Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Tawarikh 28 >> 

1Raja Daud nimbalan sangkan sakabeh pamingpin Israil kumpul di Yerusalem. Gancangna para pamingpin kaom, para pajabat anu ngurus gawe karajaan, para pamingpin golongan, para pangurus rajakaya jeung ingon-ingon kagungan raja sapala putra, cindekna para gegeden karaton, para perwira, jeung jalma-jalma anu parenting, geus kumpul di Yerusalem.

2Daud ngadeg, ngadawuh ka aranjeunna, "Dulur-dulur para kanca sanagara, rungukeun! Kami aya pasejaan hayang nyieun gedong anu maneuh pikeun tempat Peti Perjangjian, jojodog sampean PANGERAN Allah urang. Kami geus tarapti sasadiaan rek prak nyieun gedong keur kamulyaan Mantenna,

3tapi ku Mantenna henteu diwidian, lantaran kami tukang perang jeung loba teuing ngocorkeun getih batur.

4Kami saturun-tumurun ku PANGERAN Allah Israil dipilih pikeun ngatur Israil sapapanjangna. Kaom anu ku Mantenna dipilih pikeun jadi pamingpin nya eta kaom Yuda. Ti kaom Yuda, anu kapilih ku Mantenna teh kulawarga bapa kami, sarta ti lebah kulawarga eta nya kami anu ku Mantenna ditujul kudu jadi raja nyangking sakumna bangsa Israil.

5Kami ku PANGERAN dipaparin loba anak. Ti sakabeh anak, Suleman ku Mantenna ditujul kudu jadi raja ngarajaan Israil, karajaan PANGERAN.

6Timbalan PANGERAN ka kami, ‘Nya Suleman, anak maneh, anu bakal nyieun eta gedong pikeun Kami. Suleman ku Kami geus kapilih jadi anak, Kami teh Ramana.

7Upama manehna terus enya-enya nurutna kana sagala hukum jeung parentah-parentah Kami saperti ayeuna, karajaanana ku Kami baris ditetepkeun salalawasna.’

8Ku sabab kitu ayeuna di payuneun Allah urang, jeung dina ieu pajemuhan sakumna bangsa Israil anu jadi umat PANGERAN, kami meredih ka maraneh, rahayat kami, sing balener nya nurut kana sagala timbalan PANGERAN Allah urang, supaya bisa tetep ngamilik ieu tanah anu sakieu hadena, wariskeuneun ka saanak incu salalanggengna."

9Ti dinya anjeunna sasauran ka Suleman, "Anaking, pamenta Ama, hidep masing madep ka Allah panutan bapa hidep, masing cengeng kumureb ka Mantenna dibarengan ku hate. Mantenna maha uninga kana sagala usiking pikiran jeung angen-angen urang. Asal hidep daek sumolondo tan wande ku Mantenna diangken. Sabalikna lamun hidep nukangan, tan wande ku Mantenna ditilar salalawasna.

10Sing nganyahokeun, hidep ku Mantenna geus ditangtukeun kudu nyieun gedong suci, Bait Allah keur Mantenna. Geura prak pigawe sing junun."

11Seug Daud ka Suleman maparin rancangan adegan-adegan anu tumali jeung Bait Allah, gudang-gudangna, rohangan-rohanganana, Kamar Pangsucina paranti ngahampura dosa,

12kitu deui rancangan-rancangan anu aya keneh dina manahna hal palataran-palataran Bait Allah katut kamar-kamar sakurilingna, gudang-gudang panyimpenan paparabotan Bait Allah jeung kamar rajabrana pangbakti ka PANGERAN.

13Lian ti eta Daud nerangkeun aturan papancen para imam jeung urang Lewi hal kawajibanana di Bait Allah jeung ngurus parabot paragi ngabakti;

14nerangkeun sakumaha kudu make perak jeung emas pikeun nyieun paparabotan paranti ngabakti,

15pikeun nyieun lampu-lampu jeung ajug-ajugna,

16pikeun nyieun meja-meja perak, pikeun nyieun tiap meja emas paragi ngambengkeun roti sasajen ka Allah.

17Kitu deui anjeunna mere pituduh, sakumaha kudu make emas murni pikeun nyieun garpuh-garpuh, bokor-bokor jeung kendi-kendi, kudu sakumaha make perak jeung emas pikeun nyieun piring-piring,

18sakumaha kudu make emas murni pikeun nyieun altar paragi meuleum dupa jeung pikeun titihan paranti arca-arca mukarabin anu jangjangna meber ngauban Peti Perjangjian PANGERAN.

19Saur Raja Daud, "Ieu rarancang anu kudu dilaksanakeun teh datangna ka kami ti PANGERAN ku manten."

20Ngalahir deui Raja Daud ka Suleman putrana, "Sing pangger, sing junun. Geura prung pigawe, ulah digontot-gontot. GUSTI Allah anu ku Ama dikaulaan tan wande nyarengan ka hidep. Mantenna hamo nilarkeun, tangtu moal petot nyarengan nepi ka rengse sagala pagawean nyieun tempat pikeun ngabakti di eta Bait Allah kagungana-Na.

21Papancen-papancen pikeun para imam jeung pikeun urang Lewi anu tumali jeung sagala pagawean di Bait Allah ku Ama enggeus diatur. Jalma-jalma patukangan anu kaahlianana rupa-rupa, anu geus saradia singkil ngabantu, kitu deui sakabeh jelema jeung para pamingpinna geura cangking, geura atur ku hidep."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Tawarikh 28 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel