Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 14 >> 

1Dina hiji poe Yonatan ngalahir ka gandek purah mawa pakarangna, "Hayu urang meuntasan pasanggrahan urang Pelisti." Yonatan henteu wawartos ka Saul ramana,

2anu harita keur reureuh handapeun tangkal dalima di Migron teu jauh ti Gibea dibarengan ku genep ratus perjurit.

3(Jeung aya imam anu make epod nya eta Ahia bin Ahitub saderek Ikabod putra Pinehas, putuna Eli imam PANGERAN di Silo tea.) Tapi Yonatan angkat teh teu aya anu nganyahoankeun.

4Di Mikmas, jalan anu ku Yonatan rek dicoba dipeuntasan baris terus ka pasanggrahan urang Pelisti dihapit ku dua karang curi. Nu hiji disebut Boses, nu hiji deui disebutna Sene.

5Anu hiji ayana di sisi jalan beulah kaler nyanghareup ka Mikmas, anu hiji deui sisi jalan beulah kidul nyanghareup ka Geba.

6Saur Yonatan ka gandekna, "Urang meuntasan pasanggrahan kapir Pelisti, malak mandar aya pitulung PANGERAN. Ari dikersakeun mah ku Mantenna teu mustahil urang bisa meunang, najan urang ngan sakieu ge."

7Gandekna ngajawab, "Abdi mah kumaha Juragan bae, bade ngiringan."

8"Enya," waler Yonatan. "Urang meuntas, sina katenjoeun ku urang Pelisti.

9Upama maranehna ka urang nitah eureun ngadagoan lantaran maranehna arek nyalampeurkeun, urang kudu ngarandeg.

10Upama maranehna nitah supaya urang nyampeurkeun, urang sampeurkeun, eta tandaning PANGERAN bakal maparin kaunggulan ka urang."

11Ti dinya tuluy narembongkeun maneh ka urang Pelisti. Ceuk urang Pelisti, "Tuh urang Ibrani aya anu bijil tina liang panyumputanana!"

12Seug maranehna tingcorowok ka Yonatan jeung gandekna, pokna, "Ka dieu sia unggah! Aing boga beja!" Saur Yonatan ka gandek, "Tuturkeun kami. PANGERAN geus ngersakeun Israil unggul!"

13Tuluy Yonatan unggah, ngorondang dituturkeun ku gandek. Sebrut narajang, urang Pelisti rarubuh. Anu geus rarubuh dipaju ku gandek diparagatkeun.

14Sagebragan harita Yonatan jeung gandekna nepi ka niwaskeun dua puluh urang musuh, dina medan anu legana kira-kira satengah bau.

15Urang pasisian Pelisti kabeh miris. Prajurit-prajurit jeung pasukan tempurna anu di pasanggrahan nepi ka pating corodcod kasieunan, bumi eundeur, musuh guyur lain di kieuna.

16Balad Saul anu jaraga di Gibea wewengkon Binyamin narenjoeun urang Pelisti kalabur pasalebrungan.

17Saul nimbalan ka pangawal, "Itung prajurit, pariksa saha anu euweuh." Kanyahoan anu teu aya teh Yonatan jeung gandekna.

18"Epod bawa ka dieu," timbalan Saul ka Imam Ahia. (Poe eta Ahia nyepeng epod di hareupeun urang Israil.)

19Sabot Saul nimbalan ka imam, guyur di pasanggrahan urang Pelisti beuki kacida. Mana saurna ka Ahia, "Moal kaburu naros heula ka PANGERAN!"

20Gancang anjeunna sabaladna muru ka urang Pelisti anu keur ragot silih kadek pada batur ku bawaning gugup.

21Urang Ibrani anu tadina bariluk ka urang Pelisti sarta harita marilu ka pasanggrahan, malik mihak ka Saul jeung Yonatan.

22Anu keur nyarumput di pagunungan Epraim, barang ngadarenge urang Pelisti kalabur, seug barijil tuluy ngarudag,

23narajang sajajalan nepi ka beh ditueun Bet Awen. Poe eta PANGERAN nyalametkeun urang Israil.

24Urang Israil geus nahnay awahing ku lalapareun, sabab ku Saul diancam ku panyapa, "Sing saha anu barang dahar samemeh kami beres ngelehkeun musuh, sing kasapa!" Jadi sapoe eta tacan aya anu dahar naon-naon.

25Barang arasup ka hiji tempat anu loba tatangkalanana, bet loba sayang madu di mana-mana.

26Tatangkalan teh pinuh ku sayang madu, tapi saurang ge teu aya anu ngadahar, lantaran sieun ku panyapa Saul.

27Yonatan teu uningaeun yen ramana geus nyumpahan kitu ka balad, anjeunna nyolok sayang madu ku tungtung iteuk, maduna tuluy dituang. Karaos salirana seger meueusan.

28Pok aya nu nguningaan, "Balad parantos lalungse ku bawaning lapar, nanging diancam ku tuang rama, saurna, ‘Sing saha anu barang dahar sing kasapa.’"

29Saur Yonatan, "Ama teh bet ngaripuhkeun sarerea. Geura ieu kami dahar madu saeutik ge mani ngadak-ngadak seger.

30Mana teuing alusna lamun dahareun anu karampas ti musuh meunang didalahar ku balad, tangtu bisa ngarubuhkeun leuwih loba."

31Urang Israil teh poe eta tas ngelehkeun urang Pelisti, tas narajang sapanjang jalan ti Mikmas nepi ka Ayalon. Waktu eta urang Israil teh kacida carapeeunana, mani geus lalungse ku bawaning lapar,

32nepi ka parebut nyarokotan barang meunang ngarampas ti musuh, nyarokotan sapi jeung domba, dipareuncit di dinya keneh, dagingna diharakan teu ngurus getihan keneh.

33Aya anu nguninga ka Saul, "Jalmi-jalmi milampah dosa ka PANGERAN, nareda daging sareng getihna." Saul ngagorowok, "Hianat maraneh! Gulingkeun batu gede ka dieu!"

34Geus kitu anjeunna marentah deui, "Bejakeun ka jalma-jalma, sapi jeung domba tungtun kabeh ka dieu. Sina dipareuncit di dieu, diharakan di dieu, ulah marigawe dosa ka PANGERAN ngahakan daging jeung getihna!" Seug sapi teh kabeh digiring ka dinya tuluy dipeuncitan.

35Geus kitu Saul ngadegkeun hiji altar pikeun PANGERAN, altar anu pangmimitina diadegkeun ku anjeunna.

36Geus kitu marentah ka jalma-jalmana, "Engke peuting urang mudun narajang urang Pelisti, urang tumpurkeun nepi ka balebat, ulah aya anu dikarikeun!" "Sakersa Raja sumeja kairing," jawab balad. Tapi saur imam, "Sae urang tumaros heula ka Allah."

37Ti dinya Saul unjukan ka Allah, "Upami abdi narajang ka urang Pelisti, kumaha tiasa kenging?" Tapi harita Allah henteu ngawaler.

38Seug Saul nimbalan ka para pamingpin rahayat, "Ka darieu kabeh, jeung pariksa dosa naon anu geus dijieun poe ieu.

39Kami sumpah demi jumenenging PANGERAN anu geus maparin kaunggulan ka Israil, sing saha anu salah, najan anak kami pisan, Yonatan, tan wande dipaehan!" Tapi teu aya anu unjukan saurang-urang acan.

40Saul nimbalan deui, "Maraneh caricing beulah ditu, Yonatan jeung kami beulah dieu." "Sumangga ngiringan," jawab jalma-jalma.

41Saul unjukan ka PANGERAN Allah Israil, "Nun PANGERAN, naon margina Gusti henteu kersa ngawaler? Nun PANGERAN Allah Israil, mugi nuduhkeun ku Urim sareng Tumim. Upami dosana asal ti Yonatan atanapi ti abdi, mugi diwaler ku Urim. Upami asal ti rahayat Israil, mugi diwaler ku Tumim." Waleranana nunjukna ka Yonatan jeung Saul, jalma rea bebas.

42Saul nimbalan deui, "Pilih antara kami jeung Yonatan." Anu katujul Yonatan.

43Saul mariksa ka Yonatan, "Hidep nyieun salah naon?" Wangsul Yonatan, "Neda madu saeutik. Putra pasrah, mangga geura paehan."

44Timbalan Saul, "Ama sing disiksa ku Allah mun hidep ku Ama henteu dipaehan."

45Tapi balad arunjukan, "Baruk Yonatan anu parantos ngalantarankeun urang Israil unggul sakieu ageungna, bade dipaehan? Paliyas teuing! Demi PANGERAN anu jumeneng, rambutna salambar oge ulah aya anu murag. Sagala damelna dinten ieu estu kalayan panuyun Allah." Kitu Yonatan dibela ku rahayat, henteu jadi dipaehan.

46Saul liren ngudagna ka urang Pelisti. Urang Pelisti baralik deui ka wewengkonna sorangan.

47Sanggeus Saul jadi raja Israil, anjeunna terus merangan musuh-musuhna di mana-mana: Urang Moab, urang Amon, urang Edom, raja-raja Soba jeung urang Pelisti. Unggal perang di mana-mana unggul bae.

48Perangna estuning gagah, urang Amalek oge eleh. Urang Israil ku anjeunna disalametkeun tina sagala panarajang.

49Putra-putra Saul anu pameget nya eta: Yonatan, Iswi jeung Malkisua. Anu istri, nu kahiji Merab, nu kadua Mikal.

50Ari geureuhana Ahinoam binti Ahimaas. Panglima perangna kapirayina, Abner, putra emangna anu jenengan Ner.

51Ari Kis, ramana Saul, jeung Ner, ramana Abner, duanana putra Abiel.

52Sapanjang jumenengna, Saul teu liren-liren merangan urang Pelisti, kacida rosana. Di mana bae ari mendakan jelema anu gagah tur sugih kawani, terus bae dijadikeun baladna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel