Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 16 >> 

1Peti Perjangjian diasupkeun ka jero kemah anu disadiakeun ku Daud tea, dipernahkeun. Tuluy ngahaturkeun kurban beuleuman jeung kurban karapihan ka Allah.

2Beres ngahaturkeun kurban-kurban, Daud ngaberkahan jalma rea nyebut pajenengan PANGERAN,

3tuluy ngabagikeun kadaharan, unggal jelema di Israil lalaki awewe dibaragi roti sasiki, daging sakeureut jeung kismis.

4Aya urang Lewi anu ku Daud diangkat purah mingpin ibadah ka PANGERAN Allah Israil hareupeun Peti Perjangjian, purah nyanggakeun lagu jeung pupujian.

5Asap pamingpinna, dibantu ku Jakaria. Ari Yiel, Semiramot, Yehiel, Matica, Eliab, Benaya, Obed Edom, jeung Yiel, purah nabeuh kacapi, Asap purah nabeuh kecrek.

6Ari Imam Benaya jeung Imam Yehasiel dibakukeun niup tarompet hareupeun Peti Perjangjian.

7Asap sabatur-batur papada urang Lewi mimiti poe eta dibakukeun ku Daud purah nyanggakeun lagu-lagu pupujian ka PANGERAN.

8Puji sukur ka PANGERAN, gurnitakeun kaagungana-Na. Caritakeun ka bangsa-bangsa sagala dadamelan Mantenna.

9Sanggakeun puji ka PANGERAN, gurnitakeun mujijat-Na nu araheng.

10Sing saruka, urang jadi umat Mantenna. Sing barungah nu ngarabdi ka Mantenna.

11Deuheusan PANGERAN, sambat pitulung-Na, jeung tong petot-petot ngabakti.

12(16:12-13) Eh anak incu Yakub abdi-abdi Allah, eh anak incu Israil petingan Allah! Ingetkeun sagala mujijat Mantenna, jeung kaadilana-Na ka urang!

13(16:12)

14PANGERAN Allah urang teh parentah-Na keur sajagat buana.

15Pacuan poho kana jangji Allah, jangji nu henteu barobah,

16jangji-Na anu kedal ka Ibrahim, anu diikrarkeun ka Ishak.

17PANGERAN kedal jangji ka Yakub anu salawasna moal barobah.

18"Kami ka maneh rek mere tanah Kanaan, jadi tanah milik maneh," kitu pangandika-Na.

19Harita di Kanaan teh umat Allah can sabaraha tur ngumbara keneh,

20ti nagara itu ka nagara ieu, ti karajaan itu ka karajaan ieu.

21Tapi maranehna ku Allah diraksa, urang dinya dilarang ngaganggu, raja-rajana diancam:

22"Pacuan jail ka umat Kami, pacuan jahat ka nabi-nabi Kami!"

23Puji PANGERAN eh jagat buana! Caritakeun saban poe beja hade: Kami geus salamet ku Mantenna.

24Kamulyaan Mantenna caturkeun ka kabeh bangsa, dadamelan aragung-Na caturkeun ka sarerea.

25PANGERAN kalangkung agung, pujieun kaliwat saking, Mantenna kudu dihormat leuwih ti sakabeh nu dipiallah.

26Bangsa sejen mah allahna teh aallahan, ari PANGERAN mah nu ngadamel langit.

27Mantenna dikubeng ku kamulyaan jeung kaagungan, kakawasaan jeung kasukaan ngeusian tempat linggih-Na.

28Puji PANGERAN, eh manusa saeusi bumi! Puji kamulyaan jeung kadigjayaan Mantenna.

29Agungkeun jenengan PANGERAN nu mulya, sanggakeun pangbakti, datangan Bait-Na. Ana Mantenna ebreh pinton kasucian, geuwat sarujud payuneun PANGERAN.

30Eh jagat, sing gumeter di payuneun Mantenna! Bumi pageuh dina tempatna, hamo bisa dieserkeun.

31Sing saruka eh bumi jeung langit! Gurnitakeun ka bangsa-bangsa: PANGERAN jumeneng Raja.

32Sing gumuruh laut jeung saeusina! Sing saruka tegalan jeung saeusina!

33Tatangkalan di leuweung bakal sarurak, lamun Mantenna geus rawuh rek marentah jagat.

34Kudu nganuhunkeun ka PANGERAN, nuhun ku kasaeana-Na. Asih-Na langgeng sapapanjangna.

35Geura sasambat, "Nun Allah Gusti nu jadi Jurusalamet, rahayukeun abdi sadaya, hijikeun, sareng jait ti bangsa-bangsa, sangkan abdi sadaya maruji sukur, sareng ngamulyakeun pajenengan anu suci."

36Puji PANGERAN, Allah Israil! Puji, ti ayeuna nepi ka salalanggengna! Tutas eta lagu pupujian, jalma rea ngucapkeun, "Amin," sarta ngamulyakeun ka PANGERAN.

37Asap sabatur-batur papada urang Lewi ku Daud ditetepkeun jadi purah ngajalankeun tugas babakti di tempat panyimpenan Peti Perjangjian, anu kudu dilampahkeun unggal-unggal poe,

38dibantu ku Obed Edom bin Yedutun sabatur-batur anu genep puluh dalapan urang tea. Hosa jeung Obed Edom dibakukeun purah jaga lawang-lawang.

39Imam Sadok jeung para imam lianna dibakukeun purah ngajalankeun tugas babakti ka PANGERAN di Gibon.

40Unggal isuk jeung unggal sore kudu nyanggakeun kurban beuleuman dina altar, sakumaha anu dimistikeun dina Hukum anu ku PANGERAN diturunkeun ka Israil.

41Heman jeung Yedutun oge ditugaskeun di dinya jeung babaturanana anu ngahaja dipilih purah nyanggakeun pupujian ka PANGERAN, nganuhunkeun kana kasaeana-Na.

42Heman jeung Yedutun kudu ngatur nu narabeuh tatabeuhan paragi ngiring lagu-lagu pamuji sukur, tarompet, kecrek jeung tatabeuhan lianna. Jalma-jalma kaom Yedutun lianna dibakukeun purah jaraga lawang-lawang.

43Sanggeus kitu kakara jalma-jalma teh baralik. Daud oge mulih nepangan eusi bumina.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel