Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 13 >> 

1Waktu Saul mimiti jadi raja, yuswana henteu kacaritakeun. Ari ngarajaanana dua taun.

2Hiji mangsa Saul milih tilu rebu perjurit, dua rebu sina nyarengan anjeunna di Mikmas jeung di kota pagunungan Betel, anu sarebu deui dikapalaan ku Yonatan putrana, dikintunkeun ka Gibea wewengkon Binyamin. Sesana sina baralik.

3Di Geba Yonatan niwaskeun panglima urang Pelisti sarta bejana geus nepi ka urang Pelisti. Geus kitu Saul ngintunkeun utusan-utusan ngider ka sakuliah tanah, mere tangara ku tarompet supaya sakumna bangsa Ibrani kudu maju perang.

4Sanggeus dibarejaan yen urang Pelisti ngarambek lantaran panglimana geus tiwas ku Saul, urang Israil ragem seja ngiring ka Saul di Gilgal.

5Urang Pelisti geus taki-taki rek merangan urang Israil. Kakuatanana tilu puluh rebu kareta perang, genep rebu serdadu kuda, serdadu leumpangna lobana cara keusik sisi basisir. Seug muru ka Mikmas wetaneun Bet Awen, seug masanggrahan.

6Der urang Israil ditarajang bebeakan nepi ka awut-awutan, pabuyar nyararumput ka guha-guha jeung gorowong-gorowong, tingsalingker kana sela-sela cadas, aya oge anu ngagebruskeun maneh kana cubluk atawa ka sumur-sumur.

7Sawareh deui mareuntasan Walungan Yordan ka wewengkon Gad jeung Gilad. Ari Saul di Gilgal keneh dibaturan ku jelema-jelema anu tingdaregdeg kasieunan.

8Geus tujuh poe anjeunna ngantos-ngantos Samuel, kitu dipiwarangna. Tapi Samuel can sumping keneh ka Gilgal. Jalma-jalma mimiti tinglaleos naringgalkeun.

9Seug bae anjeunna ngalahir, "Kadieukeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan." Ti dinya anjeunna ngahaturkeun kurban beuleuman.

10Ari rengse ari jebul Samuel sumping. Saul mapagkeun seja ngabageakeun.

11Tapi Samuel ngalahir, "Hidep tas damel naon?" Saul ngawaler, "Abdi dikantunkeun ku balad, ngantos Bapa teu sumping dina waktosna. Mangkaning urang Pelisti parantos aya di Mikmas.

12Emutan teh eta urang Pelisti tangtos narajang ka abdi, ka Gilgal, heug abdi teu acan nunuhun ka PANGERAN, nya teras ngawantun-wantun maneh nyanggakeun kurban."

13Waler Samuel, "Hidep kalangsu, henteu ngesto ka PANGERAN Allah. Tadina upami hidep ngesto ka Mantenna bade dilanggengkeun nyangking Israil turun-tumurun.

14Ayeuna moal cios, baris kandeg, ku PANGERAN bakal digentos ku nu cocog kana manah-Na, sina nyangking umat-Na da hidep mah parantos henteu ngesto."

15Geus kitu Samuel jengkar ngantunkeun Gilgal neruskeun angkatna. Ari Saul terus jengkar jeung para prajuritna, dituturkeun ku nu sejen, ngabujeng ka Gibea di wewengkon Binyamin. Ti dinya Saul ngaroris balad, kira-kira aya genep ratus urang.

16Anjeunna, Yonatan putrana, jeung balad, masanggrahan di Geba di wewengkon Binyamin. Ari urang Pelisti masanggrahanana di Mikmas.

17Prajurit-prajurit Pelisti bijil ti pasanggrahanana tilu rombongan, arek ngarampog. Sarombongan ka Opra di wewengkon Sual,

18sarombongan ka Bet Horon, sarombongan deui ka tapel wates anu nyanghareup ka Lebak Seboim jeung tanah gurun.

19Harita di Israil geus teu aya panday beusi, sabab urang Pelisti teu ngidinan urang Ibrani nyieun pedang atawa tumbak.

20Urang Israil anu perlu ngasah lanjam, pacul, kampak jeung arit, kudu ngadon ka urang Pelisti,

21jeung kudu mayar. Ngasah kampak atawa ngomean gagang parabot, mayarna ku perak sagebleg leutik, ngasah lanjam atawa pacul kudu dua gebleg perak.

22Jadi balad Israil mah harita indit perang teh teu aya anu nyekel pedang jeung tumbak, lian ti Saul jeung Yonatan putrana.

23Urang Pelisti ngiangkeun sapasukan prajurit pikeun ngabela hiji sela gunung di Mikmas.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel