allah teh beda-beda, nu itu kitu nu ieu kieu.

8Ayeuna nasehat pikeun anu tacan kawin, jeung awewe randa. Hadena mah angger nyorangan cara sim kuring.

9Tapi ari teu tahan mah pek bae kawin, sabab ti batan marudah napsu mending kawin.

10Pikeun anu eukeur laki rabi, ieu aya nasehat. Lain ti sim kuring, tapi nasehat ti Gusti. Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki.

11Tapi lamun nepi ka ninggalkeun kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki, kitu deui salaki teu meunang nyerahkeun pamajikan.

12Nasehat ka anu sejenna (ieu mah nasehat ti sim kuring, lain ti Gusti): Lamun salakina Kristen, pamajikanana lain tapi daek hirup babarengan, ulah diserahkeun.

13Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.

14Sabab sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.

15Tapi lamun salah saurang anu lain Kristen hayang pegat ti batur hirupna anu Kristen, ulah dihalang-halang, pegatkeun bae, meunang. Dina hal kieu, boh lalakina boh awewena anu Kristen bisa bebas, sabab kahoyong Allah umat-Na teh hirup rukun.

16Sabab anjeun, bojo anu percaya ka Kristus, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun salaki? Kitu keneh salaki anu Kristen, kumaha rek bisa ngarasa pasti yen moal bisa nyalametkeun pamajikan?

17Masing-masing kudu hirup nuturkeun panuyun Allah, sakumaha anu geus diatur ku Mantenna waktu masing-masing mimiti disaur. Hal ieu diajarkeun ku sim kuring di unggal jamaah.

18Upamana, jelema anu waktu disaur ku Allah enggeus disunat, teu kudu ihtiar supaya tanda sunatna leungit. Jelema anu waktu disaur ku Allah tacan disunat, ulah menta disunat.

19Disunat teu disunat teu jadi sual, nu utama mah nurut kana parentah-parentah Allah.

20Sing tetep-tetep hirup sakumaha waktu mimiti meunang panyaur Allah.

21Lamun keur waktu disaur keur jadi abdi, teu kudu jadi pikiran. Ngan lamun aya kasempetan bebas, eta kasempetan gunakeun.

22Sabab hiji abdi anu geus disaur ku Gusti, tanda yen jelema bebas kagungan Gusti. Kitu keneh jelema bebas anu geus disaur ku Kristus, dirina teh abdi Anjeunna.

23Aranjeun teh ku Allah geus digaleuh mahal, anu matak ulah jadi abdina sasama manusa.

24Kitu dulur-dulur, sing tetep-tetep aya di Allah sakumaha kaayaan waktu disaur ku Mantenna.

25Ayeuna sual nu tacan karawin. Tina sual ieu sim kuring teu meunang pituduh naon-naon ti Gusti. Tapi ku karana rahmat Gusti, sim kuring bisa bae dipercaya, rek mere nasehat.

26Ngingetkeun ayeuna teh jaman susah, ceuk pangrasa sim kuring mah nu tacan karawin teh mending tetep lalagasan.

27Geus kawin? Ulah pepegatan. Can kawin? Tong hayang boga pamajikan.

28Tapi kawin oge teu naon-naon, henteu dosa. Awewe ge nya kitu keneh, anu tadina lengoh tuluy kawin teu naon-naon, henteu dosa. Ngan kawin teh loba karepot, unggal poe loba uruseun. Karunya sim kuring mah, hayang aranjeun ulah boga karidu.

29Kieu sababna: Ieu jaman teh geus cueut. Jadi ti ayeuna keneh anu geus baroga pamajikan kudu cara nu teu boga;

30anu ceurik ulah kaciri nalangsa, anu seuri ulah kaciri meunang kabungah, anu barangbeuli ulah asa geus boga naon-naon,

31anu icikibung dina pausahaan ulah siga aya patalina jeung eta. Sabab dunya ieu dina kaayaanana kiwari, umurna moal lila deui.

32Kahayang sim kuring aranjeun ulah aya karidu naon-naon. Lalaki anu teu kawin tangtu bisa museurkeun pikiran kana hal-hal anu tumali jeung Gusti, pikeun nyenangkeun manah-Na.

33Ari geus rumah tangga mah tangtu teu kaur kitu balas ngurus rumah tangga, malar pamajikanana senangeun hatena;

34pikiranana jadi ngarancabang. Awewe anu teu kawin atawa parawan, bisa laluasa ngawulakeun diri ka Gusti, ngabaktikeun jiwa ragana. Ari boga salaki mah tangtu moal kaur kitu, repot ku urusan rumah tanggana, malar kapake ku salakina.

35Nganasehatan soteh hayang ngentengkeun. Lain ngalarang kitu ngalarang kieu, hayang memener hirup aranjeun, supaya aranjeun bisa museurkeun pikiran ka Gusti.

36Lamun aya lalaki anu mutuskeun moal tulus kawin padahal eukeur tunangan, kieu: Lamun eta lalaki ngarasa putusanana kitu teh ngaraheutan hate kakasihna, tur manehna ge geus teu kuat hayang kawin, ngarasa wajib ngawin kakasihna, kawin bae. Eta lain dosa.

37Tapi lamun putusan hatena moal kawin teh lain putusan kapaksa sarta bener henteu kawin, memang kitu hadena, asal kuat.

38Cindekna, lalaki anu kawin teh alus, tapi anu henteu kawin leuwih alus.

39Awewe anu kawin katalian ku salakina sapanjang salakina hirup keneh. Meunang engke kawin deui ka lalaki kasukana, lamun salakina geus maot, tapi kudu ka urang Kristen keneh.

40Tapi bakal leuwih bagja lamun manehna tetep lelengohan. Kitu pangrasa sim kuring, anu ceuk rarasaan mah meunang ngalelempeng Roh Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Korintus 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel