Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 17 >> 

1Mangsa eta urang Pelisti mepek balad dikumpulkeun di Soko, hiji kota di tanah Yuda. Masanggrahanana di Epes Damim antara Soko jeung Aseka.

2Saul jeung urang Israil oge geus tata perang, masanggrahan di Lebak Ela, geus taki-taki rek ngayonan urang Pelisti.

3Urang Pelisti narangtung di pasir beulah ditu, urang Israil di pasir beulah dieu, masing-masing nyanghareup ka hiji lebak.

4Kurunyung hiji tukang perang tanding bijil ti pasanggrahan urang Pelisti, nangtang ka Israil. Ngaranna Goliat, urang Gat, jangkungna meh tilu meter.

5Make baju kere sisitan, beurat baju kerena meh lima puluh tujuh kilo, dibalakutak tambaga.

6Sukuna make istiwel tambaga, taktakna nyorendang tohok tambaga.

7Gagang tumbakna kandelna sapihanean, beurat congona wungkul anu tina beusi kira-kira tujuh kilo. Tukang mawa kepengna leumpang heulaeunana.

8Gen Goliat ngajanteng, tuluy susumbar ka urang Israil, "Keur naraon di dinya, arek perang? Maraneh badega-badega Saul, kami urang Pelisti! Pilih ti dinya jagona, urang perang tanding jeung kami.

9Lamun tarungna meunang sarta bisa maehan kami, kami sarerea daek jadi badega maraneh; tapi lamun kami anu meunang sarta bisa maehan eta, maraneh kudu jaradi badega kami.

10Kitu, balad Israil ku kami ditangtang. Ka anu mana ge kami mo burung wani!"

11Saul jeung sabaladna kacida sieuneunana.

12Daud teh putra Isai, urang Eprata ti Betlehem, wewengkon Yuda. Ari Isai, keur jaman Raja Saul teh geus sepuh, putrana dalapan.

13Putra nu panggedena aya tilu anu jadi perjurit Saul, nya eta Eliab cikalna, Aminadab nu kadua, jeung Syama anu katilu.

14Daud bungsuna. Eta anu tiluan, anu panggedena, ngiring perang jeung Saul.

15Ari Daud sering balik ka Betlehem, ngangon deui domba ramana kawas sasari.

16Si Goliat tea nangtangna ka urang Israil teh unggal isuk jeung unggal sore, geus opat puluh poe.

17Dina hiji poe Isai misaur ka Daud, "Teang akangna ka pasanggrahan, bawakeun sanggray gandum sapuluh kilo jeung roti sapuluh siki. Jung buru-buru longok ka pasanggrahan.

18Jeung ieu bawa kiju sapuluh siki keur kapala perjurit. Balik ti ditu kudu mawa tanda yen hidep enggeus ka ditu jeung geus papanggih jeung akangna, salamet henteuna.

19Raja Saul, akangna jeung sabalad Israil ayeuna aya di Lebak Ela keur merangan urang Pelisti."

20Isukna isuk-isuk Daud hudang, tuluy nitipkeun domba ka nu sejen, bral iang mawa bebekelan sakumaha parentah ramana. Barang jol ka pasanggrahan, nyampak balad Israil keur arindit ka medan jurit bari ngagorowokkeun jerit perang.

21Balad Pelisti jeung balad Israil keur pahareup-hareup rek tarung.

22Daud nitipkeun babawaanana ka nu ngajaga barang-barang, tuluy lumpat ka tempat baris nepangan raka-rakana, hayang terang salamet henteuna.

23Sabot Daud cacarios jeung raka-rakana, Goliat susumbar, nangtang ka balad Israil cara sasari. Kadangueun ku Daud.

24Ari balad Israil barang ret ka Goliat teh terus ngararejat sarieuneun.

25"Tenjo itu jelema!" aromongna ka pada batur. "Dengekeun tah susumbarna! Saha-saha anu bisa maehan eta, saur Raja Saul bakal diganjar, malah rek ditikahkeun ka putra istrina sarta kolotna rek dibebaskeun tina upeti."

26Daud naros ka hiji jelema, "Bade dikumaha jalmi anu tiasa maehanana sareng anu tiasa nyingkirkeun kahinaan ti urang Israil teh? Sareng saha eta urang Pelisti umat brahala teh, mani kacida ngahinana ka balad Allah anu jumeneng?"

27Seug diwartosan bakal kumaha-kumahana jelema anu bisa maehan Goliat.

28Kadengeeun ku Eliab, rakana anu pangkolotna. Eliab kacida keuheuleunana ka Daud, tuluy nyarekan, "Rek naon los-los ka dieu? Ku saha domba diurusna di ditu di tanah gurun? Bandel! Cologog! Ka dieu teh maneh mah ngan rek lalajo perang!"

29Daud ngawaler, "Lepat naon kitu abdi teh, naros-naros bae teu kenging!"

30Ti dinya anjeunna malik ka nu sejen, tataros itu ieu. Ari jawabanana angger cara tadi.

31Ucap-ucapan Daud aya nu ngunjukkeun ka Saul. Ku Saul dipiwarang dideuheuskeun.

32Daud miunjuk, "Gusti Sang Raja, teu kedah aya anu sieun ku eta urang Pelisti, abdi sanggem ngalawan."

33Waler Saul, "Ulah, bisa naon maneh ka itu? Budak keneh, heug itu mah tukang tarung saumur-umur."

34Piunjuk Daud, "Gusti Sang Raja! Abdi teh purah ngajagi domba pun bapa. Upami pareng aya singa atanapi biruang anu ngagusur anak domba,

35ku abdi diudag, ditarajang dombana direbut deui. Upami singana atanapi biruangna bade ngarontok ku abdi dipiheulaan dicekek tikorona lajeng digendir dugi ka paeh.

36Parantos seueur singa sareng biruang anu paeh ku abdi. Eta urang Pelisti umat brahala anu sakitu ngahinana ka balad Allah anu jumeneng oge tangtos bakal tiwas ku abdi.

37PANGERAN parantos ngaraksa abdi ti singa sareng biruang, ayeuna ge tangtos ngaraksa ti eta urang Pelisti." Waler Saul, "Heug atuh, jung! Muga ditangtayungan ku PANGERAN."

38Tuluy Daud sina nganggo raksukan Saul, dibalakutak tambaga jeung dibaju kere.

39Luareun raksukan nyoren pedang Raja Saul, prak ngajaran ngalengkah. Teu iasa, da teu tuman nganggo nu kitu. Pok miunjuk ka Saul, "Abdi gamparan teu tiasa nganggo anu kieu, teu biasa." Tuluy raksukan perang teh dilaanan.

40Geus kitu ceg kana iteuk parantina ngangon, top mulung batu reok lima siki ti susukan diasupkeun kana koja. Kencling ngabujeng ka Goliat bari ngajingjing bandring.

41Jago urang Pelisti gancang ngangseg ka Daud, heulaeunana anu mawa kepengna, beuki deukeut, beuki deukeut.

42Barang beh sarta geus sidik nenjona ka Daud, kacida takaburna dumeh lawanna pantar kitu, lembut jeung kasep.

43Gorowok ngomong ka Daud, "Jang naon eta iteuk teh? Na kami teh anjing?" Geus kitu tuluy nyapa ka Daud bari nyambat ka batarana,

44ti dinya susumbar, "Ka dieu maneh, bangke maneh rek diparabkeun ka manuk jeung sato galak!"

45Daud ngawaler, "Maneh datang mawa pedang, tumbak, jeung tohok. Kami mah mawa pajenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah panutan wadya balad Israil anu ku maneh dihinakeun.

46Poe ieu keneh maneh ku PANGERAN diselehkeun ka leungeun kami. Hulu maneh ku kami rek diteukteuk. Bangke-bangke urang Pelisti ku kami rek diparabkeun ka manuk jeung sato galak. Satangkaraking jagat bakal nyaraho yen di Israil aya Allah.

47Sarta unggal jelema bakal nyaksian, PANGERAN nyalametkeun umat-Na lain ku pedang atawa tumbak. Mantenna tukang unggul saban tarung. Maraneh kabeh bakal ragrag kana kakawasaan kami!"

48Goliat ngudag, Daud nirilik ka barisan urang Pelisti mapag Goliat,

49bari ngodok batu kana koja; seleber dibandringkeun, beletak, meneran pisan kana tarang Goliat datang ka sirahna bejad. Goliat ngajungkel, beungeutna nyuksruk kana taneuh.

50Goliat geus tiwas ku Daud. Lain ku pedang, tapi ku batu reok anu nyeleber tina bandring!

51Daud muru ka Goliat, tuluy nangtung deukeutna. Pedang Goliat ku Daud dicabut tina sarangkana, dipake neukteuk sirah Goliat. Barang narenjo pamukna tiwas, balad Pelisti kalabur.

52Ger urang Israil jeung urang Yuda sarurak, tuluy ngabeledig ngudag-ngudag sapaparat jalan ka Gat nepi ka lawang-lawang Ekron. Urang Pelisti anu kasarambut bangkena pating jaropak, bacacar sapaparat jalan anu ka Saaraim nepi ka Gat jeung Ekron.

53Bari baralik balad Israil ngajarah pasanggrahan musuh.

54Sirah Goliat ku Daud dijingjing ka Yerusalem, ari pakarangna terus disimpen di kemahna.

55Basa Daud enggeus jung arek ngalawan Goliat, Saul mariksa ka Abner panglima perangna, saurna, "Abner, anak saha eta teh?" Wangsul Abner, "Duka Gusti, abdi teu terang."

56Timbalan Saul, "Coba tatanyakeun."

57Samulangna ka pasanggrahan tas ngarubuhkeun Goliat, Daud ku Abner dideuheuskeun deui ka Saul. Daud masih ngajingjing-jingjing keneh sirah Goliat.

58Ku Saul dipariksa, "Ari hidep anak saha?" Wangsul Daud, "Dawuh Gusti, abdi pecilna Isai rahayat Gusti ti Betlehem."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel