Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 22 >> 

1Geus kitu Daud sasauran, "Nya di dieu pitempateunana Bait GUSTI Allah teh. Nya di dieu pitempateunana altar paragi urang Israil ngaduruk kurban-kurban teh."

2Raja Daud marentah ngumpulkeun jalma-jalma anu ngumbara di tanah Israil, tuluy digarawekeun. Sawareh disina natah batu-batu pikeun adegan Bait Allah.

3Anjeunna geus sadia beusi pirang-pirang lobana keur nyieun paku jeung engsel pikeun panto kai. Tambaga oge sadia kacida lobana nepi ka moal bisa ditimbang.

4Ka urang Tirus jeung Sidon anjeunna mundut balok-balok kai kiputri kacida lobana.

5Panggalihna, "Bait Allah buatan anak aing teh kudu aheng, kudu matak mashur ka saalam dunya. Anak aing budak keneh jeung can aya kanyahona, jadi ku aing kudu dipangnyadiakeun bahan-bahanna." Nu matak samemeh pupus teh Daud nyayagikeun heula bahan-bahan adegan kacida lobana.

6Suleman putrana disaur, ditimbalan ngadamel gedong pikeun PANGERAN, Allah Israil.

7Kieu saur Daud ka putrana, "Anaking, Ama teh hayang nyieun gedong pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN, Allah Ama.

8Tapi PANGERAN teu masihkeun Ama nyieun eta gedong keur Mantenna, sabab timbalana-Na Ama teh geus loba teuing maehan, sering teuing perang, loba teuing ngocorkeun getih batur.

9Tapi Mantenna jangji ka Ama, timbalana-Na, ‘Maneh bakal boga anak anu bakal jadi raja jeung moal kasorang ku perang, ku Kami rek dikertakeun, moal disina didatangan ku musuh. Ari pingaraneunana Suleman, sabab sapanjang dirajaan ku manehna, Israil ku Kami rek disina aman santosa.

10Nya manehna engke anu bakal nyieun gedong pikeun Kami. Manehna pijadieun putra Kami, Kami pijadieun Ramana. Turunanana pijadieun raja Israil sapapanjangna.’"

11Daud terus keneh sasauranana, "Mugia PANGERAN, Allah hidep, nyarengan ka hidep, Anaking! Mugia Mantenna ngalaksanakeun jangji-Na sangkan hidep bisa ngadegkeun eta gedong pikeun Mantenna.

12Mugia hidep ku PANGERAN Allah hidep dipaparin budi pangarti, wijaksana, supaya bisa ngatur urang Israil luyu jeung Hukum Mantenna.

13Lamun hidep ngalakonan hukum-hukum anu ku PANGERAN ditimbalkeun ka Musa pikeun sakumna bangsa Israil, tangtu hasil sapaneja. Sing teteg gede hate, ulah sieun kitu sieun kieu.

14Hal nyieun Bait Allah, bahanna Ama geus kukumpul, emas aya saratus rebu talenta, perak sajuta talenta, tambaga jeung beusi pirang-pirang, kayu jeung batu geus loba tapi ku hidep tambahan sing leuwih loba.

15Nu baris migawena hidep moal kakurangan jelema, tukang ngalian batu, tukang natah batu, tukang kayu, kitu deui tukang juan-jieun tina

16emas, perak, tambaga jeung beusi. Prung geura pigawe, mugia hidep disarengan ku PANGERAN."

17Daud tuluy nimbalan ka sakabeh pamingpin Israil, dipiwarang ngabantu Suleman.

18Saurna, "Maraneh geus disarengan ku PANGERAN, Allah maraneh, aman santosa sakurilingna. Kami ku Mantenna dikersakeun bisa ngelehkeun bangsa-bangsa pribumi ieu tanah, sarta ayeuna eta teh jadi bawahan maraneh, diereh ku PANGERAN.

19Nu matak maraneh kudu kumawula ka PANGERAN, Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa. Geura prak Bait Allah teh adegkeun. Tempatkeun engke di dinya Peti Perjangjian PANGERAN jeung sagala parabot suci paranti babakti ka Mantenna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel