Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 18 >> 

1Saul anggeus mariksana ka Daud. Ari putra Saul anu jenengan Yonatan ti harita manahna katarik ku Daud, kacida asiheunana, lir ka beubeulahan nyawa ku anjeun.

2Saterusna Daud ditahan ku Saul, henteu diwidian mulih.

3Yonatan ngajak sosobatan ka Daud, ku asih-asihna, hoyong misobat saumur-umur.

4Yonatan morosotkeun jubahna tuluy dianggokeun ka Daud, kitu deui baju kerena, pedangna, gondewana, beulitanana, kabeh dilelerkeun ka Daud.

5Satuluyna saban-saban Daud manggul piwarangan Saul, damelna hasil-hasil bae. Ku sabab eta ku Saul diangkat sina nyepeng prajurit, heug teh ku sakabeh prajurit kitu deui ku para gegeden dipikaresep.

6Basa Daud mulang jeung wadya balad tas ngarubuhkeun Goliat, awewe-awewe daratang ti mana-mana marapag Raja Saul, ngarawih, ngarigel, narabeuh terebang jeung gambus,

7bari patempas-tempas, pokna, "Saul maehan mangrebu-rebu, Daud maehan manglaksa-laksa."

8Saul manahna panas kasebit, panggalihna, "Ka Daud mujina maehan manglaksa-laksa, ari ka aing ngan nyebutkeun maehan mangrebu-rebu. Boa-boa lila-lila mah manehna diangkat raja!"

9Ti semet harita anjeunna neuteuli ka Daud.

10Poe isukna Saul kasurupan deui ku roh jahat ti Allah, di karaton teh sasauranana ngacaprak kumaha nu owah. Gancang ku Daud dipangacapikeun kawas sasari. Harita Saul keur nyenyepeng tumbak.

11"Si Daud ku aing rek dipanggang kana tembok!" galih Saul. Terus tumbakna dilempagkeun ka Daud nepi ka dua kali, tapi teu keuna, dicingcetkeun.

12Kacida sieuneunana Saul ku Daud teh, da uningaeun Daud disarengan ku PANGERAN, ari anjeunna mah ditilarkeun.

13Ku sabab eta Daud ku anjeunna dijauhkeun, diangkat jadi kapala prajurit sarebu. Tapi Daud saban-saban mingpin prajurit ngapalaan perang

14ngan unggul-unggul bae, kawantu disarengan ku PANGERAN.

15Ningali Daud jaya, Saul beuki sieuneun bae.

16Tapi bangsa Israil jeung Yuda kacida nyaraaheunana ka Daud sabab anjeunna sakitu digjayana.

17Saul ngalahir ka Daud, "Merab, putra kami anu cikal pek tikah ku hidep. Tapi saratna hidep enggoning ngawula ka kami kudu jadi prajurit sajati, gagah jeung satia kana perang PANGERAN." Tapi ari panggalihna mah ngarah Daud tiwas ku urang Pelisti ku jalan eta, jadi teu kudu ku anjeunna nyalira.

18Piunjuk Daud, "Naon pangaji abdi kitu deui pun bapa sakulawargi, dugi ka abdi jadi mantu raja?"

19Tapi buktina Saul teh kalahka saur, da jadina mah Merab teh ditikahkeun ka nu sejen, ka Adriel urang Mehola.

20Tapi Mikal, putra Saul anu hiji deui mikacinta ka Daud. Sanggeus Saul uningaeun, anjeunna satuju.

21Panggalihna, "Bener, Mikal sina kawin jeung Daud, rek dipake jalan supaya Daud tiwas ku urang Pelisti." Seug Saul nimbalan kadua kalina ka Daud, "Ayeuna mah tulus hidep jadi mantu Ama."

22Ti dinya anjeunna miwarang ponggawa-ponggawana sina pura-pura ngaromong kieu ka Daud, "Raja mikaheman ka saderek, para gegeden pon kitu keneh. Ayeuna parantos nitih kana mustari saderek bade ditikahkeun ka putrana."

23Seug ditepikeun kitu. Ari waler Daud, "Jadi mantu raja teh darajat teu aya tandingna. Jalma taya pangaji sapertos sim kuring mah moal kaduga nyangga."

24Walonna Daud ditepikeun ka Saul.

25Waler Saul, "Bejakeun ka Daud, raja moal mundut mas kawin, ngan mundut kokocop kulup urang Pelisti saratus siki, pamales ka musuh anjeunna." Maksad Saul kitu saenyana ngarah Daud tiwas ku urang Pelisti.

26Satimbalan Saul ku ponggawa-ponggawana ditepikeun ka Daud. Daud satuju sarta ceuk panggalihna tulus jadi mantu raja. Sapoe memeh direndengankeun,

27Daud nyandak prajuritna, tuluy ngarubuhkeun dua ratus urang Pelisti. Kulup-kulupna dikeureutan tuluy dihaturkeun ka raja, diitung hiji-hiji di payuneunana, dijieun sarat geusan jadi mantu raja. Saul kapaksa maparinkeun Mikal putrana ditikah ku Daud.

28Saul uningaeun pisan yen PANGERAN nyarengan ka Daud, uningaeun deuih yen Mikal putrana enya-enya mikacintana ka Daud.

29Anjeunna beuki sieuneun bae ku Daud teh, sarta sapanjang jumenengna teu weleh neuteuli ka Daud.

30Urang Pelisti sok rajeun merangan. Tapi saban-saban perang kaunggulan Daud salawasna leuwih ti batan perwira-perwira Saul anu loba, datang ka Daud jadi kamashur.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel