Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Raja-raja 6 >> 

1Nincak taun kaopat ratus dalapan puluh ti sanggeus urang Israil budal ti Mesir, dina taun kaopat Suleman jumeneng raja di Israil, dina bulan Sip atawa bulan kadua, Suleman mimiti ngadegkeun Bait Allah.

2Ari ukuranana, ukuran beulah jerona: Panjangna 27 meter, rubakna 9 meter, luhurna 13,5 meter.

3Kamar hareupna, ukuran ka jerona 4,5 meter, rubakna 9 meter, sarua jeung kamar tukangeun paimbaran.

4Tembokanana make tebokan-tebokan anu ukuran liangna beulah luar leuwih sempit ti batan bagian jerona.

5Tembok pipir jeung tembok tukang diberean sosompang tilu umpak anu luhurna masing-masing 2,2 meter.

6Kamar sosompang panghandapna rubakna 2,2 meter, umpak tengah 2,7 meter, umpak pangluhurna rubakna 3,1 meter. Tembok gedong ka luhur digandet-gandet, tembokan lante beulah luhur leuwih ipis ti batan tembok lante handapeunana, nepi ka kamarna napak dina tembok sarta balok-balokna henteu katutup ku tembokan.

7Ari batu-batuna geus dijieun dirupakeun ti tempat ngalina keneh, jadi waktu eta gedong dijieun teh henteu gandeng ku sora palu, baliung atawa parabot beusi lianna.

8Lawang asup ka kamar sosompang panghandapna, ayana di pipir tembok gedong beulah kidul, murilit ka luhur ka kamar umpak kadua jeung katilu.

9Kitu dipidamelna ku Raja Suleman. Lalangitna ku balok-balok jeung papan-papan kiputri.

10Sosompang umpak tilu anu luhurna masing-masing 2,2 meter tea nempel kana tembok luar gedong, ditempelkeunana kana tembok ku balok-balok kiputri.

11Geus kitu PANGERAN ngandika ka Suleman,

12"Upama maneh pengkuh kana sagala papakon jeung timbalan-timbalan Kami, jangji Kami ka Daud bapa maneh tea bakal dibuktikeun ka maneh.

13Kami seja aya di tengah umat Kami, linggih di ieu gedong beunang maneh nyieun, moal nilarkeun."

14Ahirna eta Bait Allah teh anggeus dipidamelna ku Suleman.

15Tembok beulah jero tina lante nepi kana lalangit dilapisan ku papan kiputri, lantena ku papan kijamuju.

16Di jero eta Bait Allah beulah tukang dijieun hiji kamar anu disebut Kamar Pangsucina, panjangna salapan meter, dipenggel ku papan kai kiputri, mimiti tina lante nepi kana lalangit.

17Rohangan hareupeun Kamar Pangsucina panjangna dalapan belas meter.

18Bilikna papan kiputri, dihias ku ukiran-ukiran anu direkakeun buah waluh jeung kekembangan. Rohangan jero kabeh dilapis ku papan kiputri, jadi batu-batu tembokanana henteu katembong.

19Ari Kamar Pangsucina, anu dijieunna di jero eta Bait Allah beulah tukang tea perluna pikeun nyimpen Peti Perjangjian PANGERAN.

20Ieu kamar panjangna, rubakna jeung luhurna salapan meteran, sakurilingna dilapis ku emas murni. Ari altarna dilapis ku papan kiputri.

21Bilik jero dilapis ku emas murni. Panto paranti asup ka jero eta kamar, dina lawangna dikantengan ku rante anu disaput ku emas.

22Jadi Bait Allah teh di beulah jerona sakurilingna dilapis ku emas, siga di Kamar Pangsucina tempat altar tea.

23Di Kamar Pangsucina aya dua tiruan mukarabin tina kayu jetun, jangkungna masing-masing 4,4 meter.

24(6:24-26) Duanana saukuran jeung sabangun, sarta baroga jangjang anu panjangna masing-masing 2,2 meter, jadi mentangna ti tungtung ka tungtung jangjang teh 4,4 meter.

25(6:24)

26(6:24)

27Ditangtungkeunana pagigir-gigir di jero Kamar Pangsucina, jangjang masing-masing sabeulah meber ka jero, tepungna di tengah-tengah kamar, jangjang anu sabeulah deui meberna antel kana bilik.

28Eta tiruan mukarabin duanana dilapis ku emas.

29Bilik rohangan utama beulah jero dihias ku ukiran-ukiran anu direka mahluk-mahluk jangjangan, tangkal korma, jeung kekembangan.

30Lantena oge rata dikeput ku emas.

31Lawang asup ka Kamar Pangsucina daun pantona kembar, dijieunna tina kayu jetun, erang-erangna sina melengkung.

32Daun-daun eta panto duanana dihias ku ukiran-ukiran mahluk-mahluk jangjangan, tangkal korma, jeung kekembangan. Daun-daun pantona, tiruan mukarabinna, jeung ukiran-ukiran tangkal kormana, dilapis ku emas.

33Kusen panto ka rohangan utama bangunna pasagi burung, dijieunna tina kayu jetun.

34Jeung aya dua panto lipet tina kayu kijamuju,

35eta ge dihias ku ukiran mahluk jangjangan, tangkal korma, jeung kekembangan, terus dilapis ku emas nurutkeun ukiranana.

36Tepas Bait Allah beulah jero pernahna di pongpok hareup nempel kana tembokanana, ngaturna saban tilu lapis batu salapis kayu kiputri.

37Ari pademen Bait Allah dipasangna dina bulan Sip atawa bulan kadua, dina taun kaopat pamarentahan Suleman.

38Dina bulan Bul atawa bulan kadalapan, dina kasabelas taunna Suleman ngarajaan, eta Bait Allah sapuratina geus rengse dipidamelna, cocog sakumaha anu dipikahoyong ku Suleman. Lilana ngadegkeun tujuh taun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Raja-raja 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel