Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 2 >> 

1Pangpangna bapa menta supaya hidep mangnyuhunkeun, mangnedakeun, mangnyambatkeun, jeung mangsukurkeun ka Allah pikeun jalma rea,

2pikeun kapala-kapala nagara, jeung pikeun kapala-kapala pamarentahan. Suhunkeun supaya urang hirup teh ayem jeung tengtrem, ibadah ka Allah, peryoga lampah.

3Paneda kitu hade, sapuk jeung kahoyong Allah Jurusalamet urang,

4anu mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti,

5nya eta: Allah teh hiji, jeung ngan hiji bae jalan anu ngahijikeun manusa jeung Allah, nya eta manusa Kristus Yesus,

6anu geus ngurbankeun anjeun supaya kabeh manusa bisa disalametkeun. Ku jalan kitu, Allah teh dina mangsana geus ngabuktikeun kahoyongna nyalametkeun sakabeh manusa.

7Sarta nya ku karana eta bapa diutus jadi rasul jeung guru pikeun jalma-jalma nu lain Yahudi, nguarkeun kapercayaan jeung kayaktian anu dianut ku anu palercaya ka Kristus. Bapa henteu bohong. Ieu ucapan bapa teh saenyana!

8Di unggal jamaah, lalaki anu ngabaktikeun diri ka Allah kudu neneda namprakkeun leungeun kalawan hate beresih, bebas tina kaambek jeung unek-unek.

9Mun awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi, buuk tong dimodel-model, pakean tong nu mararahal, awak ulah reuceum ku perhiasan emas atawa mutiara.

10Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah.

11Awewe mah kudu lungguh andalemi,

12ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.

13Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.

14Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.

15Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Timotius 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel