Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 19 >> 

1Sakabeh lampah Elias jeung hal anjeunna ngabinasa nabi-nabi Baal, ku Ahab dicarioskeun ka Isebel, geureuhana.

2Seug Isebel ngirim ancaman ka Elias, saurna, "Mugia kami dihukum ku para dewa, malah sing dipaehan, lamun isukan wayah kieu henteu ngabales ka maneh sakumaha kalakuan maneh ka nabi-nabi Baal!"

3Elias sieuneun, tuluy kabur ka Bersyeba wewengkon Yuda, duaan jeung pangiring. Sumping ka dinya pangiringna dikantun,

4ari anjeunna kebat angkatna sapoe jeput ngajugjug ka tanah gurun. Sumping-sumping brek calik ngiuhan handapeun tangkal harendong, ngarasula mundut ajal, piunjukna, "Parantos teu kiat, nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi, mending oge ajal."

5Geus kitu tuluy nyangkere handapeun tangkal harendong, reup kulem. Sabot kitu aya malaikat noel ka anjeunna, ngalahir kieu, "Geura hudang, geura dahar!"

6Elias gugah, ret ka mastakaeun bet aya roti sasiki jeung cai sakendi. Roti dituang, cai dileueut, geus kitu ebog deui.

7Malaikat PANGERAN sumping deui ngagugahkeun, "Geura hudang, geura dahar, jauh keneh lalakon!"

8Elias gugah, roti dituang, cai dileueut. Ku kasiat eta katuangan, anjeunna nepi ka kuat lumaku opat puluh poe opat puluh peuting, nepi ka Gunung Sinai, gunung anu suci tea.

9Sup lebet ka hiji guha terus kulem. Geus kitu PANGERAN ngagentraan ka anjeunna, "Elias, keur naon di dieu?"

10Waler Elias, "Nun GUSTI Allah Anu Maha Kawasa, abdi kumureb ka Gusti teh dugi ka kieu, teu aya deui anu dikawulaan mung Gusti. Dupi urang Israil parantos ingkar tina jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuh-runtuhkeun, nabi-nabi Gusti diparaehan, mung kantun abdi anu hirup keneh, kitu ge diarah-arah!"

11Timbalan PANGERAN, "Geura bijil, marek ka Kami di puncak ieu gunung." Lar PANGERAN ngalangkung bari ngabijilkeun angin gede pisan, nepi ka gunung-gunung rarempu, cadas-cadas aroyag, tapi PANGERAN teu aya dina eta angin. Angin rerep, riyeg aya lini, tapi PANGERAN teu aya dina eta lini.

12Lini eureun, gur aya seuneu, tapi PANGERAN teu aya dina eta seuneu. Seuneu pepes, tuluy aya soara leuleuy sada harewos.

13Barang ngadangu eta soara, Elias ka luar bari meungpeunan raray ku harudum, tuluy ngadeg dina sungut guha. Ngong aya gentra, "Elias, keur naon di dieu?"

14Elias ngawaler, "Nun GUSTI Allah Anu Maha Kawasa, abdi kumureb ka Gusti teh dugi ka kieu, teu aya deui anu dikawulaan mung Gusti. Dupi urang Israil parantos ingkar tina jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuh-runtuhkeun, nabi-nabi Gusti diparaehan, mung kantun abdi anu hirup keneh, kitu ge diarah-arah!"

15Timbalan PANGERAN, "Balik deui ka jalan urut tadi nyorang tanah gurun anu ka Damsik. Lamun geus aya di kota, maneh kudu ngaminyakan Hasael, jadikeun raja Siria,

16ngaminyakan Yehu bin Nimsi, jadikeun raja Israil, jeung ngaminyakan Elisa anak Sapat ti Abel Mehola, jadikeun nabi gaganti maneh.

17Ari geus kitu, anu luput tina pedang Hasael tangtu beunang ku pedang Yehu; anu luput tina pedang Yehu, tangtu tiwas ku Elisa.

18Urang Israil ku Kami ngan rek disesakeun tujuh rebu urang anu hirup, nya eta anu saratia ka Kami, anu henteu kungsi sujud ka arca Baal, atawa nyium ka eta."

19Bral Elias jengkar mendakan Elisa. Elisa kasampak keur ngawuluku ku sapi sapasang. Di payuneunana aya deui sabelas pasangan, ari anjeunna ngawulukuna ku pasangan pangtukangna. Elias muka harudumna tuluy dianggokeun ka Elisa.

20Cul Elisa ngantunkeun sapina, ngudag ka Elias bari miunjuk, "Ama, abdi bade ngiring, mung nyuhunkeun widi heula bade amitan ka pun bapa sareng pun biang!" Waler Elias, "Jig balik heula, Ama moal ngahalang-halang!"

21Elisa nyampeurkeun pasangan sapina, duanana ku anjeunna dipeuncit, dagingna dipasak diolahkeun di dinya, diseuneuanana ku rarangken sapi, tuluy disuguhkeun ka nu araya di dinya, seug didalahar. Geus kitu Elisa ngiring ka Elias sarta jadi pangbantu anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel