Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  1 Yohanes 3 >> 

1Coba lenyepkeun, kumaha asihna Rama ka urang! Kacida mikaasihna teh, nepi ka urang disebat putra-putra-Na, putra-putra Allah. Kaayaan urang kieu teh dunya mah teu nyahoeun, da teu wawuheun ka Allah.

2Tah ayeuna urang teh jadi putra-putra Allah, ngan bae tacan terang engkena kumaha. Kakara terang yen lamun Kristus geus sumping, urang bakal jadi saperti Anjeunna, sabab bakal nenjo Mantenna kumaha nu sajatina.

3Sing saha anu ngaharep kitu ka Kristus, tangtu ngajaga dirina sangkan beresih tina dosa, sakumaha Kristus beresih tina dosa.

4Sing saha anu ngarempak timbalan Allah, eta salah, dosa, sabab dosa teh nya eta ngalawan timbalan Allah.

5Aranjeun geus terang yen Kristus ngajadi jalma teh pikeun nyingkirkeun dosa manusa; geus terang yen Kristus teh suci tina dosa.

6Jadi sing saha anu hirupna ngahiji jeung Kristus ulah nyieun deui dosa, da ari nyieun keneh mah tandaning can nenjo jeung can terang ka Anjeunna.

7Kade anaking, ulah rek kabengbat ku sasaha. Sing saha anu milampah sapangersa Allah, eta teh putra Allah, sakumaha Kristus jadi Putra Allah.

8Sing saha anu milampah keneh dosa eta teh biluk ka Iblis, sabab Iblis mah geus nyieun dosa ti barang mimiti. Tah Putra Allah ngajadi jalma teh ku karana eta, pikeun numpes gagawean Iblis.

9Sing saha anu jadi putra Allah ulah migawe deui dosa, sabab geus kaancikan ku sipat Allah; jeung ku sabab Ramana teh Allah, tangtu moal bisa terus migawe dosa.

10Ari bedana antara putra-putra Allah jeung anak-anak Iblis teh tetela pisan, nya eta: Sing saha anu lampahna teu bener jeung teu nyaah ka dulur, eta lain putra Allah.

11Ti mimiti pisan wawaran hal kayaktian anu ditepikeun ka aranjeun teh kieu amanatna: Kudu silih pikanyaah.

12Urang ulah cara Kain. Kain anak Iblis, geus tega maehan Habil, adina sorangan. Tina sabab naon? Tina sabab kalakuan Kain jahat, kalakuan Habil hade.

13Jadi lamun aranjeun dipikageuleuh ku perbawana watek dunya teh ulah heran, dulur-dulur!

14Urang terang yen urang mah geus pindah tina paeh kana hirup. Terang yen kitu teh lantaran urang mikanyaah ka dulur-dulur. Anu teu boga kanyaahan mah masih keneh dikawasaan ku paeh.

15Sing saha anu ngewa ka dulur, eta teh maehan. Ari jelema anu maehan teh teu kaancikan ku hirup langgeng.

16Urang terang naon ari kanyaahan, lantaran geus aya anu ngabuktikeun, nya eta: Kristus geus ngorbankeun nyawa-Na, pupus nalangan urang. Hirup urang oge kudu dipake ngabelaan dulur-dulur!

17Lamun jelema, jegud-jegud embung nulungan dulur anu eukeur kakurangan, naon buktina pajar nyaah ka Allah teh?

18Anaking, nyaah teh ulah ngan semet biwir jeung ucap wungkul, kudu nyata dina prakna.

19Ku jalan kitu urang terang yen urang aya dina kayaktian ti Allah. Lamun geus terang kitu, urang aya di payuneun Allah teh bisa ngarasa teger.

20Urang osok oge disalahkeun ku budi rasa sorangan, tapi urang terang yen Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang, sarta uninga kana saniskara.

21Jadi, dulur-dulur, lamun tina budi rasa teu aya dakwaan naon-naon mah urang teh tangtu teger di payuneun Allah.

22Naon bae anu ku urang disuhunkeun ka Mantenna bakal dipaparinkeun, lantaran urang nurut kana timbalana-Na jeung milampah anu kamanah ku Mantenna.

23Ari parentah Mantenna nya eta: Urang kudu percaya ka Yesus Kristus Putra-Na, reujeung kudu silih pikanyaah sakumaha anu dipiwarang ku Kristus.

24Sing saha nu nurut kana timbalan-timbalan Allah, hirupna teh satunggal jeung Allah, sarta Allah satunggal jeung dirina. Bisana ngarasa yen Allah satunggal jeung urang teh nya ku karana Roh Mantenna anu geus dikurniakeun ka urang tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  1 Yohanes 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel