Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  2 Korintus 11 >> 

1Sim kuring menta dima’lum, bisi kawas nu rada kurang pikiran. Daraek ngama’lum, lain?

2Sim kuring teh timburuan ka aranjeun, sakumaha Allah oge timburuan ka aranjeun. Aranjeun teh ibarat hiji mojang parawan anu mulus keneh, anu ku sim kuring geus dijangjikeun baris ditikahkeun ka hiji lalaki, nya eta Kristus ku anjeun.

3Sim kuring risi sieun aranjeun kagembang ku nu sejen, henteu satia deui ka Kristus, cara Hawa kagendam ku tipu dayana si oray pelit.

4Sabab aranjeun mani giak narima jelema anu nyaritakeun Yesus sejen, lain Yesus anu diwanohkeun ku sim kuring, narima roh jeung "injil" anu kacida bedana ti Roh Allah jeung Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring!

5Asana sim kuring teh henteu eleh harkat ku eta jelema-jelema luar biasa teh, anu ngaku-ngaku "rasul" aranjeun.

6Ari nyarita mah sugan enya sim kuring kurang bisa, tapi ari kanyaho mah teu kurang-kurang, eta geus mindeng dibuktikeun ka aranjeun dina hal naon bae.

7Sim kuring ngawawarkeun Injil Kasalametan ka aranjeun teu menta bayaran, bari ngalalaip diri pikeun ngangkat harkat aranjeun. Salah kitu ieu teh?

8Ari gawe di aranjeun, ari gajih ti jamaah-jamaah sejen, sasat ngarugikeun maranehna dipake ngawulaan aranjeun.

9Salila jeung aranjeun, sanajan geus teu boga duit sim kuring tara ngurihit. Sagala pangabutuh sim kuring dicukupna ku dulur-dulur ti Makedoni. Ka aranjeun mah bareto tara nyusahkeun, engke-engke ge moal ngarepotkeun.

10Demi pangajaran Kristus anu saestu cecekelan sim kuring, kaagulan sim kuring kieu teh di mana bae di sakuliah Ahaya moal bisa kapupus.

11Sugan sim kuring teu nyaah ka aranjeun, make nyebutkeun kitu? Demi Allah, puguh bae nyaah mah!

12Ieu urusan, ayeuna ku sim kuring rek diteruskeun, supaya nu ngaraku rasul teh ulah bisaeun deui agul-agul jeung akon-akon, pajar maneh mangku gawe cara anu dijalankeun ku sim kuring.

13Paralsu kabeh oge, lain rasul-rasul! Kikituanana teh bohong, nyamur jadi rasulna Kristus anu bener.

14Tapi teu aneh! Iblis oge bisaeun nyamur jadi malaikatna caang.

15Atuh lamun bawahanana nyalalamur jadi abdining kayaktian oge geus teu aneh deui. Engke ge nararima tungtungna, satimpal jeung kalakuanana.

16Sakali deui, ulah disangka sim kuring jelema bodo. Tapi najan keukeuh disangka kitu ge kajeun, asal ditarima bae ku aranjeun bodo-bodo oge, ngarah bisa keneh agul saeutik mah.

17Tangtu bae ieu mah lain ucapan anu dipiwarang ku Gusti. Ngomong hayang bisa agul kitu teh ceuk sim kuring bae, si bodo.

18Anu sok aragul ku sual-sual kadunyaan teh loba, atuh sim kuring oge rek kitu.

19Aranjeun oge anu palinter, geuning mani sakitu galumbirana ngahaminan ka eta anu barodo!

20Buktina dararaek bae dikuah-kieuh, diperes, dipacikeuh, dihina, diciduhan beungeut ku maranehna.

21Era sim kuring mah urang beunang dikitu-kitu teh! Tapi mun batur wani agul-agul ku halna, sim kuring oge wani, ari rek nurutan bodo mah.

22Cenah maranehna urang Ibrani? Sim kuring oge urang Ibrani. Cenah maranehna anak Ibrahim? Sim kuring oge anak Ibrahim.

23Cenah maranehna abdi-abdi Kristus? Sim kuring mah komo, najan siga anu kurang waras oge jadi abdina Kristus teh leuwih bener ti batan maranehna. Leuwih banting tulang, leuwih mindeng dibui, leuwih mindeng dikaniaya, leuwih mindeng nyorang bahla pati.

24Sim kuring mah geus lima kali disiksa dirangketan ku urang Yahudi sakalina tilu puluh salapan teunggeulan;

25geus tilu kali digitik make hoe ku urang Rum; sakali dibenturan ku batu; tilu kali nyorang kalebuh kapal, kekerelepan dina cai sapoe sapeuting.

26Sering ari eukeur nyanyabaan meh-mehan cilaka di jalan, ku caah, ku begal, ku papada urang Yahudi, ku jelema-jelema umat brahala. Bahla pati ngukuntit bae, di kota, di gurun, di tengah laut, kitu deui bahla pati ti babaturan anu paralsu.

27Banting tulang satengah paeh, mindeng teu sare, teu dahar, teu nginum, mindeng ngalenteh, mindeng mucicid da teu boga pakean.

28Teu kudu dicatur hal-hal sejenna mah, turug-turug unggal-unggal poe paciweuh ku urusan jeung melang ka jamaah-jamaah.

29Mun aya dulur anu jadi leutik hate, sim kuring nu ngaleketey, mun aya dulur anu nyieun dosa, sim kuring anu nalangsa.

30Mun kudu agul tea mah agul teh sim kuring mah ku karumasaan, rumasa jadi jelema anu kacida lembekna.

31Lain bohong, saksina ge Allah Ramana Gusti Yesus; puji kasangggakeun ka pajenengana-Na salalanggengna.

32Bareto basa keur di jero kota Damsik, gupernur bawahan Raja Aretas nitah ngepung lawang eta kota, rek nangkep.

33Tapi sim kuring bisa ngejat, aya anu ngulur ti luhur kuta make karanjang, tina hiji liang tembok.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  2 Korintus 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel