Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Samuel 9 >> 

1Aya hiji jelema kaom Binyamin, ngaranna Kis bin Abiel incu Seror, kaasup rundayan Bekorat ti bani Apiah, jelema sugih mukti.

2Boga anak lalaki ngaranna Saul, kasep keur meumeujeuhna pisan, awakna jangkung, anu sejen mah ngan semet taktakna, sarta kasepna meakkeun batur.

3Dina hiji poe kalde Kis leungit sababaraha siki. Tuluy nitah diteangan ku Saul, pokna, "Teangan kalde teh. Menta dianteur ka gandek saurang."

4Bral Saul jeung gandek arindit, tuluy ngubek sapagunungan Epraim jeung sawewengkon Salisa, tapi kalde teh teu kapanggih di dinya. Ti dinya disaksrak ka Saalim, tapi di dinya ge teu aya. Sup ka wewengkon Binyamin teu aya keneh.

5Sanggeus aya di wewengkon Sup, Saul nyarita ka gandek, "Urang balik bae bisi ama deudeupeun, asal melang ka kalde jadi melang ka urang."

6Jawab gandek, "Di dieu aya jalmi lepus pada mikaserab ku sadaya, saucap-ucapna nyata. Urang taros manawi iasaeun nuduhkeun kalde anu leungit."

7Ceuk Saul, "Ngadeuheus teh naon bawaeun, bekel geus beak geus euweuh naon-naon, boro-boro keur ngahaturanan."

8Ceuk gandek, "Ieu aya di abdi, artos perak alit. Haturanan ieu bae manawi kersaeun nuduhkeun di mana eta kalde-kalde teh."

9(9:9-11) Ceuk Saul, "Sukur atuh, hayu!" Bral arindit ngajugjug ka pangcalikan abdi Allah tea. Barang keur naranjak ka tempat abdi Allah anu ayana di hiji pasir, paamprok jeung parawan-parawan urang dinya anu rek ngarala cai, seug ditanya, "Ari juru tingal aya di bumina?" (Jaman harita mah nabi teh disebutna juru tingal. Jadi lamun aya anu rek tataros ka Allah, ngomongna teh, "Hayu urang ka juru tingal.")

10(9:9)

11(9:9)

12(9:12-13) Jawabna, "Aya, malah itu tuh di payun keur ka tonggohkeun. Upami diudag tangtos kasusul. Sajolna engke ka lebet kota tangtos enggal kapendak. Nembe sumping dinten ieu, margi di dieu bade ngayakeun kurban dina altar di puncak pasir. Memeh sumping anjeunna mah kurban teu acan kenging ditareda, kedah diberkahan heula ku anjeunna. Enggal, bilih anjeunna kabujeng ka puncak ngersakeun tuang."

13(9:12)

14Saul jeung gandek nuluykeun leumpangna ka jero kota. Barang sup katenjo Samuel keur ka dieukeun seja ngabujeng ka tempat babakti.

15Poe kamarina Samuel ku PANGERAN geus dicariosan kieu,

16"Isukan kira-kira wayah kieu Kami rek ngadatangkeun hiji jelema ka maneh, urang kaom Binyamin. Ku maneh minyakan ku minyak suci, jieun raja sina ngarajaan umat Kami Israil. Eta teh anu bakal ngajait urang Israil ti urang Pelisti. Kami uninga kumaha sangsarana urang Israil, sasambatna menta tulung ku Kami geus kadangu."

17Barang Samuel neuteup ka Saul, PANGERAN nimbalan, "Tah eta jelema anu ceuk Kami tea. Eta anu bakal ngarajaan umat Kami teh."

18Saul nyampeurkeun ka Samuel deukeut lawang kori, pok nanya, "Dupi bumi juru tingal teh palih mana?"

19Waler Samuel, "Ieu Bapa juru tingal teh. Jung ti heula ka tempat babakti. Hidep poe ieu kudu dahar jeung Bapa. Hal kaperluan hidep mah isukan isuk-isuk ku Bapa dijawab. Geus kitu kakara engke ku Bapa dijurung balik.

20Perkara kalde anu leungit geus tilu poe, teu kudu dipake salempang, geus kapanggih. Tapi, saha coba anu kacida dipikahayangna ku urang Israil? Hidep pisan, jeung sabaraya-baraya hidep."

21Wangsul Saul, "Abdi teh ti kaom Binyamin, kaom anu pangalitna di Israil. Kawuwuh-wuwuh di kaom Binyamin oge wargi-wargi abdi mah sadayana sanes jalmi penting. Naon maksad kasauran Bapa bieu perkawis diri abdi?"

22Saul jeung gandekna ku Samuel dicandak ka hiji rohangan lega, didiukkeunana nyanghareupan meja panggirangna, anu geus diriung ku kira-kira tilu puluh urang tamu.

23Samuel ngalahir ka nu popolah, "Daging anu ti kami, anu ceuk kami pangnyimpenkeun tea kadieukeun."

24Seug daging teh ku nu popolah diangkat sapingping, sok diidangkeun ka hareupeun Saul. Geus kitu Samuel ngalahir deui, "Ieu teh bagian meunang Bapa misahkeun keur hidep. Mangga dituang. Ngahaja ku Bapa disimpen keur hidep, supaya dituang ayeuna bareng jeung tamu-tamu ondangan Bapa." Jadi dina poe eta Saul dahar bareng jeung Samuel.

25Sanggeus marudun ti tempat babakti ka kota, Saul dipangnetebahkeun enggon keur mondok di loteng.

26Reup Saul sare. Wanci balebat ku Samuel dihudangkeun, saurna, "Geura hudang, ku Bapa rek dijurung mulang." Sanggeus hudang ku Samuel dijajapkeun.

27Nepi ka wates kota Samuel sasauran ka Saul, "Gandek hidep jurungkeun sina ti heula." Sanggeus gandek tea indit, Samuel sasauran deui, "Cicing heula sakedap, Bapa rek nepikeun timbalan Allah ka hidep."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Samuel 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel