Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 4 >> 

1Mangsa eta urang Pelisti sasadiaan rek merangan Israil. Urang Israil ge geus taki-taki rek mapag perang. Balad Israil masanggrahan di Eben Haeser, ari urang Pelisti di Apek.

2Ger perang campuh, urang Israil eleh, baladna anu kasambut aya opat rebu urang.

3Anu harirup keneh baralik ka pasanggrahan. Ari ceuk para pamingpinna, "Poe ieu urang ku PANGERAN dikersakeun eleh ku urang Pelisti, naon sababna? Coba Peti Perjangjian PANGERAN urang cokot ti Silo, sina aya di urang supaya urang luput ti musuh."

4Tuluy nitahan ka Silo, seug Peti Perjangjian PANGERAN anu jadi tahta PANGERAN Nu Maha Kawasa teh digarotong. Dua putra Eli, Hopni jeung Pinehas ngiringkeun eta Peti Perjangjian.

5Sanggeus eta Peti Perjangjian datang, ger urang Israil sarurak mani ngageder, bumi ge datang ka inggeung.

6Urang Pelisti tingtaranya, "Aya naon di pasanggrahan urang Ibrani, surakna mani ngageder? Naon maksudna?" Sanggeus nyarahoeun yen di pasanggrahan Israil aya Peti Perjangjian PANGERAN,

7seug sarieuneun. Pok ngaromong, "Allahna geus aya di pasanggrahanana! Cilaka urang lamun kieu! Tacan kungsi urang nyorang kajadian kawas kieu!

8Saha nu pikuateun nyalametkeun urang ti eta Allah anu sakitu kawasana? Eta teh Allah anu bareto numpes urang Mesir di gurun keusik tea!

9Eh urang Pelisti! Tong sieun! Sing jaradi lalaki, ulah nepi ka jadi badega urang Israil urut badega-badega urang bareto. Hayu urang maju, sing jaradi lalaki!"

10Ger urang Pelisti narajang. Urang Israil eleh, kalabur ka lemburna. Baladna ruksak, aya tilu puluh rebu urang anu kasambut.

11Peti Perjangjian Allah karampas. Putra Eli, Hopni jeung Pinehas duanana tiwas.

12Aya hiji jelema urang kaom Binyamin, lumpat ti pangperangan ka Silo, poe eta keneh nepi. Bajuna disosoeh jeung sirahna diteundeunan lebu nandakeun prihatin.

13Harita Eli keur calik dina korsi sisi jalan, melong ka jauhna bawaning ku melang kana Peti Perjangjian. Eta jelema terus nyebarkeun beja ka sakuliahna. Jelema-jelema ear careurik, sarieuneun.

14Ngadangu guyur-guyur Eli mariksa, "Aya naon guyur?" Eta jelema nyampeurkeun ka Eli rek bebeja.

15(Harita yuswa Eli geus meh salapan puluh dalapan taun, geus meh teu iasa ningali.)

16Eta jelema unjukan, "Sadinten jeput abdi lumpat ti pangperangan ka dieu." Eli mariksa, "Kumaha Ujang, aya naon?"

17Jawab anu mawa beja, "Israil kabur ti urang Pelisti. Urang kasoran nemen pisan! Jabi ti kitu teh tuang putra Hopni sareng Pinehas tiwas, Peti Perjangjian Allah oge karampas!"

18Ngadangu Peti Perjangjian karampas Eli geubis ngalenggak, tijengkang tina korsina di sisi lawang. Ku sabab geus kacida sepuhna jeung salirana bayuhyuh, barang geubis teh tenggekna potong, kereles pupus. Ari ngurusna ka urang Israil opat puluh taun.

19Mantu Eli, randa Pinehas harita keur ngandung sabroleun. Barang ngadenge yen Peti Perjangjian karampas, turug-turug mertuana pupus jeung carogena tiwas, ujug-ujug purungkut, brol bae ngalahirkeun.

20Barang rek pupus, ditegeran ku awewe-awewe anu nulungan ngalahirkeun, "Sing kiat Juragan, putra teh pameget!" Tapi anjeunna teu nolih, teu ngawaler.

21Ari putrana dijenenganan Ikabod, saurna, "Kamulyaan Allah geus nyingkah ti Israil," lantaran Peti Perjangjian karampas, mertuana pupus, carogena tiwas.

22Jadi saurna, "Kamulyaan Allah geus teu aya di Israil, sabab Peti Perjangjian Allah geus karampas."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel