Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 3 >> 

1Suleman migarwa putri putra raja Mesir, jadi wawargian jeung raja eta nagara. Garwana dicandak ka Kota Daud, bari ngantos anggeusna karaton, Bait Allah, jeung kuta Yerusalem sakuriling.

2Nepi ka mangsa harita, Bait Allah tacan aya; jalma-jalma ana ngurban sok make altar di mana bae.

3Suleman kacida sumujudna ka PANGERAN, tur tuhu kana wasiat Daud ramana. Anjeunna oge ari meuncit kurban jeung ngurbankeunana sok nganggo altar di mana bae.

4Dina hiji mangsa anjeunna angkat ka Gibon seja ngurban, sabab Gibon teh enggon ngurban pangkamashurna. Di dinya anjeunna geus ngurbankeun mangratus-ratus sapi, didamel kurban beuleuman.

5Peutingna PANGERAN nembongan ka anjeunna dina impenan, sarta nimbalan kieu, "Maneh hayang dibere naon ku Kami?"

6Waler Suleman, "Gusti parantos sakitu mikaasihna ka Daud pun bapa, abdi Gusti tea. Sawangsulna pun bapa sumujud satia ka Gusti. Kaasih Gusti ka pun bapa mayeng teu aya kendatna, dugi ka maparin anak anu ayeuna neraskeun tahtana.

7Nun GUSTI Allah, Gusti parantos ngersakeun jisim abdi jadi raja neraskeun pun bapa. Mung abdi teh teu terang aturan marentah, kawantos sakieu nya ngora keneh.

8Dupi anu kedah diatur teh umat pilihan Gusti, tur sakitu seueurna dugi ka henteu kaetang.

9Ku margi kitu abdi sumeja nyuhunkeun kapinteran sacekapna, supados tiasa ngatur umat Gusti kalayan adil palamarta, terang nu sae nu awon. Upami teu kitu, kedah kumaha diaturna eta umat Gusti anu sakitu seueurna?"

10PANGERAN kalintang sukana ngadangu pamundut Suleman kitu,

11lajeng nimbalan, "Maneh menta kapinteran geusan marentah kalawan bener, lain menta umur panjang, lain menta kabeungharan, lain menta pati musuh.

12Pamenta maneh ku Kami dimakbul. Maneh bakal boga kapinteran jeung kawijaksanaan, leuwih ti nu saheulaeun kitu deui ti nu sapandeurieun.

13Malah anu teu dipenta ge ku Kami rek dipaparin, boh kabeungharan, boh kamulyaan, saumur-umur, moal katepi ku raja-raja lian.

14Jeung upama maneh nurut tur pengkuh nyekel papakon-papakon Kami cara Daud bapa maneh, tangtu dipanjangkeun umur ongkoh."

15Nyah Suleman gugah, horeng tas ngimpen kenging timbalan Allah. Geus kitu anjeunna mulih ka Yerusalem, tuluy ngadeg hareupeun Peti Perjangjian PANGERAN, ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan ka PANGERAN, ti dinya mestakeun para gegeden.

16Dina hiji poe Raja Suleman dideuheusan ku dua awewe bangor.

17Pok anu saurang unjukan, "Gusti Sang Raja, abdi sareng ieu batur cicing sarorompok. Abdi ngajuru di manehna, di eta rorompok.

18Heuleut dua dinten saparantos abdi, ieu batur oge ngajuru. Dupi di rorompok teh mung abdi bae duaan teu aya deui anu sanes.

19Cilaka, hiji wengi anak ieu batur maot kaheumpikan ku manehna.

20Tengah wengi manehna lilir, abdi jongjon mondok, pun anak ku eta dihilikeun sareng anakna.

21Enjingna barang abdi hudang bade nyusuan, geuning budak teh maot. Teras ditelek-telek, horeng eta mah sanes anak abdi!"

22Nu saurang deui nambalang, "Ngaco! Anu paeh teh anak maneh, anak kami mah hirup!" Ceuk nu kahiji, "Maneh anu ngaco! Nu hirup teh anak kami, anu paeh anak maneh!" Tuluyna patorong-torong payuneun raja.

23Raja Suleman ngalahir, "Masing-masing ngaku anu paeh anak si eta, anu hirup anak kami."

24Seug anjeunna mundut pedang. Song dihaturkeun.

25Anjeunna nimbalan, "Ieu orok beulah dua, bagikeun sabeulah sewang!"

26Indung benerna, da puguh ka anak, geuwat unjukan ka raja, "Duh gusti, tinimbang dipaehan mah sawios pasihkeun bae ka ieu batur, ulah dipaehan!" Ari ceuk nu saurang deui, "Mangga bae beulah dua, tong dipasihkeun ka itu ka ieu."

27Nimbalan Raja Suleman, "Tong dipaehan! Bikeun eta orok ka nu ulaheun orokna dipaehan. Ema indung benerna."

28Putusan anjeunna kitu kagurnita ka urang Israil. Atuh maranehna jadi kacida alajrihna ka rajana, geus nyarahoeun yen rajana ku Allah dipaparin kapinteran enggoning mutus perkara kalawan adilna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel