Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Timotius 4 >> 

1Roh Suci geus netelakeun yen ka hareup bakal aya jalma-jalma anu naringgalkeun piwuruk Kristus, kaceot ku roh-roh bohong, mengpar kana pangajaran setan,

2anu diliarkeun ku tukang-tukang merdaya, anu batinna ibarat geus tutung ku beusi hurung, geus paeh bebeneranana.

3Ceuk pangajaranana, jalma teu meunang kawin, jeung kudu pantrang kana sawatara rupa kadaharan. Padahal eta kadaharan teh diciptakeun ku Allah sangkan ku urang didahar sanggeus urang muji sukur heula ka Mantenna. Kitu ari nu percaya jeung geus nyaraho kana kayaktian Mantenna mah.

4Saniskara anu diciptakeun ku Allah teh hade, taya nu wajib ditolak, kabeh kudu ditarimakeun dibarengan ku muji sukur.

5Sabab lamun geus diberkahan ku Allah jeung geus disanggakeun dina paneda, eta kadaharan teh jadi sapuk jeung manah Allah.

6Pek hal ieu ku hidep papatahkeun ka dulur-dulur, sangkan nyata hidep teh palayan Yesus Kristus anu hade. Hidep pribadi kudu ngabayuan diri ku sabda hal percaya jeung ku piwuruk hal kayaktian anu geus jadi anutan hidep.

7Dongeng-dongeng tahayul jauhan, da taya paedahna. Latih diri kana lampah ibadah.

8Olah raga aya gunana keur badan, ari latihan batin mah gunana kana sagala perkara, nungtun kana hirup di dunya jeung di aherat.

9Saestuna eta teh! Wajib ditarima jeung dipercaya sagemblengna.

10Urang daek susah payah hese cape dina hal ieu teh lantaran ngandel ka Allah anu jumeneng, Jurusalamet sakumna manusa, pangpangna anu percaya ka Mantenna.

11Heug ieu piwuruk teh ku hidep wurukkeun.

12Hidep ulah pedah ngora tuluy beunang disapirakeun. Dina ucap, dina kalakuan, dina kanyaah, dina kapercayaan, jeung dina kamulusan hirup, hidep kudu jadi tuladan ka sasama saiman.

13Memeh bapa datang engke, pake waktu hidep kana mangmacakeun Kitab Suci ka dulur-dulur, hutbahkeun, wurukkeun.

14Hidep geus dikurniaan Roh Allah waktu diistrenan, ku jalan ditumpangan panangan ku para kokolot, dibere ucapan piwejang nabi-nabi. Eta kurnia teh ulah dilalaworakeun.

15Pake, lampahkeun, abdikeun diri kana hal eta, supaya tembong ku sarerea yen hidep aya kamajuan.

16Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran. Sing rajin ngalakonan eta kabeh sangkan jamuga, boh hidep pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk hidep.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Timotius 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel