Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 20 >> 

1Daud ngalolos ti Nayot wewengkon Ramah, tuluy mendakan Yonatan. Saurna, "Abdi teh lepat naon? Gaduh kajahatan naon sareng dosa naon ka tuang rama nu mawi ku anjeunna diarah pati?"

2Waler Yonatan, "Paliyas teuing! Sanggem saha Rayi bade ditelasan? Moal diwidian ku Allah! Ama tara midamel perkara gede atawa leutik lamun tacan dibejakeun heula ka Akang. Pamohalan ama nyidem perkawis ieu ka Akang. Piraku!"

3Wangsul Daud, "Nanging perkawis ieu mah ku tuang rama moal disaurkeun, da uningaeun Akang nyaah ka abdi, bilih Akang nalangsa. Demi PANGERAN anu jumeneng, sayaktosna salengkah deui bae abdi tinemu sareng ajal."

4Saur Yonatan, "Pangersa Rayi kumaha? Saurkeun, ku Akang dibelaan."

5Waler Daud, "Enjing teh Pesta Bulan Anyar, kedahna abdi ngiring kana jamuan sang raja. Rayi neda widi ka Akang moal ngiring. Enjing sareng pageto bade nyumput dugi ka burit.

6Upami kauninga ku raja Rayi teu aya, sebatkeun parantos nyuhunkeun idin ka Akang margi bade enggal-enggal wangsul heula ka Betlehem, kedah ngiring kana kurban kulawargi di ditu.

7Upami saurna, ‘Hade,’ abdi tangtos salamet. Sawangsulna upami raja bendu, Akang uninga yen eta galagat cilaka.

8Abdi nyuhunkeun kasaean Akang tina perkawis ieu, ngemutkeun jangji suci Akang ka abdi. Nanging upami abdi lepat, sae paehan ku Akang nyalira bae! Na nganggo dicandak ka tuang rama heula sagala sareng dipaehan ku anjeunna?"

9Waler Yonatan, "Ah Rayi mah! Upami leres ama bade ngabinasa piraku ku Akang teu diwartosan."

10Saur Daud, "Upami tuang rama bendu, saha anu bade ngawartosan ka abdi?"

11Waler Yonatan, "Hayu urang ka tegal." Bral arangkat.

12Ti dinya saur Yonatan, "Demi PANGERAN, Allahna urang Israil, enjing wayah kieu atawa pageto, Akang rek ngajugjugan manah ama. Upami ieu panuhun Rayi ditampina ku ama bari marahmay, tangtos ku Akang diwartoskeun.

13Tapi upama ama keukeuh bade ngabinasa, ari Akang teu ngawartosan sareng henteu ngabantu Rayi ngalolos, Akang sing nandang siksa PANGERAN! Mugi PANGERAN nyarengan ka Rayi saperti nyarengan ka ama.

14Upama Akang aya kadar hirup keneh, Rayi ulah lali kana ikrar jangji urang, ulah lali ka Akang. Tapi upama Akang nepi ka tiwas,

15Akang titip aceukna sareng barudak, Rayi ulah pegat mikaheman. Kitu deui engke saparantos musuh-musuh Rayi disirnakeun ku PANGERAN,

16Rayi ulah dugi ka megatkeun jangji. Upami dugi ka megatkeun, PANGERAN nu baris ngahukum."

17Ti dinya Yonatan mundut ka Daud ngikrarkeun sakali deui jangjina, ku bawaning asih-asihna ka Daud, lir ka beubeulahan nyawana.

18Geus kitu saurna deui ka Daud, "Ku margi enjing teh Pesta Bulan Anyar, tangtos kauninga yen tempat Rayi kosong.

19Pageto bakal langkung kauninga deui. Jadi Rayi kedah nyumput di tempat anu biasa, tukangeun tumpukan batu.

20Engke Akang rek mesatkeun tilu jamparing ka lebah dinya api-api aya anu diarah.

21Akang rek nitahan budak sina neangan eta jamparing. Upama ceuk Akang ka eta budak, ‘Tuh jamparing teh teu jauh ti maneh, pulung,’ eta isarat yen Rayi salamet, enggal bae bijil. Demi PANGERAN anu jumeneng, Akang nanggel Rayi moal sakara-kara.

22Tapi upama ceuk Akang ka budak, ‘Tuh jamparing teh jauh ka ditu,’ Rayi kedah kabur, eta tandaning Rayi ku PANGERAN dipiwarang nyingkah.

23Mugia jangji urang duaan ku PANGERAN ditetepkeun salalanggengna."

24Ti dinya Daud nyumput di tegal. Isukna dina poe Pesta Bulan Anyar, Raja Saul calik dina riungan seja tuang.

25Calikna dina tempat biasana, sisi tembok, Abner di gedengeunana, Yonatan di payuneunana. Katingalieun tempat Daud kosong.

26Tapi harita mah anjeunna henteu sasauran naon-naon, ceuk panggalihna, "Meureun aya halangan, dirina keur kanajisan."

27Isukna deui, poe kadua Pesta Bulan Anyar, tempat Daud kosong keneh, pok anjeunna mariksa ka Yonatan, "Ku naon Daud teu milu ngariung? Kamari ge henteu!"

28Saur Yonatan, "Parantos wawartos ka putra bade ka Betlehem.

29Sanggemna, ‘Mugi abdi diwidian heula, disusulan ku pun lanceuk, margi di ditu bade aya kurban sakulawargi. Upami Akang leres misobat, mugi abdi diwidian ngalongok heula kulawargi.’ Kitu margina henteu ngiring ngariung di dieu."

30Saul kacida benduna ka Yonatan, saurna, "Anak bangkawarah! Ana kitu mah maneh biluk ka Daud, ngahinakeun maneh, ngerakeun ka indung!

31Na teu nyaho yen sapanjang eta jelema hirup keneh mustahil maneh bisa jadi raja di ieu nagara? Teang, gusur ka dieu rek dipaehan!"

32Wangsul Yonatan, "Ku naon margina kedah dipaehan? Naon dosana?"

33Teu antaparah deui, Yonatan ku Saul dilempag ku tumbak. Kagalih ku Yonatan yen ramana enyaan rek maehan Daud.

34Yonatan ngajengkat tina riungan, sarta sapoe eta, poe kadua Pesta Bulan Anyar, anjeunna henteu tuang naon-naon, jengkel ka rama, mangnalangsakeun ka Daud anu sakitu dihinana ku ramana.

35Poe isukna kencling angkat ka tegal nyandak budak, seja nyumponan jangji nepangan Daud.

36Geus kitu saurna ka budak, "Jung ka ditu lumpat, teangan engke jamparing anu ku kami arek dilepas." Budak teh lumpat, belesat Yonatan mesatkeun jamparing ngaliwatan eta budak.

37Sanggeus budak tea nepi ka tempat ragragna eta jamparing, ku Yonatan digeroan, "Tuh jamparing teh jauh keneh,

38ulah ngajanteng bae di dinya! Pulung ka ditu buru-buru!" Top budak teh mulung jamparing, tuluy nyampeurkeun ka dununganana,

39teu nyahoeun naon-naon. Nu terang kana eta isarat ngan Yonatan jeung Daud.

40Yonatan nyerenkeun pakarangna ka eta budak, sarta budakna dititah balik ka kota.

41Sanggeus eta budak indit, Daud bijil ti tukangeun tumpukan batu, brek sideku, tuluy nyium taneuh tilu kali. Gabrug silih rangkul jeung Yonatan bari silih tangisan. Komo Daud mah nangisna mani antep-antepan.

42Geus kitu saur Yonatan ka anjeunna, "Sing salamet Rayi! Mugia Allah nyarengan. Mugia jangji suci antara urang duaan masing ditetepkeun salalanggengna ku PANGERAN, sing nepi ka turunan urang." Ti dinya bral Daud angkat ngalolos, ari Yonatan mulih deui ka kota.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel