Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 12 >> 

1Basa Daud keur di Siklag nyingkahan Raja Saul, loba pisan anu maturan, prajurit-prajurit anu beunang diandelkeun tur loba pangalamanana,

2jalma-jalma ti golongan Saul, papada ti kaom Binyamin. Kabeh palinter mentang jamparing, palinter ngabandring boh ku leungeun katuhu boh ku leungeun kenca.

3(12:3-7) Pamingpinna Ahieser bin Semaa jeung Yoas bin Semaa, urang Gibea. Prajurit-prajuritna nya eta: Yesiel bin Asmawet, Pelet bin Asmawet. Beraka jeung Yehu, urang Anatot. Yismaya urang Gibon, prajurit kamashur, salah sahiji pamingpin "Si Tilu Puluh". Yermia, Yehasiel, Yohanan jeung Yosabad, urang Gedera. Elusai, Yerimot, Balya, Semarya jeung Sepaca, urang Harip. Elkana, Yisia, Asarel, Yuser jeung Yasobam, ti kaom Korah. Yula bin Yeroham, Sebaja bin Yeroham, urang Gedor.

4(12:3)

5(12:3)

6(12:3)

7(12:3)

8Ieu ngaran-ngaran prajurit mashur ti kaom Gad jeung loba pangalamanana, anu daratang ngahiji ka pasukan Daud basa anjeunna keur aya di hiji gurun keusik anu geus dibenteng. Kabeh arahli molahkeun kepeng jeung tumbak, tur perongna perong singa, sarta rarikat saperti mencek.

9(12:9-13) Ngaran-ngaranna nurutkeun parelean tingkatanana nya eta: Eser, Obaja, Eliab, Mismana, Yermia, Atai, Eliel, Yohanan, Elsabad, Yermia jeung Makbanai.

10(12:9)

11(12:9)

12(12:9)

13(12:9)

14Ti antara eta urang Gad aya anu jadi kapala sarebu prajurit, aya nu jaradi kapala saratus prajurit.

15Dina bulan kahiji dina hiji taun, maranehna mareuntasan Walungan Yordan anu caina keur limpas, narajang ka urang peuntas di lebak-lebak wetaneun jeung kuloneun eta walungan, datang ka anu ditarajangna paburisat.

16Sakali mangsa aya sapasukan urang Binyamin jeung Yuda datang ka benteng anu dicalikan ku Daud.

17Daud nyampeurkeun sarta nyaur kieu, "Upama maraneh ka darieu teh rek ngabaturan jeung rek marantuan, atuh sukur, bagea. Yap urang ngahiji! Sabalikna lamun niat dengki rek ngalejokeun kami ka musuh, najan kami taya maksud ngabinasa ge maraneh mo burung tiwas ku Allah karuhun urang anu maha uninga!"

18Roh Allah tumerap ka Amasai, salah saurang ti eta pasukan anu engkena ngapalaan "Si Tilu Puluh", seug Amasai ngagero, pokna, "Nun Daud putra Isai, kuring sadaya kagungan anjeun! Mugia anjeun katut anu ngabarantu lulus mulus! Allah anu ngaping anjeun!" Eta pasukan ku Daud dibageakeun, seug dijaradikeun opsir baladna.

19Ti kaom Menase ge aya prajurit-prajurit anu mareuntas ka pihak Daud, waktu anjeunna ngiring ka urang Pelisti anu rek ngarurug ka Raja Saul. Tapi Daud mah lain rek mantuan perang ka urang Pelisti, katurug-turug raja-raja Pelisti arembungeun kapiluan, dumeh sarieuneun bisi anjeunna belot ka Saul urut gustina, anu matak Daud mah disina mulih deui ka Siklag.

20Prajurit-prajurit kaom Menase anu bariluk ka Daud, anu daratangna waktu anjeunna keur satengahing mulih ka Siklag, nya eta: Adna, Yosabad, Yediael, Mikael, Yosabad, Elihu, jeung Siletai. Di kaom Menase maranehna masing-masing ngabawah sarebu prajurit.

21Maranehna tuluy ngabdi ka Daud, jaradi opsir pasukan-pasukan anjeunna, kawantu prajurit-prajurit anu kawentar. Ka dieunakeun maranehna jaradi opsir angkatan perang Israil.

22Meh saban poe aya bae jalma-jalma anu daratang milu ka pasukan Daud, atuh balad Daud teh jadi kacida lobana.

23(12:23-37) Waktu Daud geus aya di Hebron, loba pisan prajurit anu arasup ka balad anjeunna, kabeh arasak latih, arek ngabarantuan anjeunna jadi raja ngagentos Saul, sakumaha jangji PANGERAN. Jumlah bilangan baladna: Ti kaom Yuda 6.800 urang anu siap perang, pakarangna kepeng jeung tumbak. Ti kaom Simeon 7.100 urang, geus arasak latih. Ti kaom Lewi 4.600 urang. Ti cangkingan Yoyada turunan Harun 3.700 urang. Ti kulawarga Sadok, nonoman gagah, 22 urang kapala. Ti kaom Binyamin (kaomna Saul) 3.000 urang; kaom Binyamin lolobana mah saratia keneh ka Saul. Ti kaom Epraim 20.800 urang, di kaomna kakoncara. Ti kaom Menase Kulon 18.000 urang beunang meting sina ngabarantu ngarajakeun Daud. Ti kaom Isaskar 200 urang pamingpin katut prajurit cangkinganana masing-masing; ieu para pamingpin paraham ka nu kudu dilampahkeun ku Israil, tur nyaraho kana wanci mustari pikeun ngalampahkeunana. Ti kaom Sebulun 50.000 urang, prajurit-prajurit satia tur beunang diandelkeun, siap perang, palinter molah sarupaning pakarang. Ti kaom Naptali 1.000 urang pamingpin katut 37.000 prajuritna anu pakarangna kepeng jeung tumbak. Ti kaom Dan 28.600 urang anu geus arasak latih. Ti kaom Aser 40.000 urang anu geus siap tempur. Ti kaom-kaom wetaneun Walungan Yordan nya eta kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase Wetan 120.000 urang, geus arasak latih molah sarupaning pakarang.

24(12:23)

25(12:23)

26(12:23)

27(12:23)

28(12:23)

29(12:23)

30(12:23)

31(12:23)

32(12:23)

33(12:23)

34(12:23)

35(12:23)

36(12:23)

37(12:23)

38Eta prajurit-prajurit anu enggeus siap tempur maruru ka Hebron reujeung tekad seja ngarajakeun Daud sina nyangking sakuliah Israil. Malah urang Israil salian ti maranehna oge kabeh geus satujuan.

39Sanggeus araya di Daud, maranehna ngaraso meunang tilu poe, balakecrakan beunang mawakeun batur-batur sanagarana.

40Anu marawakeunana aya anu ti jauhna ti beulah kaler, nya eta ti kaom Isaskar, Sebulun jeung Naptali, mani merul daratang marawa kalde, onta, bigal jeung sapi, ambaringkung ku dahareun, tipung, buah kondang, kismis, anggur jeung minyak jetun, malah marawa sapi jeung domba peunciteun. Eta teh netelakeun yen di sakuliah nagara rahayat keur saruka hate.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel