Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 14 >> 

1Hiji mangsa putra pameget Yarobam anu jenengan Abia teu damang.

2Yarobam ngalahir ka geureuhana, "Nyai geura dangdan tuluy ka Silo, ka Nabi Ahia, anu bareto nyebutkeun yen Akang bakal jadi raja tea. Tapi kudu nyamar ngarah teu katangen.

3Mawa roti sapuluh siki, kueh-kueh jeung madu sagoci keur kikintun. Taroskeun ka anjeunna kumaha kituh ieu si ujang teh geringna, tangtu ku anjeunna diwartoskeun."

4Gasik geureuha Yarobam angkat ka Silo ka bumi Nabi Ahia. Eta nabi geus sepuh. Ku tina kasepuhanana socana geus teu ningali.

5Tapi geus diuningaan ku PANGERAN yen bakal kasumpingan garwa Yarobam anu rek mundut pituduh perkara panyawat putrana. Pikeun ngawalerna oge geus diuningaan. Gancangna garwa Yarobam geus sumping, niron-niron awewe biasa.

6Tapi barang keresek lebet ka lawang, ku nabi geus dihiap saurna, "Lebet Nyi Yarobam! Keur naon make nyamar? Ieu aya beja banget keur Nyai.

7Popoyankeun ieu timbalan PANGERAN pikeun Yarobam, kieu, ‘Maneh teh ku Kami geus diangkat ti nu loba, dijieun raja nyangking umat Kami Israil,

8dibere karajaan beunang Kami nyandak ti turunan Daud. Kari-kari maneh bet henteu kawas abdi Kami Daud anu sakitu sumujudna, sakitu tuhuna kana timbalan-timbalan Kami, taya karepna nu sejen salian ti ngalampahkeun pangersa Kami.

9Sabalikna kalakuan maneh kacida dorakana, leuwih doraka ti batan raja-raja nu ti hareula. Maneh nonggongan ka Kami, nyundut amarah Kami ku nyieunan brahala jeung arca-arca keur sembaheun.

10Mana kanyahokeun, kulawarga maneh ku Kami rek ditumpes. Turunan maneh lalaki, nu kolot, nu ngora keneh, kabeh rek dibasmi sing tumpur. Ahli-ahli maneh ku Kami bakal disapu kawas nyapukeun kokotor.

11Satiap ahli Yarobam, paeh di kota bakal dihakan anjing, paeh di tegal bakal beak ku manuk gagak. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.’"

12Ahia terus keneh sasauranana ka garwa Yarobam, "Jig geura balik. Engke, barang ce Nyai nincak nagara, anak Nyai geus kereles manten.

13Eta budak maotna bakal diceungceurikan ku sakumna bangsa Israil sarta bakal dikubur. Ngan eta saurang ahli Yarobam anu maotna bakal dikubur tur mayitna dipulasara, sabab ngan eta saurang anu ku PANGERAN Allah Israil kapendak hade.

14Satuluyna PANGERAN bakal ngajenengkeun hiji raja sejen nyangking Israil, anu baris namatkeun raja turunan Yarobam.

15Nagara Israil ku PANGERAN bakal dihukum, dioyag-oyag lir galagah ditarajang ku nyeotna walungan. Urang Israil ku Mantenna bakal dirabut ti ieu tanah anu sakieu hadena paparin Mantenna ka karuhun maranehna. Bakal diawurkeun mancawura ka peuntaseun Walungan Eprat, lantaran geus nyarieun arca-arca batari Asera, nyundut bebendu PANGERAN.

16Urang Israil bakal dikantun ku PANGERAN, lantaran Yarobam migawe dosa sarta ngadosakeun Israil."

17Bral garwa Yarobam mulih ka bumina di Tirsa. Kakara ge anjeunna ngadampal bangbarung, putrana geus kereles manten ngantunkeun.

18Ku urang Israil dicaleungceurikan, tuluy dikurebkeun. Timbalan PANGERAN anu diandikakeun ka Nabi Ahia abdi-Na tinekanan.

19Carita hal Raja Yarobam, hal perangna, hal ngarajaanana, kaungel dina kitab Babad raja-raja Israil.

20Yarobam ngarajaanana dua puluh dua taun, tuluy pupus jeung dikurebkeun, digentos ku Nadab putrana jadi raja.

21Ari Rehabam putra Suleman, mimiti jadi rajana teh dina yuswa opat puluh hiji taun. Ngarajaanana tujuh belas taun, di Yerusalem, kota anu ku PANGERAN dijungjung ti sakabeh wewengkon tanah Israil, jadi tempat paranti ngabakti ka Mantenna. Ari jenengan ibuna Naama, urang Amon.

22Urang Yuda marigawe dosa, malah leuwih ti batan karuhunna, matak leuwih ngentab kana manah PANGERAN.

23Nyarieun tempat-tempat parantina ngabarakti ka allah-allah palsu, ngadegkeun tugu-tugu batu jeung arca-arca Asera paranti maranehna maruja di puncak-puncak pasir jeung di handapeun tangkal-tangkal anu ngarunggunuk.

24Nyucudna pisan di tempat ngabaraktina ka brahala teh lalaki awewe jararinah. Jadi kalakuan urang Yuda teh kacida ngerakeunana, cara kalakuan bangsa-bangsa anu ku PANGERAN geus dialusir ti eta tanah basa urang Israil rek mimiti asup ka dinya.

25Dina taun kalima pamarentahan Rehabam. Yerusalem dirurug ku Raja Sisak ti Mesir.

26Eta raja ngajabel dunyabrana anu aya di Bait Allah jeung di karaton. Kepeng-kepeng emas kenging Suleman ngadamel tea ge dijabel.

27Ku Raja Rehabam digentos ku kepeng-kepeng tambaga, tuluy dititipkeun ka kapala-kapala tamtama anu ngajaraga gedong raja.

28Unggal raja angkat ka Bait Allah, eta kepeng-kepeng tambaga teh dibawa ku para pangawal, sanggeusna tuluy dipulangkeun deui ka tempatna di kamar jaga.

29Carita hal Raja Rehabam, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

30Antara Raja Rehabam jeung Raja Yarobam sapanjang jarumenengna teu eureun-eureun silih perangan.

31Sanggeus Raja Rehabam pupus jeung dikurebkeun di Kota Daud, karajaanana diteruskeun ku Abiam, putrana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel