Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Petrus 1 >> 

1Kahatur dumateng dulur-dulur anu enggeus dipilih ku Allah, anu papencar di tempat-tempat pangungsian di Pontus, Galata, Kapadokia, Asia jeung di Bitinia. Sim kuring Petrus, rasulna Yesus Kristus ngaharep,

2mugia aranjeun ginanjar rahmat rahayu ti Allah. Geus jadi pangersa Allah Rama aranjeun ku Mantenna dipilih dijadikeun umat-Na anu geus disucikeun ku Roh Mantenna sangkan aranut ka Yesus Kristus, supaya bebas tina dosa ku jalan disucikeun ku getih Anjeunna.

3Puji jeung sukur kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Allah teh ku bawaning mikawelas geus midamel urang jadi manusa anu anyar dina hirup anu anyar, anu geus boga hiji pangharepan anu moal pareum-pareum, ku jalan Mantenna ngahirupkeun deui Yesus Kristus tina pupus-Na.

4Nya ku sabab kitu urang teh meunang ngarep-ngarep kana saniskara berkah anu geus disayagikeun ku Allah pikeun umat-Na anu disimpenna di sawarga, anu moal keuna ku ruksak, moal bobo, moal ngurangan pangajina.

5Eta saniskara berkah teh pikeun aranjeun anu geus aya dina pangraksana kakawasaan Allah sangkan salamet, lantaran percaya ka Allah. Eta tangtu engke katampa ku aranjeun dina ahir jaman.

6Aranjeun kudu bungah ku hal ieu, sanajan ayeuna keur susah jeung prihatin ku rupa-rupa cocoba.

7Maksudna nya eta pikeun nguji kamurnian iman aranjeun ka Pangeran. Geuning emas oge anu beunang diruksak sok diuji. Komo deui iman aranjeun anu pangajina leuwih ti emas, kudu diuji supaya murni. Ku jalan kitu lamun aranjeun kuat nandangan eta cocoba, engke dina Poe sumpingna Yesus Kristus aranjeun bakal dipuji, dihormat, dimulyakeun.

8Aranjeun nyaraah ka Yesus Kristus, padahal can nenjo-nenjo acan, aranjeun percaya ka Anjeunna sanajan ayeuna Anjeunna geus teu katenjo. Ku sabab kitu aranjeun bakal meunang kabungah anu taya caturkeunana,

9lantaran buahna eta kapercayaan aranjeun teh jadi kanyataan, nya eta kasalametan nyawa aranjeun.

10Para nabi anu ngawejangkeun ieu kasalametan pikeun aranjeun, baheula enggeus nalungtik jeung nitik-nitik.

11Anu ditalungtik teh kumaha jeung jaman mana pijadieunana eta hal anu ti samemehna keneh geus ditujul ku Roh Kristus ku anjeun anu aya di jero diri aranjeunna, anu ngandikakeun hal kasangsaraan anu baris disorang ku Kristus, kitu deui hal kamulyaan Anjeunna sabada sangsara.

12Aranjeunna geus diuningaan ku Allah, yen anu keur ditalungtikna teh jang aranjeun, lain jang aranjeunna. Ayeuna warta perkara eta teh geus kadarenge ku aranjeun ti jalma-jalma anu ngawartakeun Injil Kasalametan. Aranjeunna ngawawarkeun eta Injil Kasalametan teh kalawan pitulungna Roh Suci anu dilungsurkeun ti sawarga. Kana hal ieu sanajan para malaikat oge harayangeun uninga.

13Ku sabab eta kudu sadia-sadia. Kudu sayaga sarta sing anteb ngarep-ngarep sih kurnia Allah anu bakal dipaparinkeun dina waktu Yesus Kristus sumping engke.

14Masing ngesto ka Allah, jeung ulah nurutkeun deui kahayang-kahayang napsu anu bareto basa keur sakarep-karep keneh.

15Sabalikna masing suci kalakuan, sabab Allah anu geus nyaur aranjeun teh suci,

16sakumaha ceuk Kitab Suci, "Maraneh kudu suci, sabab Kami teh suci."

17Aranjeun ari neneda ka Allah, ka Mantenna nyebut Ama. Mantenna nimbang perkara manusa tara pilih kasih, kabeh satimpal jeung kalakuanana masing-masing. Ku sabab kitu meungpeung keur di dunya, umur teh kudu dipake ngagungkeun ka Mantenna.

18Aranjeun geus terang, naon anu ku Mantenna dianggo nebus aranjeun supaya bebas tina kalakuan anu taya paedahna tuturunan ti karuhun. Lain ku barang anu sok ruksak saperti upamana perak atawa emas,

19tapi ku anu kacida mulyana, ku anu diibaratkeun "domba anu taya cacad kuciwana", nya eta Kristus anu dikurbankeun ka Allah.

20Kristus ku Allah geus dipilih ti samemeh dunya diadegkeun, sarta ayeuna dina mangsa-mangsa geus rek ahir jaman, Anjeunna sumping ka dunya baris nyalametkeun aranjeun.

21Kristus teh geus jadi jalan sangkan dulur-dulur percaya ka Allah, anu nanghikeun Anjeunna ti nu maraot sarta anu maparin kamulyaan. Ku hal eta percaya teh kudu ka Allah, ngaharep teh kudu ka Allah.

22Ayeuna aranjeun geus anut kana hal anu sayakti, geus nyarucikeun diri, geus baroga kanyaah ka papada batur sakapercayaan, geus silih pikanyaah saiklas-iklasna.

23Sabab ku karana sabda Allah anu sipatna hirup tur langgeng, aranjeun geus jadi jalma anyar, lir anu dijurukeun deui, lain ku manusa anu sipatna keuna ku paeh, tapi ku rama nu sipat langgeng.

24Karana ceuk Kitab Suci: "Jalma mah kabeh saibarat jukut, harkatna ge saibarat kembang jukut. Jukut tangtu alum, kembangna ge maruragan,

25tapi sabda Pangeran mah tetep salalanggengna." Tah eta sabda teh nya eta Injil Kasalametan, anu geus diwawarkeun ka aranjeun tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Petrus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel