Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 14 >> 

1Raja Hiram ti nagara Tirus ngintunan balok-balok kai kiputri ka Daud, reujeung tukang-tukang kayu jeung tukang-tukang tembokna, sina mangadegkeun karaton.

2Ku sabab kitu kahartoseun ku Daud yen anjeunna ku PANGERAN geus diteguhkeun jadi raja nyangking Israil, sarta karajaanana ku Mantenna dibeungharkeun pikeun kabagjaan umat-Na.

3Sanggeus calik di Yerusalem Daud tambah deui garwa, tambah deui putra istri pameget.

4Putra-putra anu diwedalkeunana di Yerusalem nya eta: Samua, Sobab, Natan, Suleman,

5Yibhar, Elisua, Elpelet,

6Nogah, Nepeg, Yapia,

7Elisama, Belyada jeung Elipelet.

8Barang urang Pelisti ngadarenge beja yen Daud geus jadi raja nyangking sakuliah nagara Israil, seug mepek balad rek nangkep ka anjeunna. Ti dinya Daud budal jeung balad arek ngayonan.

9Urang Pelisti geus araya di Lebak Repaim jeung geus mimiti rarampog.

10Daud unjukan ka Allah, "Kumaha eta urang Pelisti teh kedah dilawan? Kumaha abdi tiasa unggul?" "Pek perangan!" waler PANGERAN. "Ku Kami rek diselehkeun ka maneh."

11Seug eta urang Pelisti teh ku Daud diperangan di Baal Perasim, dielehkeun. Anjeunna ngalahir kieu, "Allah geus ngersakeun aing bisa ngabedah balad musuh lir upama banjir." Nu matak eta tempat ku anjeunna dingaranan Baal Perasim.

12Waktu urang Pelisti kalabur, brahala-brahalana kataringgaleun, ku Daud dipiwarang diduruk.

13Tapi teu lila urang Pelisti teh murubul deui ka eta lebak jeung geus mimiti raranjah deui.

14Daud unjukan deui ka Allah. Ari waleran Allah, "Narajangna ulah ti beulah dieu, kudu nguriling ka beulah ditu ti tukangeunana, ti lebah gumplukan tangkal baka.

15Lamun geus aya sora pabuis di pucuk-pucuk tangkal baka, maneh kudu gancang narajang, sabab Kami bakal maju ti heula ngelehkeun balad Pelisti."

16Sakumaha timbalan Allah ku Daud ditumutkeun, sarta anjeunna hasil iasa ngusir balad Pelisti ti semet Gibon meh nepi ka Geser.

17Daud jadi kagurnita ka mana-mana, sarta bangsa-bangsa sejen ku PANGERAN disina sarieuneun ku anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel